Monday, February 29, 2016

Ebiet G Ade

Geus puluhan taun ngarumah tangga, aki jeung nini Syihab hayang ngarasakeun deui peutingan panganten jiga katukang. Nya Nini Syihab ngaharewos ka Aki Syihab.
Nini Syihab:  "Aki...cing atuh tarekahan kumaha carana mah. Ngarah anu aki teh bisa badag jeung heuras jiga baheula!"
Aki Syihab:"Ih, ari manehna, kudu kumaha atuh. Da geus kieu kaayaannana.Kahakan ku kalotan. Lain teu hayang jiga baheula. Puguh ngulahek mah lain kahayang kula!"
Nini Syihab:"Enya, apanan Ceuk Nini oge tarekahan kumaha we carana mah. Ngarah urang bisa jiga baheula keur oleng panganten tea!"
Aki Syihab ngahuleng. Ti saprak harita, Aki Syihab huleng jentul. Teu ngeunah dahar. Teu ngeunah sare. Aki Syihab, mindeng ngalamun sorangan. Bari mikir kahayang nini. Hiji mangsa, Aki Syihab teu kahaja ngareret kana tekas. Dina jero tekas ngajengjreng pita kaset, koleksi manehna tahun 80-an.  Teu jiga ayeuna, baheula mah apanan nyetel lagu teh cukup ku pita kaset. Teu acan aya CD atawa flash disk. Keteyep manehna ngadeukeutan koleksi kasetna. Celenun dicokot pita kaset anu geus euweuh gambar coverna. Terus kaset teh, diulak-ilik, dibulak-balik, bari ditakol-takol kana dampal leungeunna.
Serengeh Aki Syihab nyerengeh, "Heu...meunang ilham uing ahirna mah!", ceuk Aki Syihab. Cingirna ngoreh kana pita kaset anu ngabentang di jero wadah kaset. Beunang eta pita nu warna coklat teh. Serengeh, deui Aki Syihab, nyerengeh deui bari jojogedan. Bakat ku atoh.

Peuting-peuting paduduaan jeung si Nini. Aki Syihab,ngaharewos.
Aki Syihab: "Nini, geus meunang akal Aki ayeuna mah. Ngarah Nini bisa ngarasakeun jiga panganten anyar baheula!"
Nini Syihab:"Walaaaah...nu bener, Aki? Syukur atuh...sok kumaha carana?!", ceuk nini meni guligah atoh naker.
Kusiwel Aki Syihab ngaluarkeun pita kaset tea. Pitana terus dicabut, dipurudulkeun tina salah sahiji tungtung pangagulungna. Terus dipegatkeun. Geus kitu eta tungtung nu dipegatkeun teh dibeulitkeun kana bobogaannana. Sanggeus rada lila, ahirna mah bobogaan Aki Syihab teh kabuntel. Jadi badag nager tur jiga heuras. Ningali kitu Nini Syihab atoh pisan.
Teu kacaritakeun kumaha polahna eta Aki jeung Nini Syihab anu jelas mah, jigana maranehna duaan ceuk Raisa mah keur "Terjebak dalam Nostalgia".  Rengse sosonoan. Nini Syihab ngalendean ka Aki bari mesem jiga nu puas naker. Ari Aki Syihab, barang ngarampa kana taeunna. Langsung ngorejat. Bakat ku reuwas.
Aki Syihab:"Nini...alah siah, kumaha ieu???!!!", ceuk Aki bangun nu reuwas pisan.
Nini Syihab:"Kunaon manehna? Aya naooooo???!!!" ceuk Nini sarua papada reuwas.
Aki Syihab:"Ieu pita kaset nu tadi dipake ngabulen teh jigana tingaleun di jero anu Nini!"
Nini Syihab:"Aduuuuh, ieueueueung.... kumaha atuh Aki?!", bari rampang-reumpeung.

Kusabab hariwang pisan, harita keneh Aki jeung Nini Syihab datang ka bidan. Rek ngumaha jeung menta tulung sangkan eta pita dina jero taeun Nini Syihab anu tinggaleun tea bisa dikaluarkeun. Di baturan ku Aki Syihab, Nini nangkarak. Rek dipariksa ku Bidan taeunna.Sanggeus ditinggali ku Bidan, untuk eta pita kaset teh, katinggali tungtung nu hijina deui nonghol aya 10 sentimeteran. Terus ku Bidan eta tungtung pita kaset anu nonghol saeutik teh, dipulut ku leungeun lalaunan. Na atuh, barang dipulut ana haleuang teh kadenge sora Ebiet G. Ade: "Perjalanan ini terasa sangat menyedihkan...Sayang engkau tak duduk, di sampingku kawan...."

No comments:

Post a Comment