Friday, February 12, 2016

Nu Ngekeak Dikekeak

1988
Ti SMA keneh kuring resep macaan buku bahasa Inggris, boh novel, boh textbook atawa ilmiah populer. Henteu ari mahir mah ngan bisa we, ngarti kana naon anu dibaca. Eta ge bari mamawa kamus, atawa kertas sacewir jeung pulpen keur nuliskeun kosa kata anu can ka harti anu kudu diteangan dina kamus.
Ari nginjeum buku bahasa Inggris teh, sok nginjeum ka perpustakaan British Council anu aya di Jalan Lembong/Braga. Di British Council mah lengkap pisan bukuna, jeung rapih pisan katalogna. Jadi lamun urang neangan buku judulna naon, geus teu kudu hese deui.
Hiji poe, dina senggang waktu kuliah kuring balik ti British Council, sanggeus mulangkeun buku nu diinjeum jeung nginjeum buku nu dibutuhkeun jang mata kuliah Evolusi. Masih inget nepi ka ayeuna, judul bukuna teh The Descendant of Man, nu nulisna Michael Danton. Sup, buku anu kandelna aya kana 5 sentimeteran teh diasupkeun kana jero tas butut sesa perang dunia kadua nu aya tandatangan Eishenhower-1942 tea.
Megat mobil Margahayuan, nu warnana biru. Di jero angkotan teh kasampak aya 4 mahasiswi garinding naker. Opatan pahareup-hareup dua-dua. Keur patingkecewis ngarobrol make bahasa Inggris. Gek kurik diuk di salah sahiji bangku, sagigireun nu duaan. Naringali kuring asup, bari lalaki sorangan, buuk gondron, baju kucel, kantong butut, calana jeans soeh, bari sapatu kets ditincak. Kareungeu eta nu mahasiswi nu opat teh ngaromongkeun kuring make bahasa Inggris bari patingcikikik.
Maranehna ngomongkeun yen, karunya ieu pasti mahasiswa IKIP, beda jeung urang2 nya mahasiswa ti ST** anu garaya jeung gareulis deuih. Mahasiswa IKIP mah mariskin, karucel jeung pikarunyaeun jiga mahasiswa ieu!
Nyel, kuring keuheul asa dilecehkeun. Aing memang budak IKIP, terus sia rek naon? Ceuk dina jero hate. Tapi, Alhamdulillah masih keneh dibere kasabaran. Teu lemek, teu nyarek. Teu ngomong, teu sing. Kuring muka kantong rabet tea. Terus ngaluarkeun buku kandel "The Descendan of Man" tea. Ngahaja judulna ditembrakeun heula, ngarah kattaringali eta buku make bahasa Inggris. Jep....saharita eta mahasiswi teh jarempe. Kabeuh beungeutna areuceuy, beureum. Jiga beusi meunang meuleum. Eweuh nu nyarita hiji-hiji acan. Uing asa aya meunang, pura-pura terus maca eta buku. Jigana bakat teu kaampuh era parada geus ngaromongkeun kuring. Kareret ku juru panon, eta mahasiswi ST** teh silih kiceupan. "Kiri! Mang!", ceuk salah saurang. Ngeureunkeun angkot, padahal kampus ST** jauh keneh da harita karak nepi ka pertigaan Cipaganti. 

Lebok siah!!! Ceuk kuring, bari teu nahan piseurieun! Bari, ngusap buuk nu modena ala John Travolta tea.

No comments:

Post a Comment