Monday, February 29, 2016

Dokter Anyar

Saurang dokter anyar karak pindah gawe ka NTT.  Manehna teh dokter karak lulus, anu ngahaja datang ka NTT pedah dokter anu geus kolot rek pangsiun. Si Dokter kolot ngajak ka dokter ngora milu nguriling ka desa tempatna praktek engke.  Sakalian ngarah warga kampung eta arapal ka dokter ngora anu rek ngaganti dokter kolot. 
Nepi ka imah nu ka hiji, nyaeta imah hiji nini-nini, "Abdi ngaraos nyeri dina patuangan dok!"
Dokter kolot:"Oh, pasti anjeun seueur teuing tuang buah anu seger! Janten patuangan Ema nyeri! Cobi engke mah kirangan tuang buah segerna. Engke, pasti moal karaos deui!"
 
Duaan dokter kolot jeung dokter ngora, neruskeun ka imah anu ka dua. Satengahing jalan dokter ngora, naros ka dokter kolot. "Naha, Akang tiasa ngadiagnosa eta kasakit nini-nini di bumi nu tadi, padahal Akang teu acan marios kitu kieuna?!", tanya dokter ngora.
Dokter kolot: "Lah, piraanan panyakit kitu. Ayi, tadi ninggali Akang pura-pura ngaragragkeun stetoskop. Tah, wakto akang dongko nyandak stetoskop. Akang, ninggali seueur cangkang cau dina tempat runtahna! Tah, ku seueurna cangkang cau Akang mastikeun naon kasakit si Nini"
Dokter ngora: "Edas, aya ku pinter Akang mah. Cing abdi bade nyobian di bumi anu kadua." 
 
Nepi ka imah anu kadua, sanggeus maranehna ngobrol aya menitna. Barang asup ka jero imah anu kadua, pribumina teh hiji randa keur ngagoler dina dipan di kamerna. Eta randa, bebeja ka dokter  yen awak manehna karasa lungse pisan jiga teu aya tanaga.  Taya tangan pangawasa, majar teh. "Abdi ngaraos enggal cape dina waktos ayeuna-ayeuna!", ceuk Nyi Randa.
Dokter ngora:"Ah, panginten Anjeun seueur teuing padamelan kanggo gereja nya?! Kirangan atuh kagiatan kanggo gerejana. Ulah sering teuing. Engke pasti moal karaos deui kasakitna!"
Geus rada jauh ti imah randa tea. Dokter kolot muji kana kapinteran si dokter ngora. Bari nanya, kumaha carana.
 
Dokter kolot: "Diagnosis Ayi, hebat, ampir leres pisan. Tapi, Akang hoyong terang kumaha carana Ayi neguh eta panyakit Nyi Randa?!"
Dokter ngora: "Haaar, apan abdi nurutan naon anu diajarkeun ku Akang di bumi anu kahiji. Abdi tadi pura-pura ngaragragkeun stetoskop. Pas nonggeng, abdi ninggal pendeta nuju nyumput di handapeun dipan Nyi Randa!"

24 Jam

Hiji pasien golongan LGBT anu geus ampir 3 taun keuna ku AIDS berobat ka dokterna.

Dokter: Kuring boga dua beja. Beja goreng jeung beja nu leuwih goreng. Salira hoyong ngadangu anu mana heula?
Pasien: Mangga Pa Doket, abdi hoyong ngadangu wartos anu awon heula.
Doctor: Beja gorengna mah, patugas laboratorium nelepon yen umur anjeun kari 24 jam deui. 
Pasien: 24 JAM Dokter???!!! Aduuuh ieueueung...!!!  Teras dupi wartos anu langkung awonna naon dok?
Dokter: Sim kuring tos nyobian nelepon anjeun ti kamari subuh bade ngadugikeun wartos anu kahiji!

Ebiet G Ade

Geus puluhan taun ngarumah tangga, aki jeung nini Syihab hayang ngarasakeun deui peutingan panganten jiga katukang. Nya Nini Syihab ngaharewos ka Aki Syihab.
Nini Syihab:  "Aki...cing atuh tarekahan kumaha carana mah. Ngarah anu aki teh bisa badag jeung heuras jiga baheula!"
Aki Syihab:"Ih, ari manehna, kudu kumaha atuh. Da geus kieu kaayaannana.Kahakan ku kalotan. Lain teu hayang jiga baheula. Puguh ngulahek mah lain kahayang kula!"
Nini Syihab:"Enya, apanan Ceuk Nini oge tarekahan kumaha we carana mah. Ngarah urang bisa jiga baheula keur oleng panganten tea!"
Aki Syihab ngahuleng. Ti saprak harita, Aki Syihab huleng jentul. Teu ngeunah dahar. Teu ngeunah sare. Aki Syihab, mindeng ngalamun sorangan. Bari mikir kahayang nini. Hiji mangsa, Aki Syihab teu kahaja ngareret kana tekas. Dina jero tekas ngajengjreng pita kaset, koleksi manehna tahun 80-an.  Teu jiga ayeuna, baheula mah apanan nyetel lagu teh cukup ku pita kaset. Teu acan aya CD atawa flash disk. Keteyep manehna ngadeukeutan koleksi kasetna. Celenun dicokot pita kaset anu geus euweuh gambar coverna. Terus kaset teh, diulak-ilik, dibulak-balik, bari ditakol-takol kana dampal leungeunna.
Serengeh Aki Syihab nyerengeh, "Heu...meunang ilham uing ahirna mah!", ceuk Aki Syihab. Cingirna ngoreh kana pita kaset anu ngabentang di jero wadah kaset. Beunang eta pita nu warna coklat teh. Serengeh, deui Aki Syihab, nyerengeh deui bari jojogedan. Bakat ku atoh.

Peuting-peuting paduduaan jeung si Nini. Aki Syihab,ngaharewos.
Aki Syihab: "Nini, geus meunang akal Aki ayeuna mah. Ngarah Nini bisa ngarasakeun jiga panganten anyar baheula!"
Nini Syihab:"Walaaaah...nu bener, Aki? Syukur atuh...sok kumaha carana?!", ceuk nini meni guligah atoh naker.
Kusiwel Aki Syihab ngaluarkeun pita kaset tea. Pitana terus dicabut, dipurudulkeun tina salah sahiji tungtung pangagulungna. Terus dipegatkeun. Geus kitu eta tungtung nu dipegatkeun teh dibeulitkeun kana bobogaannana. Sanggeus rada lila, ahirna mah bobogaan Aki Syihab teh kabuntel. Jadi badag nager tur jiga heuras. Ningali kitu Nini Syihab atoh pisan.
Teu kacaritakeun kumaha polahna eta Aki jeung Nini Syihab anu jelas mah, jigana maranehna duaan ceuk Raisa mah keur "Terjebak dalam Nostalgia".  Rengse sosonoan. Nini Syihab ngalendean ka Aki bari mesem jiga nu puas naker. Ari Aki Syihab, barang ngarampa kana taeunna. Langsung ngorejat. Bakat ku reuwas.
Aki Syihab:"Nini...alah siah, kumaha ieu???!!!", ceuk Aki bangun nu reuwas pisan.
Nini Syihab:"Kunaon manehna? Aya naooooo???!!!" ceuk Nini sarua papada reuwas.
Aki Syihab:"Ieu pita kaset nu tadi dipake ngabulen teh jigana tingaleun di jero anu Nini!"
Nini Syihab:"Aduuuuh, ieueueueung.... kumaha atuh Aki?!", bari rampang-reumpeung.

Kusabab hariwang pisan, harita keneh Aki jeung Nini Syihab datang ka bidan. Rek ngumaha jeung menta tulung sangkan eta pita dina jero taeun Nini Syihab anu tinggaleun tea bisa dikaluarkeun. Di baturan ku Aki Syihab, Nini nangkarak. Rek dipariksa ku Bidan taeunna.Sanggeus ditinggali ku Bidan, untuk eta pita kaset teh, katinggali tungtung nu hijina deui nonghol aya 10 sentimeteran. Terus ku Bidan eta tungtung pita kaset anu nonghol saeutik teh, dipulut ku leungeun lalaunan. Na atuh, barang dipulut ana haleuang teh kadenge sora Ebiet G. Ade: "Perjalanan ini terasa sangat menyedihkan...Sayang engkau tak duduk, di sampingku kawan...."

Pahebat-hebat Daerah

Di Denpasar Bali diayakeun simposium nasional perihal adat istiadat jeung kamonesan suku daerah nu aya di Indonesia.  Hiji-hiji tiap perwakilan daerah maju ka hareup. Pidato dina podium, ngembarkeun naon-naon anu aya di daerahna tur jadi bukti kaunggulan jeung agul ku eta ciri daerahna.

Pamilon Padang: "Rumah Minangkabau dan Jam Gadang di kota Padang!", corowok urang Padang bari meureupkeun leungeun ka luhur! Ngangkat miniatur  Imah Padang jeung Jam Gadang.  Kabeh nu haladir kaleprok.

Pamilon  Jakarta: " Monas! Moal aya monas tugu hiji-hijina anu make emas 150 kg", cenah bari nembongkeung miniatur Monas diangkat ku leungeunna.  Nu haladir kaleprok deui.

Pamilon Madura:" Sate Madura kuliner khas Madura, karesep anjeun sadayana!", bari nunjuk kana sate madura nu diwadahan dina piring.   Geeerrr, pamilon kaleprok deui.

Pamilon Papua :"Koteka! Makin panjang koteka yang dimiliki. Makin tinggi derajat kami!", ceuk urang Papua. Bari nunjuk kana koteka nu harita di pake ku manehna.  Geeerr... kaleprok deui.

Hiji-hiji wakil daerah anu jadi pamilon eta simposium maju, kabagean giliran maju. Bari kudu nunjukeun miniatur atawa bentuk asli kaunikan daerahna masing-masing. Kabeh meunang keprok anu meriah ti sakabeh pamilon.

Giliran urang Jawa Barat mah, anu kabeneran di wakilan ku Mang Syihab, jep kabeh jarempe. Karak patingkecewis ngaromongkeun. Nganaha-naha, pedah Mang   Syihab mah teu mawa nanaon. Mang Syihab mah kalem we. Sunda mah, kalem we maju kana podium. Terus ngahormat, uluk salam. Bari dodongkoan. Sopan pisan.

Mang Syihab:"Salak Cineam...!", cenah ngajorowok.
Kabeh pamilon, teu aya nu keprok hiji-hiji acan. Kalah marolohok teu ngarti. Naon anehna salak cineam?  Kusabab teu aya nu keprok.
Mang Syihab:"Salak Cineam, anu bisa ngahasilkeun manusa-manusa unggul di Indonesia!", ngajorowok deui. Kabeh pamilon kalah papelong-pelong teu ngalarti keneh. Teu aya nu keprok hiji-hiji acan. Malah patingharewos, naon unikna buah salak? Ruangan sepi jempling. Lir gaang katincak. 

Kusabab anger teu aya nu keprok wae. Pamungkas Mang Syihab ngetrukeun jurus pamungkasna. Manehna turun tina podium. Maju ka tengah panggung. Terus nukangan kabeh pamilon. Porosot, Mang Syihab morosotkeun calanana. Terus ngajorowok, bari nonggeng. "Salak Cineaaaaaaammm!!! Anu bisa ngahasilkeun manusa-manusa unggul Indonesia!!!"

Geeeerrrr...kabeh peserta kabeh surak meni ear!!! Keprok teu eureun-eureun bari patingcakakak!

Geeeeeerrrrrr... kabeh pamilon sarurak ager-ageran. Keprok teu eureun-eureun, bari narangtung kabeh...rumasa eleh kamonesan daerahna ku kamonesa "salak" Mang Yi Syihabudin ti Jawa Barat!

Pajago-jago Nyalahan

Dina konferensi para profesor seluruh dunia nu diayakeun di kota Milan, Italia. Kabeh profesor ngabanggakeun kapinteran jeung kahebatan nagarana masing-masing.
Profesor India:"India mah bisa mah geus bisa ngirim satelit dina orbit nu diitung ti stasiun di bumi".
Audiens anu haladir kabeh kaleprok. Cung salah saurang profesor ti Indonesia ngacungkeun curukna.
Profesor Indonesia: "Naha eta satelit teh ngorbitna pas dina kordinat anu diitung tea?"
Profesor ti India: "ah nya henteu ari pas mah, mung mendekati pisan paling benten sababaraha kilometer!", ceuk profesor India bari era parada.

Profesor Italia: "Italia mah ku pinter-pinterna, bisa nyieun menara Pisa nu miring. Eta miringna menara teh geus diukur kalawan pas kurang leuwih kurang 55,86 meter tina beungeut taneuh, panghandapna 56,70 meter tina beungeut taneuh pangluhurna. Lebarna tembok handapna aya 4,09 meter jeung di puncakna 2,48 meter. Beuratna eta menara Pisa kurang leuwih 14.500 ton!
Geeeerrrr... sora nu kaleprok. Maruji kana kahebatan Italia.
Cung profesor ti Indonesia ngacungkeun leungeun deui.
Profesor ti Indonesia: "Naha leres eta teh pas pisan, etang2an angka anu disebatkeun ku saderek profesor teh?"
Profesor Italia:" Ah, nya henteu atuh, pastina oge aya salisih sababaraha meterlah!", jawab profesor Italia bari beureum beungeut bakat ku era.

Profesor Amerika:"Ku hebat-hebatna Amerika, bisa nembakeun misil tina Drone anu teu aya pilotan di Suriah ka lokasi ISIS kalawan meneran pisan dina koordinat anu ditangtukeun dina komputer di Basis militer di Amerika!"
Geeeerr.... kabeh kaleprok deui! Muji kahebatan Amerika.
Cung profesor ti Indonesia, ngacungkeun deui. Mere pertanyaan anu sarua jiga tadi.
Profesor Indonesia: "Naha bener eta misil teh, bisa pas pisan dina lokasi kordinat anu disebutkeun tadi?"
Profesor Amerika:"Ah, nyaeta henteu atuh. Bisa oge nyalahan 400 meter, .geuningan buktina pernah ninggang pisan di rumah sakit. Padahal jauh ti markas ISIS anu kuduna dibom tea!", ceuk profesor Amerika kaeraan.

Kabeh profesor perwakilan negara, hiji-hiji maju kahareup. Bari anger dikeprokan jeung diparuji. Bari tungtungna kaeraan ku ditanya ku profesor Indonesia tea. Eta kabeh profesor anu geus maraju. kabeh neuteuli ka profesor ti Indonesia anu geus ngerakeun maranehna! Keun siah keun siah kabeh ka profesor ti Indonesia tea.

Giliran profesor ti Indonesia tea maju. Kabeh saruangan, langsung nangtung bari ngajararowok "Huuuuuu!!!". Tapi profesor Indonesia tea, teu gimir teu sing. Ukur seuri leutik. Nepi kana podium. Pok manehna nyarita kieu.
"Yeuh, darengekeun ku ilaing kabeh. Najan, nagara maneh geus ngahebat-hebat nagara ilaing sorangan. Geus ngagul-ngagul kaunggulan elmu pangaweruh jeung teknologi nagara ilaing. Tapi moal aya bisa nandingan kabeh oge kana kahebatan nagara kuring nyaeta Indonesia!".
Jep kabeh, nu patingcorowok teh jarempe. Kabeh, ngarasa ditincak hulu, dihina ku profesor anu sasatna nagara dunia katilu.

Cung, profesor Amerika ngacung, disusul ku Italia, India, Perancis... kusabab loba nu rek nanyana Nya akhirna mah diwakilan ku profesor ti Amerika da pertanyaannana sarua.
Profesor Amerika:"Naon sababna anjeung geus wani-wani nganggap enteng kana elmu pangaweruh jeung teknologi ti nagara-nagara kuring sarerea! Naon kahebatan nagara Indonesia teh?!"
Profesor Indonesia: "Bisi hayang nyaho, ku hebat-hebatna urang Indonesia. Ibu-ibu anu ngalahirkeun bisa tina bujalna!"
Jep...deui ruangan anu rame teh. Jarempe deui. Sepi...kabeuh rareuwas ku jawaban profesor Indonesia jiga kitu.

Cung profesor Amerika salaku wawakil profesor ti nagara-nagara anu ngumpul harita nanya deui.
Profesor Amerika:"Naha Enya eta Ibu-ibu di Indonesia bisa ngalahirkeun persis tina bujal?!"
Profesor Indonesia: "Ah, nya henteu atuh paling nyalahan 20 cm ka handapeun bujal!"

Friday, February 26, 2016

Ningali Jam


Hiji mangsa di hareupeun hotel di Cipanas. Aya turis keur culang-cileung. Teu apaleun jalan jigana mah. Kabeneran didinya aya Mang Udin tukang delman anu keur cingogo menerkeun sapatu kudana. Make bahasa Indonesia sabisana si turis nanya ka Mang udin.
Turis : Pak kalau mau ke Alun-alun Garut, dari sini naik mobil apa?
Mang Udin: Oh...gampil atuh mister. Naik angkot yang coklat saja. Nanti langsung ke Alun-alun.
Turis: Terima kasih Pak. (Bari ningali kana pigeulang leungeunna).
Turis: Kalau boleh tanya lagi. Jam berapa sekarang? Saya lupa tidak bawa jam tangan.
Mang Udin nu keur cingogo, nyingkabkeun buntut kuda.
"Jam Sembilan. Lebih 15 menit Mister!"
Si Turis olohok. Bari ngagerentes jero hatena. "Hebat ieu tukang delman. Ukur ngangkat buntut kuda bisa neguh jam".
Kasorenakeun si Bule nu karak balik jalan-jalan. Papanggih deui jeung Mang Udin anu keur cingogo keneh. Menerkeun sapatu kudana. Kusabab panasaran ku kahebatan Mang Udin. Si Turis nanya jam deui.
"Kalau sekarang jam berapa Pak?", ceuk turis.
Mang Udin ngangkat buntut kuda jiga tadi isuk-isuk. "Jam Enam belas lebih dua puluh!".
Si Turis inget manehna mawa hape. Ditingali jam dina hapena. Nyaan we. Persis jam 16.20!!!
"Bapak sungguh hebat. Hanya dengan angkat ekor kuda. Bisa menentukan jam dengan tepat! Kalau boleh tahu rahasianya. Bagaimana bisa begitu Pak!", ceuk si Mister.
"Ah, jangan lebay Mister! Biasa aja koq. Saya mengangkat ekor kuda karena mau melihat jam dinding besar yang nempel di lobi hotel depan kita itu!", ceuk Mang Udin bari mesem.

Onta jeung Kangkung


Onta te panganeh-anehna sato di dunia. Karak brol ka alam dunya, kulitna geus pareot, bari cameuh jiga aki2 teu huntuan. Geus kitu ongkoh ti lahir keneh di Arab, digedekeun jeung diurus ku urang Arab. Tapi nepi ka kolot malah nepi ka maotna teu bisa ngomong bahasa Arab.
Cing naon bedana onta jeung kangkung?
Jawaban, onta mah di arab, kangkung mah diurab


Ulin ka Tempat Muja Jurig


Taun 1989 harita keur mahasiswa tingkat tilu ngalaksanakeun kuliah lapangan di basisir jeung leuweung Sancang Opat, Pameungpeuk, Garut Kidul. Ngaranna kuliah lapangan jurusan biologi, teu siga kuliah lapangan mahasiswa perhotelan. Pangrereban teh ukur di tempat pangolahan aci kawung di sisi leuweung. Ditilaman ukur make ponco tentara. Leuwih kurang aya 62 urang mahasiswa-mahasiswi harita nu miluan teh.
Dina kuliah lapangan harita, mahasiswa kudu bisa ngalaksanakeun sakabeh teori penelitian lapangan anu kungsi dikuliahkeun. Diantarana nalungtik habitat, populasi, tingkat kepadatan populasi sato jeung tutuwuhan nu aya di darat atawa di basisir laut nu aya di sakuliah tempat nu dijadikeun tempat pananglutikan kuliah lapangan. Kabeh mahasiswa dibagi sababaraha kelompok, nurutkeun lokasi panalungktikan. Sakelompok aya 6-8 urang mahasiswa disebar aya nu kabagian nalungtik flora jeung fauna nu aya di leuweung. Aya oge nu kabagean nalungtik sato jeung tutuwuhan di basisir, dilaksaksanekeunnana dina waktu isuk-isuk nepi ka jam sabelasan. Muru raatna cai laut. Sabab cai laut mulai pasang tengah poe.
Harita leuweung Sancang Opat teh, leuweung geledegan pangjero-jerona, pangsangetna! Loba keneh kacaritakeun nu pernah ngalaman kajadian aheng, teu kudu dicaritakeun didieu. Engke deui we dongeng percenahan ti babaturan anu sarua kuliah lapangan di Sancang opat harita. Urang caritakeun we pangalaman nu kaalaman langsung, jadi lain ukur cenah!
Dina sela-sela panalungtikan kuliah lapangan harita, kuring jeung sababaraha urang nu boga kawani leuwih, dina hiji peuting ngobrol jeung nu jadi kuncen. Bari siduru, ngariung si kuncen leuweung harita mun teu salah ngaranna Pa Udin. Dedegan awakna Pa Udin sedeng kira-kira umur 50 taunan. Kulitna hideung, panonna rancingeus, sorana beurat naker semu ngagerem. Cirining lain jalma samanea. Kasaksian we harita, manehna nginum cai ngagolak tina gelas anu karak cur pisan tina langseng. Teu disuruput, ieu mah dilegik nepi ka ledis. “Pa Udin, eta naha meni dilegik kitu cipanas! Teu panas kitu?”, ceuk kuring ka Pa Udin. Manehna ukur mesem terus ngawaler, “Hehehe...atuh keur naon cai dipanaskeun, digolakeun ari ditiiskeun jeung ditiupan deui mah! Menggeus we ulah dipanaskeun!”
Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, Pa Udin, ngajak ka mahasiswa bisi hayang ningali tempat jelema nu hayang beunghar ku jalan enteng. “Tapi,omat rasiah ieu mah ulah betus ka jalma rea! Mun sanggup jeung boga kawani hayu isukan diajak ka tempatna!”
Kacaritakeun isuk-isuk keneh, Pa Udin geus saged rek ngajak ulin ka tempat unik tea. Ukur aya genepan harita mun teu salah mahasiswa nu sanggup milu ngadon ulin ka tempat, sasatna pusat pamarentahan jurig tea! Bral, mariang leumpang ka tengah leuweung sancang opat. Dina hiji tempat, katingali aya batu sisi guha jiga maung. Di sisi eta guha aya pancuran jeung balong leutik,katingali caina meni ngagenclang herang.
“Tuh, itu teh tempat tapa jeung ngahiangna Prabu Siliwangi, omat ulah sompral. Komo ngadon ngaheureuykeun sempal guyon!”, ceuk Pa Udin mere nyaho.Beuki ka jero, leuweung beuki poek. Tatangkalan beuki rembet. Sakali-kali kudu kokolongkongan, ngolongan akar kipas, nyaeta akar tangkal kai nu umurna geus ratusan taun. Sababaraha kali kulit karasa peurih katoel cucuk tangkal hoe. Beuki jauh ka jero leuweung, beuki rame ku sora sasatoan. Hate para mahasiswa nu milu kana rombongan beuki pating purengked. Beuki deukeut ka lokasi beuki karasa bau hangru, bau hanyir campur jeung bau menyan/dupa katut minyak duyung!
“Omat,ulah nyarita nanaon mun ningali nu araheng. Cukup ku ningali we wungkul, ulah nyawad, ulah melong kalilaan teuing. Saliwat we! Kade ulah diturutan da urang mah jalma iman! Ieu teh kalakuan jelema-jelema nu hayang beunghar ngadadak ngadon muji ka jurig, muja ka setan marakayangan”, ceuk Pa Udin deui mapatahan tur ngingetan. Kuring ngagerentes dina hate, “Naha atuh ari Pa Udin, geus apal ieu musyrik kalah ditunjukeun kumaha cara-carana ka jelma sasar eta!”. Ngan teu pok da Pa Udin jiga nu surti, “Heueuh... apal maranehna jalma sasar. Matakna ulah ditarurutan! Keun urusan Bapa mah urusan pribadi. Ngan omat ulah ditarurutan ku maraneh!!!”
Blus, asup ka “gerbang” akar kipas sagede naon mah, da rombongan oge bisa ngaliwat kalawan tanggah! Jadi bisa dibayangkeun sagede kumaha tangkalna! Hiek, kana irung beuki mebek bau hangru, hanyir jeung bau menyan katut minyak duyung! Dina dahan anu luhur hiji tangkal katinggali aya jelema keur diuk sila, panonna peureum, make “baju” tina boeh teu dikaput. Beungeut jeung awakna katingali kotor, caludih naker, teu wawuh jeung cai jigana mah geus sababaraha poe. Dihareupeun eta jelema aya parukuyan ngelun haseup menyan. Teu wani ngomong, da geus dipapatahan tadi. Dina hiji tangkal nu sejen katinggali deui hiji jelema keur ngagoler miring bari sidakep, panonna peureum deuih sarua make baju tina boeh. Beungeut jeung kulit awakna teu jauh beda jeung nu kahiji tadi, geus lila teu mandi jigana.
Pa Udin, nu dituturkeun ku rombongan blus asup ka hiji guha anu aya dihandapeun hiji tangkal anu umurna pastina geus ratusan taun. Diameter eta tangkal jigana sarua jeung beuteung munding!
