Saturday, October 12, 2019

Lamun Keyeng Tangtu Pareng

Lamun Keyeng Tangtu Pareng


Ini adalah hari terakhir berada di KAIST. Dulu tak terpikirkan bisa menginjakkan kaki di sini. Alhamdulillah, rasanya nikmat banget bisa merasakan budaya penelitian di sini, dengan topik yang advanced, alat-alat canggih, dan etos kerja yang tinggi. Banyak hal yang didapat dari kegiatan ini. Hal yang paling signifikan adalah munculnya semangat penelitian yang tinggi dari sebelumnya, semoga cita-citaku menjadi peneliti tercapai.
Photo: Prof. Min-Kyo Seo and Me
Daejeon, 2 Desember 2018
Eta status dina Facebook Reza, anak Mang Wawan meureun kuring mah ka Reza teh alo. Kuring ukur bisa milu reueus. "Hebat pisan eta si Reza nya Bu!" ceuk kuring ka indung budak. Teu hebat kumaha, eta budak lulusan pinunjul jurusan fisika ITB. Kasampak dina wall-FBna geuningan bet aya di Korea, difoto jeung hiji profesor ti Korea. Asa can lila, manehna asup ka ITB kusabab milu program Bidik Misi. Meunang beasiswa ti ITB.
Asa can lila, eta budak keur SMP sok ulin ka imah dibonceng kana motor GL butut nu Bapana. Lamun nyarita, teu weleh bari handap asor. Salam cium tangan bari popoyongkodan. Unggeuk bari cium tangan. Pokona mah paribasa cageur, bageur, singer, pinter kabeh aya dina diri eta budak. Pinter qiroat, jeung kamana-mana tara elat dipeci.
"Teuing turunan ti saha, si Reza mah pinter euy! Teu jiga urang, bapana sakola wae ukur SMA bari di swasta!" Ceuk, Mang Wawan harita.
Pacabakan Mang Wawan, estuning ukur koreh-koreh cok.  Kuli matuh, ukur jadi supir pribadi atawa supir travel Cipaganti anu geus bangkrut tea. Ekonomi anu pas-pasan, morati-marit teh saenyana.  Tapi kaayaan susah teu ngajadikeun anak-anakna pegat harepan. Adina Reza, Firman oge bisa jadi guru di hiji sakola swasta.
Waktu keur sakola di SMP jeung SMA, keur nambah-nambah waragad sakolana. Reza, sok mere les matemaika jeung fisika ka anak-anak tatanggana. Calakan pisan, nerangkeun ka barudak anu milu les ka manehna. Mun geus maca buku, buku naon wae. Can tamat mah, ngadukduk we maca. Lamun ngabahas rumus can kapanggih mah timana eta rumus, hantem dikotektak make tarekah sorangan.
“Urang mah pernah nyeri hate euy, basa Reza keur SMA. Abong ka jelema teu boga Reza pernah diancam ku sakolana teu naek kelas.” Ceuk mang Wawan dina WA bieu. “Naha bet diancam teu naek kelas Mang?” Kuring malik nanya.
“Gara-garana si Reza lolos seleksi olimpiade tingkat Asia di Surya Institut BSD. Kusabab si Reza keukeuh hayang milu eta olimpiade mawa ngaran sakola.  Tapi, sakolana teu bsa ngajamin si Reza bisa naek kelas. Harita kelas 2. Diancam teu naek kelas, sabab di Surya Institut kudu milu karantina salila sabulan!” Ceuk Mang Wawan deui.
“Terus kumaha atuh?” ceuk kuring nyusul tepus.
“Nya si Reza ngarasa kuciwa jeung ngangres pisan. Nyeri hate ku sakolana disapirakeun. Diajarna salila karantina jadi teu konsentrasi,hasilna dina eta Ompiade Tingkat Asia ngan meunang peringkat ka-9 tina saratus pamilon ti sakuliah Indonesiah. Balik ti tempat lomba, sakola embung ngajemput. Kapaksa balik sorangan, make ongkos saayana.  Nepi ka imah nyegruk dina lahunan indungna. Kanyenyerian." Mang Wawan teu kebat, ngusapkeun dampal leungeun katuhuna kana dua panon anu ramisak.
"Isukna dianteur indungna ka sakola. Sapada harita menta pindah sakola.  Untungna SMA Darul Falah di Cihampelas daek narima kalawan dibere bea siswa. Malahan dibere sagala rupana keur kaperluan sakola. Pokona mah gratis sagalan. Teu mayar saperak-perak acan.  Alhamdulilah taun eta keneh ngawakilan SMA Darul Falah,milu Olimpiande Sains tingkat Nasional (OSN). Jadi juara ka-1 sakabupaten. Noron terus juara ka-1 tingkat Provinsi, disambung jadi juara ka-2 tingkat nasional di NTB. Pokona mah,urang reueus pisan euy!” Mang Wawan nyarita panjang lebar.
Lulus ti SMA, daftar ka ITB milu program Bidik Misi. Lulus, tanpa sarat. Samalah, basa di survey imahna. Anu nyurvey, nepi ka gogodeg. Ningali imah Mang Wawan, ukur sacangkewok. Bari jeung masih keneh ngupuk harita mah! Estuning imahna teu dipelur-pelur acan. Di hareupeun imah, ukur aya motor GL butut pamere dunungan Mang Wawan, paranti indit ka tempat gawena. Salila kuliah di ITB, Reza unggal semester pasti meunang sertifikat ngabuktikeun jadi mahasiswa pinunjul.
Piagam jeung sertifikat geus minuhan tembok imah Mang Wawan anu sacangkewok tea ayeuna mah. Kusabab kataji kupinteran eta budak, antukna ku dosen sok dibabawa lamun aya proyek penelitian. Atawa remen kudu ngagantian ngajar dosenna, nguriling ka daerah-daerah boh di Jawa, atau ka luar Jawa.  Malah, sababaraha kali, ditunjuk jadi ngawakilan ka luar negeri, milu seminar, pelatihan atau penelitian jiga di Korea anu disebut di luhur.
Mang Wawan, Bi Ika jeung anakna Reza, jadi kareueus di kulawarga kuring. Lamun keur ngumpul dina poean lebaran. Reza dijadikeun conto. Yen, lamun keyeng tangtu pareng! Nu penting mah usaha, hasil jeung henteuna mah Allah anu nangtukeun! Pangala Bapana anu akur koreh-koreh cok, ukur jadi supir tapi bisa ngadidik anak-anakna kalawan hasil anu nyugemakeun! Cag!
DESS2019

1 comment: