Thursday, January 21, 2016

Kulit Bedug Buhun Muludan

Saminggu deui kana waktu nu ditangtukeun rek Muludan, duit urunan ti jamaah teu cukup jang meuli daging. Ukur cukup meuli beas, kentang jeung bumbu dapur. Muludan taun ieu mah dipastikeun moal aya dagingan. Dasar Ajengan, legok tapak genteng kadek. Jero elmu, jero pangalamannana. Celengkeung Ajengan naros ka lurah santri:”Sur, ari bedug geus diganti kulitna?”
“Teu acan Kang, da teu acan aya gentosna!”, waler Lurah Santri anu katelah Mang Isyur. Santri  nyarebut ka Ajengan teh nga-Akang-keun.
“Laan we, Sur! Keun wae teu kudu nakol bedug salila can aya gantina mah!”, saur Ajengan ka Mang Isur.
“Muhun, mangga Kang!”, waler Mang Isur, teu talangke muru ka gigireun masjid rek muka kulit bedug. Weweg pisan bedug teh, nempelkeun kulitna dipaseuk sakuriling bungking, dibeusi behelan, ngarah kulitna panteng jeung jadi sorana harus.  Ukay-ukey, henteu we luat-leet kesang beunang oge kulit bedug teh. Bubuhan bedug nahun, kulit bedug geus rabet palebah tengahna.  Bati digenjer unggal asup sholat 5 waktu, jeung dipake ngadulag ari maleman taraweh apanan.
 “Kang, ieu kulit bedug tea bade dikamanakeun?”, ceuk Mang Isur
“Sabaraha taun nya euy, eta kulit ti mimiti diterapkeun kana bedug teh?”, taros Ajengan
“Sami, sareng waktos abdi sumping ka dieu Kang. Janten kirang langkung 8 taunan!”, waler Mang Isur.
“Hehehe.... kaitung awet ningan kulit bedug teh!”, Ajengan ngahehe.
“Sumuhun, Kang nya rabet, nya heuras, nya teuas kabayang liat pisan! Teras bade dikumahakeun ieu kulit bedug teh?”, saur Mang Isur deui.
“Bawa ka tungku!”, saur Ajengan deui. Sanggeus Mang Isur ngaleos ka tungku.
“Manehna kadieu, geus meunang tuh daging jang Muludan teh!”, saur Ajengan nyalukan Ibu Ajengan.
“Mana Apa, kadieu urang godog!”,  saur Istri Ajengan meni haripeut.
“Tuh, di tungku! Teang geura!”, saur Ajengan. Istri Ajengan satengah lumpat, bakat ku atoh muru ka tungku. Ana jol ka tungku  ukur aya Lurah Santri keur nanangkeup kulit bedug anu ledrek, jeung geus rabet tengahna!
Beg, Istri Ajengan meni hareugeueun, geuningan teu aya daging sacewir-cewir acan.
“Apa naha daging teh teu aya? Da Mang Isur mah ukur nanggeuy kulit bedug butut!” saur istri Ajengan, maido ka carogena.
“Hehehe... enya eta we pasak jang Muludan!”, Ajengan ngaheheh, bari nitah ka bojona.
“Ah, sok aya-aya wae Apa mah. Dipasak kumaha??? Apan eta kulit bedug teh tos naun. Saliwatan oge katingali nya liat, nya teuas jaba heuras. Engke rasana kumaha?!” Istri Ajengan rada ngahereng ka Ajengan asa diheureuyan. Nya kesel, tadi asa dibobodo majar aya daging di tungku.
“Ih, sok nyanyahoanan... ulah waka samutut kitu! Keueuman eta kulit bedug teh kana kulak. Keueuman ti ayeuna. Engke sapoe deui isukan rek hajat. Angkat tina kulak! Tingali hasilna bakal jiga kumah geura! Kadituna mah kop mikir nyalira. Percuma jadi istri Ajengan teu bisa masak nu kitu-kitu acan mah!”
Dikitukeun teh, bari jeung satengah dijejeleh ku carogena. Istri Ajengan eleh deet, nurut ahirna mah. Muru ka tungku, nepungan Mang Isur anu ngalengo nyepengan kulit bedug rabet.
“Mang Isur, alungkeun we kana kulak!”, saur Istri Ajengan miwarangan.
“Hah???  Dialungkeun kana kulak Teh?”, ceuk  Mang Isur satengah teu percaya! Tapi teu loba carita. Lung, weh kulit bedug nu titatadi dinangna nengne, ditangkeup teh dialungkeun kana kulak.  Kerelep, kulit bedug teh ngerelep.
Sapoe deui kana Muludan kabeh paciweuh kunu balanja itu ieu, santri katut ibu-ibu panitia Muludan cakah-cikih di dapur. Anu ngisikan beas, anu nyiksik sayuran, anu marud, anu ngelapan daun cau jrrd. Hiji anu keur ngahuleng teh, Istri Ajengan. Baluweng mikiran daging jang hajat isukan can aya wae.  Nya tungtungna mah, ngageroan Mang Isur, lurah santri tea.
“Cing punten panghanjatkeun kulit bedug anu dina kulak tea!”, saur Istri Ajengan ka Mang Isur.
“Mangga Teh!”, teu loba omong. Jrut turun kana kulak. Lumayan jerona eta kulak teh keur pangawakan Mang Isur anu leutik pendek mah. Cangkeng mang Isur laput! Sanggeus disasar ku dampat suku. Karasa ngajedug. Lep, leungeun Mang Isur dilelepkeun kana jero kulak. Sanggeus karampa! Leungeunna dikejetkeun, da geuningan asa geunyal. Beda pisan jeung harita basa dialungkeun. Teu geunyal kumaha, dikeueum dina kulak ampir saminggu. Enya we, barang dihanjatkeun, karasa beurat naker. Mang Isur meni tibeberegeg ngangkat eta kulit bedug buhun anu geus beukah tea. Salian jadi kandel teh aya kana 10 sentian, kulit bedugna jadi ngalebaran!
“Mang Isur, kumbah nepi ka beresih pisan nya! Keureutan ngarah gancang hipu digodogna!”, saur Istri Ajengan  ka Mang Isur.
Brus-brus daging, eh kulit bedug nu meunang ngeureutan baradag teh diasupkeun kana citel (panci katel)badag anu caina geus ngagolak. Seuneu ngagedur, ngabebela, diparaban suluh garing.  Citel  anu geus ampir garing caina, hantem dicaian deui, dicaian deui da keukeuh eta sakadang “daging” teu hipu-hipu.
“Allhamdulillaaaahhh!!! Akhirnyaaaahhh!!! Hipu oge siah ah!”, ceuk Mang Isur semu atoh ka baturna anu sarua ngalelengkur ti isuk ngadon ngagodog “daging”. Ampir 12 jam digodogna kulit bedug buhun teh bisa hipu!   Beretek, Mang Isur bebeja ka Istri Ajengan yen kulit geus hipu.
“Candak  ka dapur we, urang keureutan!”, saur Istri Ajengan ka Mang Isur.
Ku ibu-ibu pangajian nu marasak di dapur kulit teh dikeureutan laleutik, dipasak dibumbu semur. Diitung-itung teh sanggeus dikeureutan laleutik eta kulit jadi 200-an leuwih keureutan laleutik! Cukup jang 200 urangeun!
Kacaritakeun isukna, Alhamdulillah, kabeh jamaah anu marilu muludan. kabagi rata hancengan teu aya nu kaliwat.  Terus balakecrakan murak tumpeng, sareng semur “daging” tina kulit buhun tea. Meni jol ieu, jol ieu nyarita: “Raos pisan semur daging teh meni hipu! Sareng gurih! Tiasaan Teteh mah masakna!”. Ngadenge nu nyararios kitu Ajengan mah ukur nyenghel! 

Salian ti Ajengan, Istri Ajengan, Mang Isur jeung baturna, katut nu masak ngolah semur daging di dapur. Teu aya nu apaleun saurang oge eta anu ditaruang teh saenyana mah kulit bedug buhun!

Wednesday, January 20, 2016

Jajan



Bel istirahat, kaluar ti kelas. Geus kabiasaan istirahat teh di lab komputer. Ngaliwatan koridor, barudak lalaki kelas tilu keur ngaralamun. Teu jiga babaturan nu lainna, jarajan.
Kuring     : "Kunaon kalah ngaralamun? Lain milu jajan kadituh!"
Barudak : "Teu gaduh artos Pa!"
Kuring    : "Beuh...Yeuh, juga jarajan!", ceuk kuring bari ngodok duit 10 rebu perak.
Barudak : "Horeeee!!! Asyiiiikkkk!!! Nuhun Pa!", ceu barudak bari sarurak muru tukang dagang!
Kuring teu jongjon leumpang, bari ngacungkeun jempol ka barudak!
Alhamdulillah, kumaha we cara nyenangkeun budak batur mah! :p

Murid Anyar

Tadi isuk-isuk aya murid anyar di kelas 8D, manehna maju ka hareup. Rek bebeja ka kuring yen manehna murid anyar, ngarah kacatet dina daftar hadir.
Murid Anyar: Pa, mohon maaf saya mohon dicatat saya murid baru
Kuring : Murid baru nya? Naha bet pindah?
Murid Anyar: Disuruh orang tua, Pak!
Kuring : Asalna ti SMP mana?
Murid Anyar: Dari Bogor Pak.
Kuring : Di dieu jeung saha?
Murid Anyar: Dengan Nenek Pak!
Kuring : Nenek saha?
Murid Anyar: Nenek saya Pak!
Kuring : Neneknya geus kolot acan?
Murid Anyar: Sudah atuh Pak, kan udah nenek-nenek!
Kuring : Alus mung geus kolot mah! Parud! loba cipatina geura!
Murid Anyar:??????
Barudak nu geus arapal mah, sakelas pating cikikik....da geus apal kuring tukang heureuy!


Friday, January 15, 2016

Latihan Prajab di Armed (4)

Dihormat  Tentara, Dikerok Kalahka Kerok

Kusabab dipleter fisik jeung mental, asup minggu katilu teu saeutik prajab anu garering. Malah aya nu dirawat di RS. Gering panghampangna teh asup angin. Teu asup angin kumaha, jam 4 kudu geus marandi bari acan sarapan. Terus lari pagi diteruskeun ku senam pagi-pagi.  Lamun aya nu asup angin atawa nyeri awak pasti silih kerok jeung silih pencetan gantian. Aya saurang nu geten pisan teh, mun teu salah mah ngaranna Dani guru olah raga ti Bogor. Ahli pisan cara mencetanna teh make teori , jiga meunang ti tempat kuliah manehna baheula di FPOK  IKIP Bandung. Alantri mun hayang dipencet ku Dani, da der ieu der ieu ngasongkeun awak hayang dirancet. Tapi mun asup angin mah, kuring nu jago ngerok mah make duit kencring saratus perak ataw make sendok logam dibalikeun ngerokna. Alhamdulilla, sakur nu dikerok teh sok sarehat sabihara-sabihari deui isukna. Tara katutuluyan.
Salila prajabatan kuring sosobatan jeung Encu. Pangawakan Encu teu jangkung-jangkung teuing jiga kuring. Awakna najan leutik tapi seseg. Jelemana seurieus, carang takol ari lain kapaksa mah.  Geus kitu polos pisan, ku kapolosannana mindeng jadi korban penderita. Jiga kasus ditato leugeun ku Hilman tea.  Encu batur kuring ulin ari IB (Ijin Bebas) lamun malem Minggu tara balik ka Bekasi da harita mah can aya jalan tol. Jadi ka Bekasi teh estuning lila bisa 4-5 jamna ti Cimahi mah.  Jadi mun IB teh sok milu ka kuring ka Batujajar tempat pendidikan Kopassus tea. Salila latihan prajabatan, kabeh prajab wajib make emblim warna koneng nu ditempelkeun dina dada kenca.
Asalna mah teu nyaraho naon fungsina, dina pipikiran mah ukur tanda weh, yen keur prajab di Armed. Jadi dianggap biasa we, make emblim teh euweuh kaistimewaan nanaon. Harita malem Minggu basa keur IB,  kira-kira jam 7 peuting kuring jeung Encu di Batujajar keur leuleumpangan di hareupeun asrama Kopassus.

Katingali ngalabring para pelajar anu latihan komando jeung latihan para sarua keur IB jigana mah. Kuring jeung Encu ngagebeg reuwas asa pasalingsingan jeung para pelajar para/komando eta. Teu ngagebeg kumaha harita basa paamprok pahareup-hareup jeung kuring duaan, para pelajar anu leumpangna baris  hiji-hiji jiga urang Baduy teh, ujug-ujug areureun terus mere hormat ka kuring duaan. Bari ngajorowok:”Komando!”. Kuring jeung Encu sarua reuwasna, untung teu kabur pangacian. Kalawan PD (percaya diri) kuring jeung Encu males mere hormat bari sarua nyarita “Komando!”, sanggeus dibales hormatna, barisan para pelajar para/komando teh nareruskeun leumpangna. Kitu jeung kitu we, unggal panggih jeung rombongan pelajar para/komando maranehna areureun, sikap sempurna, terus ngahormat ka kuring duaan!

Teu jiga munggaran dihormat, meni reuwas jeung ngadaregdeg males hormat teh.  Anu kadua katilu leumpang teh bari dada dibusungkeun, panon wani molotot sagala ka para pelajar anu katingali moal ngahormat.  Da buktina mun saeutik moloto ka para pelajar nu katingali moal hormat, eta pelajar langsung eureun leumpangna malik ka kuring duaan hormat bari ngajorowok “Komando!”.  Beukah tah irung kuring jeung Encu, asa jadi perwira beneran.  Tah tiharita, Encu mun diajak ulin ka Batujajar teh meni haget pisan, da resep loba nu ngahormat cenah! Kabehdieunakeun, sihoreng lain kuring jeung Encu wae anu dihormat ku pelajar anu keur sarakola tentara teh. Babaturan oge sarua hariweusweus rewas, ngadarongeng sarua dihalormat ku tentara beneran cenah. Karak apal naha bet dihalormat sanggeu dibejaan ku instruktur, yen emblin nu diparake ku prajab teh sarua jeung nu diparake ku perwira tentara nu keur sarakola kaperwiraan da apan golongan IIIA prajab teh sarua jeung pangkat Letnan di katentaraan.