Saacan asup ka jero guha, lebah lawang guha Pa Udin nitah eureun heula ka rombongan. Terus manehna, mere isyarat ka hareupeun guha, jiga keur ngomong kanu jaga. Nyarita make bahasa nu teu kaharti ku kuring jeung rombongan. Ngan leungeunna pepeta, saliwatan mah jiga jangjawokan basa sunda kuna, ceuk kuring mah meureun kieu unina: Punten ngiring lebet sakedap, sanes bade nanaon ieu mah. Barudak haroyong terang kumaha jelema-jelema nu keurt tapa di jero guha! Sanggeus Pa Udin nyarita tea, kadenge sora tapi euweuh jirimna. Sarua teu kaharti, sorana semu ngosom campur ngagerem. “Sumuhun,hatur nuhun... sakali deuin punten ngiring ngalangkung sareng nguningaan!”, ceuk Pa Udin sopan pisan, make basa Sunda ayeuna mah. Pa Udin mere isyarat ka rombongan sangkan nuturkeun manehna. Mahasiswa nu milu kabeh oge euweuh nu wani nyoara, simpe we. Da estuning keueung pisan najan pabeubeurang oge. Komo kadengen aya sora tapi euweuh jirimna.
Blus ka jero guha, henteu poek mongkleng mah da cahaya panon poe masih keneh bisa asup narabas ka jero guha. Di jero guha karasa hawa tiis, meni nyelecep kana kulit. Tapi hawa tiis anu asup kana irung mah angger pinuh ku bau jiga tadi di luar, bau hangru, hanyir, bau menyan jeung bau minyak duyung anu leuwih mebek. Taram-taram katingali ku panon sihoreng di jero guha teh, aya kamer-kamer anu dibentuk dina sisi guha anu nyangkedong! Jiga jang ngurebkeun mayit di jero kuburan geuningan, ngan ieu mah dina sisi-sisi guha tempatna teh.
Dina tiap kamer, katingali aya “nungontrak” jelema nu keur tapa hayang beunghar tea. Hiji taneuh nu nyangkedong dieusian ku hiji jelema. Rupa-rupa posina teh, aya nu sila andekak bari sidakep, nu ngagoler bari sidakep, aya oge anu sila tapi leungeunna duana ditapelkeun dina hareupeun irung jiga nu nyembah, aya oge taneuh nyangkedong rada jero jeung cukup keur jelema diuk sila sinutu tunggal! Awak eta jelema nu keur tarapa teh sarua dibarungkus boeh. Tapi, ari ditingali beungeut jeung kulit awakna mah sarua wae jeung anu katingali dina tangkal di luar tadi. Caraludih pisan geus lila tara marandi tea. Unggal ngaliwatan taneuh nyangkedong nu dieusi ku jelema nu keur tapa tea Pa Udin, ngaharewos ka rombongan. “Tuh itu keur ngipri! Nu itu keur ngepet! Nu itu keur muja ka monyet! Nu itu kana tuyul! Nu itu kana maung!”, bari nunjuk ka tempatna hiji-hiji. Harilap deui naon anu disebutan ku Pa Udin teh, da aya istilah-istilahna. Teu petot-petot kuring mah dina hate, maca nadzubillahi min dzalik jeung istigfar! Eta nu keur tarapa teh, aya nu peureum aya nu beunta malah ningali ka rombongan tapi teu cumarita nanaon. Ngan melong wungkul.
Rombongan balik deui ka tempat tadi asup. Samemeh kaluar ti guha. Reg pa Pa Udin ngarandeg hareupeun guha. Terus mere isyarat ku leungeun,pepeta jiga tadi rek asup bari cumarita deui, mun ceuk urang mah, hatur nuhun, bade pamit! Ulah ngaganggu ka barudak ieu da ukur hayang nyaho teu boga niat nanaon! Kadenge deui sora tan katingali jirimna ukur ngagerem handaruan jeung semu ngosom jiga ngageremna sora maung.
" Hmmmm....!!!.
Sanggeus wareg ningalian jelema sasatna sasar tea hayang beunghar ku jalan enteng. Pa Udin eureun sakeudeung di hareupeun guha, terus sakali deui mapagahan, “Omat sakali deui Pa Udin ngingetan. Sakabeh jelema nu dijero itu ulah ditarurutan ku maraneh! Eta jelema salasar, teu nyaho dikaimanan ka Pangeran! Urang mah jelema iman, mun hayang beunghar mah kudu gawe kudu usaha, ulah kujalan enteng bari jeung sasar! Sok bisi aya nu rek nanya ayeuna mah meunang!”, ceuk Pa Udin.
“Pa Udin, punten dupi eta jalmi-jalmi teh urang mana wae?!”, tanya kuring panasaran.
“Nya timana-mana aya wae, ngan kareaan mah ti Jakarta, Sumatra jeung Kalimantan!”, jawab Pa Udin. “Ari urang Garut mah arang langka teu aya asana mah!”, ceuk Pa Udin deui. Sanggeus kitu mah, Pa Udin ngajak balik deui ka rombongan ka tempat pangrereban salila kuliah lapangan tea.
Sanggeus balik kuliah lapangan jeung ulin ka tempat muja ka jurig tea, kurang leuwih tilu bulan. Kuring sok ngarasa aya nu nutur-nutur bari melongkeun kuring. Komo palebah rek sare mah. Sok aya nu moncorong, ngan tara dipalire. Harita kuring memang mawa oleh-oleh mangrupa hiji kai anu mangrupa iteuk. Panyepengannana eta kai jiga aki2 keur dongko. Duka tangkal naon, terus disimpen di kamer. Batur ngaronda ngagentenan Bapa kuring. Tapi kusabab sok ngarasa aya nunutur jeung karasa aya nunalingakeun tea. Eta iteuk di piceun, les weh ti harita tara aya nu moncorong atawa nu nutur deui!
Tah, kitu lalampahan kuring harita. Percaya teu percaya lamun di sabudeureun urang aya oray kajajaden, babi kajajaden, monyet kajajaden, mawa tuyul ka pasar jrrd. Da kasaksian harita memang aya jelema nu karitu teh ngajual nyawa ka jurig nyiliwuri, ka setan marakayangan. Mun kaalaman leungit duit teu pupuguh, nya tafakuran we kumaha harta urang teh geus beresih atawa acan zakatna? Jeung kade keur maca ieu dongeng, mun bulu punduk ngadadak cing sariak, hawa jadi nyelecep tiis, di tungkangeun jiga aya nu molotot, buukna rerewigan tapi taya beungeutan cirining eta mun keur solat sok aringet keneh kana hutang, konci leungit, hayang balik ka lembur da keur bubuara!