Hiji peuting keur istirahat saacan sare biasa ngagarimbung dina ranjang Hilman. Nunggu hiburan atawa dongeng Wa Kepoh ti kuring.  Ngan Encu harita ngarahuh teu ngareunah awak asa rariged jeung nyareri awak, asa ngagarendok dina punduk cenah. “Asup angin Cu! Kadieu urang kerok!”, ceuk kuring ka manehna. Jadi bari ngobrol teh bari ngerok Encu dina kasur kuring di ranjang luhur.
Kalacat Encu naek kana ranjang kuring bari mawa duit kencring jeung balsem. Gek diuk dina kasur, terus muka kaosna bari nukangan ka kuring rek dikerok tea. Sret-sret, Encu dikerok ku kuring anu anger galecok ngadongeng ka umat prajab anu aya dihandap ngariung. Teu katahan ku ide kreatif nu ngadadak muncul dina uteuk. Leungeun nu nyekelan koin keur ngerok tonggong Encu, bet hayang sakalian ngagambar!  Atuh sreeeet-sreeeet! Tonggong Encu teh jadi kanvas. Encu jigana engeh, yen tonggongna jadi kanvas lukisan jiga harita leungeunna ku Hilman.  Sababaraha kali manehna protes, “Nu bener euy, ngerok teh! Naha bet teu jiga indung kuring ari ngerok!”.
“Cicing weh nu dikerok mah, kumaha nu ngerok. Ieu mah sistem kerokan ala Jepang!”, jawab kuring ka Encu.  Da rumasa keur teu ngareunah awak tea, akhirna mah Encu cicing oge nepi ka beresna. Terus dipencetan dibalur ku balsem. Manehna katingali rada seger. “Heueuh euy, lumayan rada ngeunah awak teh!”, ceuk manehna. “Heueuh, ceuk uing enakeun dikerok make sistem Jepang mah!”, ceuk kuring bari mesem. Ningali kuring mesem,  Encu rada curiga!  Jrut turun tina ranjang kuring.  Terus muka deui kaosna nu tadi geus dipake. “Cing tinggali euy, rada curiga kuring mah ka si Deny. Boa ngerokna teu baleg!”, ceuk Encu bari nembongkeun hasil kerokan kuring kanu keur ngarumpul di handap tea!
Na, atuh barang kabeh nu  ngarumpul ninggali hasil kerokan dina tonggong kuring. Kabeh jiga dikomando, nyakakak babarengan. Bari ngarusey saleuseurian! Malah aya nu nepi ka nyepengan kulit beuteung bari nonggeng jeung cirambayan bakat teu kuat nahan seuri! Encu, bingung! Molotot ka kuring anu sarua cirambayan! Teu kuat kuring seuri meni cangkeul pipi, akhirna nonggeng nyusupkeun hulu kana bantal bari terus seuseurian! Encu beuki bingung jeung curiga, manehna akhirna seuri koneng bari bingung!!! Komo bari nu saleuseurian narunjuk kana tonggongna bari ditarenget-tenget gambarna.
“Ah, teu baleg si Deny mah pasti jail!”, ceuk Encu rungah-ringeuh pansaran, mimiti ngamuk tapi teu bisa kumaha da teu bisa ningali gambar naon nu dilukis dina tonggongna basa dikerok tadi.
“Man,  gambar naon euy?!!!?”, ceuk Encu nanya ka Hilman bari morongos. Hilman kalah, ngahkey cirambayan bari nutupkeun bantal kana beungeut terus nonggeng dina kasurna!
“Sumpah heula Cu, maneh ulah ngambek nya!”, ceuk si Hilman bari diuk, satengah melaan kuring bari anger ngahkey!
“Heueuhlah, moal! Buru sebutkeun gambar naon!”, ceuk Encu.
“Gambar M*m*k!”, ceuk Hilman bari terus ngahkey deui, dituturkeun kupating cakakak jeung ngarahkeyna kabeh bari paropoyongkodan nyarekelan kulit beuteung!
Encu ukur bisa nunjuk ka kuring bari molotot jeung seuri koneng, “Gobloooog, geloooo siah!”

Thursday, January 14, 2016

Prajabatan di Armed (3)

Ditato!