Ahli Ibadah.


Basa bulan Desember meuli dodol kacang ti toko dodol langganan, tapi anehna eta dodol geus dua bulan teu buruk atawa tengik padahal teu disimpen dina kulkas.
Raisa: Pap, naha dodol kacang teh to ampir 2 sasih teu buruk-buruk nya?!
Kuring: Keun wae atuh Mam, justru sae.
Raisa: Ih, sae kumaha. Justru abdi mah curiga eta dodol kacang nganggo formalin atanapi pengawet.
Kuring: Ih, ulah suudzon. Awet teh henteu kedah diformalin wae. Boa eta dodol kacang teh, ahli ibadah nuju hirupna.
Raisa: ???

Monday, February 22, 2016

Berharap Hirup Udara Cihurip

 21 Februari 2016, Pukul 06.30 akhirnya berangkat juga dibarengi si Heisty dengan perbekalan seadanya di dalam tas pannier; jas hujan, sebutir buah peer, air minum, permen fox 6 biji. Karena lutut, terasa kurang nyaman kayuhan sepeda dibuat sepelan mungkin dengan gigi gear yang paling ringan walaupun jalan relatif datar. Jarak 13 km menuju Kecamatan Bayongbong persis keong, biasanya ditempuh hanya 30 menitan. Malah ditempuh sampai lebih kurang 50 menit. 
Janji gowes ke Cihurip bertiga Wa Muksin dan Mang Yudi sangat mendadak. Untung tidak ada agenda gowes. 
Tiba di Bayongbong, Wa Muksin dan Mang Yudi sudah menunggu di depan sebuah toko alat-alat outdoor.  Langsung perjalanan di lanjut. Jam menunjukkan pukul 07.30.
Wa Muksin yang lebaran pertama kalinya memakai sepatu cleat sudah diwanti-wanti. Hati-hati karena saya sampai terjatuh sampai 7 kali pada awal-awal memakai cleat.

Melewati Kecamatan Cisurupan di sebuah mesjid berhenti sebentar untuk buang air kecil. Sambil menarik nafas. Gowesan kaki dibuat seringan mungkin menghemat tenaga mengingat perjalanan ke Cihurip membutuhkan energi yang lumayan. Maklum kontur dan medannya yang bisa dibilang “sangar” tanjakannya.  Tiba di Cikajang pukul 09.50 WIB tanpa istirahat, langsung menuju ke Batu Tumpang. Sedikit tersendat di pasar Cikajang. Karena banyaknya kendaraan yang parkir di kedua sisi depan pasar Cikajang yang lumayan rame. Pedagang, becak, sepeda, dan bejibunnya motor menambah kemacetan di sana.
Sekitar 2 km dari pertigaan jalan menuju Singajaya/Cibalong, saya yang berada persis di belakang Wa Muksin dibuat kalang kabut. Karena tiba-tiba Wa Muksin keliatan limbung. Saat shifting sepertinya kurang mulus, akhirnya rantai keluar dari jalur crank. Nyangkut. Sementara kakinya belum terbiasa refleks. Untunglah masih kontrol. Saya ambil kanan dan tancap pedal secepat mungkin menyusul  Wa Muksin. Dan...bruk! Bener aja beliau “jatuh bego” sambil tertawa. “Satu kali Wa!, tinggal 6 kali lagi!!!”, teriak saya. Sambil ngakak! Mang Yudi, yang berada di belakang Wa Muksin juga ikut ngakak!


Tiba di Batu Tumpang pukul 10.40 rehat di warung nasi langganan. Udara yang mendung, di ketinggian daerah Batu Tumpang menambah perut minta diisi. Tapi kita tahan, karena ada harapan akan makan nasi liwet di Cihurip nanti.  Jadi cukup pesan susu coklat, dan makan lontong, tahu, gehu, bala dan kawan-kawannya. Cukup mengenyangkan.  Sepuluh menit kemudian dilanjutkan gowes tinggal menikmati jalan turunan. Praktis hampir bisa dibilang dari Batu Tumpang menuju pertigaan Ciparay sejauh 15 km jalan menurun tapi berkelok-kelok jadi kudu super hati-hati.  Langit pun mulai menangis, hujan gerimis.  Kabut menyapa kami diselingi desiran angin yang dingin.  Baru kurang lebih 5 km, kami dipaksa harus berhenti karena hujan mulai deras.
Wa Muksin yang ngebut dengan KHS-nya saya teriakin, “Wa, hujan... berteduh dulu di warung!”.

Wa Muksin tersalip, saat mendekati warung. Baru saja si Heisty akan diparkir. Tiba-tiba Wa Muksin, berteriak-teriak panik! “Eh, Eh, Eh.....!!!” dan terdengar “Bruk” untuk kedua kalinya terjatuh. Saya dan Mang Yudi kembali ngakak, diikuti gelak tawa dua orang tukang ojeg yang juga ikut berteduh. Yang akhirnya ikut membantu Wa Muksin yang tertindih si KHS. “Lupa euy... cleatnya gak dibuka dulu!”, kata Wa Muksin. 
“Dua kali wa! Berarti masih lima kali lagi!”, ujar saya sambil ngikik dan ngangkat jari tangan!


Setelah memakai wind shielder/jas hujan, perjalanan dilanjutkan kembali menikmati turunan. Tidak sampai setengah jam jarak 15 km sudah habis dilalap. Nyampe di pertigaan Cihurip, narsis sebentar untuk barang bukti(barbuk).  Jantung sempat berdegup kencang, karena adrenalin seperti mengalir dengan cepat. Betapa tidak saat mengambil foto, di seberah lembah tampak motor jauuuuuuhhhh.... berada di atas, kemudian menghilan. Muncul kembali sudah dibawah! Berarti? Turunan dan tanjakan super curam!!!
Benar saja tidak sampai satu menit dari pertigaan, jalanan langsung turun curam. Berakhir di sebuah jembatan yang melintasi sebuah sungai yang cukup lebar dan dalam. Airnya tampak bening walaupun deras.  Tak kuasa menolak keindahan alam yang masih perawan. Kami pun kembali foto-foto di atas jembatan bahkan Wa Muksin dan Mang Yudi turun ke sungai untuk mengambil beberapa foto.


Sepeda kembali dikayuh, langsung dihajar tanjakan jahanam. Gak ada datarnya, naik curam dan berkelok-kelok. Untuk sedikit terbantu oleh permukaan jalan yang sudah full hotmix. Kalau makadam mah mending “jualan es” alias TTB ajalah, mana si Heisty mah bannya kecil. Sempat beberapa kali terlontar pertanyaan, masih jauh Wa? Tanya saya ke Wa Muksin. Ya, lumayanlah udah deket.  Kirain deket teh, ke Kecamatan Cihurip. Ternyata, deket sampai “punuk” bukit. Selanjutnya turunan curaaaammm....Terus turun gak ada datar atau tanjakan lagi. Kantor Kecamatan sudah terlewati, alun-alun Cihurip, SD, SMP, SMA, Puskesmas terlewati. Tapi gak nyampe juga. “Tanggung, mending kita ke air terjun Cibadak dulu!”, jawab Wa Muksin yang diprotes oleh Mang Yudi. Ternyata informasi yang diberika Wa Muksin bahwa jalan ke air terjun Cibadak adalah hotmix, dan kita bisa memakai ban kecil. Cumah PHP (Pemberian Harapan Palsu) belaka. Ternyata jalan hotmix hanya sampai kota kecamatan. Selebihnya jalan ke air terjun adalah makadam jahanam. Wa Muksin yang memakai ban besar mah ngaciiiirrr. Bahkan, beberapa kali berhenti untuk menunggu saya dan Mang Yudi yang terpaksa TTB sambil geleng-geleng kepala. Karena batuan di jalanan yang jauh dari harapan. Bahkan beberapa kali masuk lumpur!



Alhamdulillah, setelah TTB dan sesekali gowes. Dengan dipandu oleh dua orang anak yang diperkirakan baru kelas 4 SD memakai sepeda motor. Kita akhirnya tiba di air terjun Cibadak.
“Hihaaaaaa!!!!”, saya berteriak saya melihat air terjun yang sangat tinggi lebih kurang 100 meteran. Putihnya air yang mengalir deras dari puncak bukit, jatuh ke bawah membentuk  4 anak air terjun yang besar pula. Walaupun tidak tinggi tapi sangat indah untuk dipandang.  Rumput dan tanaman perdu menghijau ranau disekitar area air terjun. Setelah narsis dan mengambil foto yang tidak ada puasnya. Kami pun melakukan sholat Dhuhur.

Saat berfoto ria, beberapa kali melontarkan teriakan “ngeri” bagaimana kita nanti kembali ke atas? Namun, dengan kesabaran walaupun kembali harus TTB dengan perut yang sudah terasa lapar sampai ke ubun-ubun! Dihajar tanjakn yang gak ada putusnya dengan makadam dan batu bahkan lumpur. Fisik kami benar-benar habis. Bahkan, Mang Yudi di sebuah warung kecil. Terpaksa membeli air kemasan. Setelah lebih kurang satu jam, perjalanan akhirnya berakhir di kantor kecamatan. Langsung disuguhi makan siang menuju magrib dengan menu ayam goreng kampung dadakan, sambal, sayur rebung, dan lalab daun singkong plus nasi hangat! Alhamdulillah,nikmat bangeeet sampai nambah 2 kali nasi. Bahkan, daging ayam yang sepertinya 2 ekor, dimamahbiak, sampai habis, dan tersisa hanya sepotong leher!
Jam 17.30 kami masih tertahan di Kantor Kecamatan Cihurip. Diputuskan untuk diloading mencari pickup borongan milik warga setempat. Tapi tidak ada, akhirnya mau tidak perjalanan dilanjut. Dengan penerangan seadanya, tapi cukup membantu menikmati tanjakan. Yang super curam. Ibaratnya datang seperti di surga karena turunan, pulang seperti neraka karena tanjakan.  Tapi, karena gelap tanjakan tidak terlalu terasa. Jam 20 lebih sudah bisa tiba di Batu Tumpang kembali. Teman-teman beberapa kali menelepon dan sms menanyakan posisi. Bahkan, mereka siap untuk menjemput. Tapi karena, posisi sudah relatif aman dari Batu Tumpang mah. Kami bertiga menolak.  Untunglah hujan hanya gerimis, karena jalanan relatif turun. Jam 21.30an tiba di rumah.
What a great day, and a long day indeed! Hampir 120 km pulang pergi.




Tuesday, February 16, 2016

Pembalut

Suatu hari di di dalam kelas saat membahas Bab Reproduksi.

Murid: "Pak kenapa wanita saat datang bulan harus memakai 'soft**t' ?"

Saya: "Karena kalau memakai bantal/guling kegedean! Gak akan nyaman dan tidak praktis. Yang jelas kalo make bantal jalannya jadi egang (singkang)".

Resep ka Raisa


Kamari keur alistirahat. Kuring jiga biasa milu ngobrol jeung barudak. Geus teu arasa-asa deui ari ngarobrol teh. Kadang sok wani jail ka kuring, da maranehna warareg ku kuring dijailan. Keur ngobrol bari sempal guyon, dibarengan jeung sulap sakali-kali atawa ngadongeng naon wae nu matak teu lieur kana otak. Hiji murid awewe nanya ka kuring.
Murid : "Pak Bapa resep ka Raisa nya?"
.
Kuring: "Ih, naha bet apal?"
Murid: "Apan, abdi sok macaan status FB Bapa!"
Kuring: "Oooh, pantesan atuh. Enya, Bapa mah resep ka Raisa teh!"
Murid: "Sami atuh Pa, sareng abdi!"
Kuring: "Ih, ari ilaing rek sami kumaha. Raisa mah geulis, irungna mancung, bodas kulitna, jaba pinter. Apan maneh mah teu geulis teu sing, hideung, pesek, jaba kesed pisan otakna kana pelajaran teh!"
Murid nu ngarumpul kabeh pating cakakak! Bari pating corowok, bari nunjuk kanu nanya: "Bwahahaha...Si Bapa mah teu nyambung!"



Saturday, February 13, 2016

Beakeun Pulsa


Cikeneh rek nelepon babaturan di Ciamis, hanjakal pulsana beak. Da jelas kadenge suara operator provider ngabejaan. Sora awewe meni ngagenclang sorana teh. Ngan duka keur lieur, atawa duka keur aya masalah jeung salakina eta operator teh. Da ngabejaanna teh kieu:
"Maaf pulsa Anda tidak mencukupi, Anda tidak bisa memanggil wanita panggilan. Segera isi ulang pulsa Anda. Terima kasih!"

Friday, February 12, 2016

Nu Ngekeak Dikekeak

1988
Ti SMA keneh kuring resep macaan buku bahasa Inggris, boh novel, boh textbook atawa ilmiah populer. Henteu ari mahir mah ngan bisa we, ngarti kana naon anu dibaca. Eta ge bari mamawa kamus, atawa kertas sacewir jeung pulpen keur nuliskeun kosa kata anu can ka harti anu kudu diteangan dina kamus.
Ari nginjeum buku bahasa Inggris teh, sok nginjeum ka perpustakaan British Council anu aya di Jalan Lembong/Braga. Di British Council mah lengkap pisan bukuna, jeung rapih pisan katalogna. Jadi lamun urang neangan buku judulna naon, geus teu kudu hese deui.
Hiji poe, dina senggang waktu kuliah kuring balik ti British Council, sanggeus mulangkeun buku nu diinjeum jeung nginjeum buku nu dibutuhkeun jang mata kuliah Evolusi. Masih inget nepi ka ayeuna, judul bukuna teh The Descendant of Man, nu nulisna Michael Danton. Sup, buku anu kandelna aya kana 5 sentimeteran teh diasupkeun kana jero tas butut sesa perang dunia kadua nu aya tandatangan Eishenhower-1942 tea.
Megat mobil Margahayuan, nu warnana biru. Di jero angkotan teh kasampak aya 4 mahasiswi garinding naker. Opatan pahareup-hareup dua-dua. Keur patingkecewis ngarobrol make bahasa Inggris. Gek kurik diuk di salah sahiji bangku, sagigireun nu duaan. Naringali kuring asup, bari lalaki sorangan, buuk gondron, baju kucel, kantong butut, calana jeans soeh, bari sapatu kets ditincak. Kareungeu eta nu mahasiswi nu opat teh ngaromongkeun kuring make bahasa Inggris bari patingcikikik.
Maranehna ngomongkeun yen, karunya ieu pasti mahasiswa IKIP, beda jeung urang2 nya mahasiswa ti ST** anu garaya jeung gareulis deuih. Mahasiswa IKIP mah mariskin, karucel jeung pikarunyaeun jiga mahasiswa ieu!
Nyel, kuring keuheul asa dilecehkeun. Aing memang budak IKIP, terus sia rek naon? Ceuk dina jero hate. Tapi, Alhamdulillah masih keneh dibere kasabaran. Teu lemek, teu nyarek. Teu ngomong, teu sing. Kuring muka kantong rabet tea. Terus ngaluarkeun buku kandel "The Descendan of Man" tea. Ngahaja judulna ditembrakeun heula, ngarah kattaringali eta buku make bahasa Inggris. Jep....saharita eta mahasiswi teh jarempe. Kabeuh beungeutna areuceuy, beureum. Jiga beusi meunang meuleum. Eweuh nu nyarita hiji-hiji acan. Uing asa aya meunang, pura-pura terus maca eta buku. Jigana bakat teu kaampuh era parada geus ngaromongkeun kuring. Kareret ku juru panon, eta mahasiswi ST** teh silih kiceupan. "Kiri! Mang!", ceuk salah saurang. Ngeureunkeun angkot, padahal kampus ST** jauh keneh da harita karak nepi ka pertigaan Cipaganti. 

Lebok siah!!! Ceuk kuring, bari teu nahan piseurieun! Bari, ngusap buuk nu modena ala John Travolta tea.

Tuesday, February 9, 2016

Amalan Hade jeung Amalan Goreng

Kacaritakeun di alam Mahsyar sakabeh amal-amalan manusa ditembongkeun boh nu hade boh nu goreng. Dua manusia si Bonteng jeung Si Cabe keur disanghareupkeun kana hiji amalan masing-masing.
Bonteng: "Ari anjeun teh saha?", tanya si Bonteng nanya ka Amalan manehna anu ngajirim jadi jelema anu nangtung hareupeun manehna. Pangawakannana jangkung leutik, kulitna bodas, rarayna bersih kasep, tur rambutna luwis, lambeyna emut ngagelenyu.
Amalan si Bonteng: "Beu, agan... apan abdi teh sakadang bobos tea, anu harita melepes, kaluar teu dipaksa, kaluar nyalira. Estuning abdi kaluar pinuh kaihlasan pisan", waler Amalan si Bonteng tea meni leuleus liat basana oge, sopan pisan. Si Bonteng atoheun pisan, gancang eta Amalan manehna digabrug.

Si Cabe mah reuwas taya papadana, da kahareupeun manehna aya nu nyampeurkeun. Awakna jangkung badag pinuh ku tato, kulitna hideung lestreng, panonna jamotrot bari bolotot, beungeutna goreng patut pisan alah batan si Karnadi bandar bangkong tea. Beuki deukeut nghaiek bau endog buruk.
Si Cabe:" Ari anjeun saha?", tanya si Cabe
Amalan si Cabe:" Apanan, aing teh bekok nu ku ilaing diheujeun-heujeun dihareupeun pamajikan sia!", ceuk Amalan si Cabe nyentak, bari jebrod nalapung si Cabe sataker kebek nepi ka labuh ngajolopong!!!

#‎pesanmoral Kade upami bobos dipayuneun caroge atanapi istri ulah diheujeun-heujeun ulah dipaksa, bilih kaluar sareng bukurna!



Saturday, February 6, 2016

Hente Kereng Meh Hente Hetet!

1979

Kajadian ieu kaalaman waktu kuring keur kelas 5 SD dina waktu keur ulin di kebon kopi hareupeun imah Ceu Umen. Geus kabiasaan barudak harita, lamun balik sakola teh ngarumpul di buruan Ceu Umen. Najan imahna panggung tapi buruannana lega. Tumaninah jang ucing sumput, ucing jongleng (tajong kaleng), ucing beling, maen gambar, maen sapintrong, perang dar-daran, sepdur, sasalimpatan, oray-orayan, perang anggar jste. Di hareupeun imah Ceu Umen, aya kebon kopi anu loba kacaritakeun, sanget. Loba nu manggihan atawa dipanggihan kunu teu aruni alias jurig. Najan geus arapal eta kebon kopi, sanget. Tapi kusabab buruannana lega, barudak teh areuweuh kasieun. Angger we ari arulin teh ngagarimbung di buruan imah Ceu Umen.
Kacaritakeun hiji poe, keur maraen gambar nu disebut maen deblo. Keur aranteng marasang dina gambar anu jadi bandar.
Na atuh, teu gugur teu angin. Ana peledek teh, bau hitut. Bauna teu kaampeuh, matak utah. Kabeh nu keur ngariung bari diuk dina tepas Ceu Umen, narutupan irung. Bari hantem carumiduh ka luareun tepas, bari silih tunjuk.
"Maneh hitut nya?!!!" ceuk si Jaja.
"Demi Allah, teu sing uing mah!", ceuk si Jujun anu ditunjuk ku si Jaja.
"Si Dodi meureun hitut bau kieu mah!", ceuk si Jujun ka si Dodi.
"Kehed, teu aing mah. Sumpah!", ceuk si Dodi.
"Boa jurig euy! Hitutna meni bau bangke kieu mah!", ceuk si Endang.
Na atuh, ari jep si Nandang jempe nyalahkeun ka jurig anu majar hitut. Celengkeung teh aya sora teu katingali jirimna, bari sorana jiga nu ngirung jeung kadenge ku kabehan nu aya harita.
"Hente kereng meh hente Hetet! Sempeh oge!!!", cenah!
Harita anu keur ngumpul barang ngadenge sora jiga kitu bari euweuh jirimna. Bubar takawuran! Lalumpatan kalabur ti tepas, poho di sendal anu diteundeun dina golodog imah Ceu Umen.