Minggu kadua mimiti arapal kana sifat masing-masing babaturan saasrama. Aya nu jail, nu belikan, nu ngulit bawang, nu sieunan, nu wanian, nu pikaserieun, nu seurieus, nu rajin maca, nu pedit, nu berehan, jrrd. Malah Hilman mah kasohor tukang ngorong. Mun aya waktu luang eta sakadang, cingirna pasti parkir dina liang irungna, ngaliang meni anteng! Tapi kusabab di asrama karasa pisan deukeut asa jeung dulur.  Kamana-mana babarengan, silih eledan, silih elodan, silih hargaan, silih ngelingan mun aya nu acan sarolat. Mun aya babaturan di hukum, kabeh menta dihukum. Satia kawan tidituna mah.
Disiplin pisan di asrama mah, nilepan pakean wae kudu pas sajengkal panjang kali lebarna. Diajarkeun eta oge cara nilepan supaya bisa sajengkal. Cara nyusun baju, cara ngarapihkeun sepre. Malah sepre mah teu meunang kusut saeutik oge. Kudu panteng jeung rapih pisan. Kitu deui nilepan simbut paranti sare, anu garis-garis hideung bodas tea, kudu rapih. Unggal isuk saacan upacara, kepala Asrama mariksa tiap ranjang, sepre, lomari, pakean. Ngetes sepre kenceng henteuna, make pulpen. Lamun pulpen nu diragragkeun ka luhur sepre ngacleng, berarti panteng tur alus. Anu bogana kudu nangtung nungguan dawuh. Lamun rapi teu aya cawadeun, teu dikukumaha. Tapi, lamun sepre, atawa bantal ngariut weh saeutik. Nu bogana langsung di-push up!
Sanggeus upacara, jeung latihan PBB para prajab asup ka ruangan kuliah. Ngadengekeung jeung ngaregepkeun ceramah ti Widya Iswara (penceramah) ngeunaan Bela Negara, P4 (Pedoman Penghayatan dan Pengamalan Pancasila), GBHN, UUD '45 jeung Administrasi Negara. Geus jadi kabiasaan jelema, teu dimana- teu dimana dalah di jero masjid lamun jumaahan ari ngadengekeun nu cerama jurig tunduh sok euntreup!
Harita oge sarua kitu, najan ditungguan ku instruktur ti tentara. Ku tunduh mah euweuh nu boga kasieun. Anu ceramah mah ngawakwak di hareupeun kelas/aula. Nu kuduna ngaregepkeun mah, maling-maling ngagaluher talibra. Aya kajadian nu matak ngaleungitkeun tunduh harita. Kalah jadi cenghar bari pating cikikik nahan piseurieun. 
Encu, anu dalit jeung sobat kuring salila prajabatan diuk disagigireun Hilman. Kuring di sagigireun Hilman. Bakat ku tunduh, Encu tibra mastakana ngadakom kana meja. Dua leungeunna dijieun bantal. Tibra naker. Hilman tukang ngorong, tukang jail jeung jago ngalukis, rerencepan ngagulungkeun leungeun kameja Encu. Geus kitu, sreeeeet-sreeeeett Hilman ngalukis dina peupeuteuyan jeung leungeun Encu. Anteng pisan nu ngagambar. Dasar jago lukis, najan ukur ngalukis make ballpoint warna hideung. Hasilna alus pisan. Dina peupeuteuyan Encu ngajeblag gambar jangkar laut jiga si Popeye aya gambar beungeut awewe geulis rambutna ngarumbay satengah nutupan beungeut. Dina leungeun handap terus ditulisan badag, tulisanana make hurug Ghotic anu rapih jeung alus pisan. Uninan kieu: "KASIH BUNDA SEPANJANG JALAN, KASIH PACAR SEPANJANG JAJAN!"
Kuring jeung babaturan anu ningali kalakuan Hilman, jeung hasil lukisannana meni ngahkey nahan piseurieun. Leuwih ngahkey, pas instruktur anu pangkatna sersan. Mergokeun kuring anu ngahkey. Maneh nyampeurkeun, "Psssttt, jangan ribut! Ada apa?!!", manehna ngagebes!
Kuring teu ngajawab, ngan bari nahan piseurieun nunjuk ka Hilman anu anteng ngalukis dina leungeun Encu anu nyegrek teu sadar leungenna jadi kanvas lukisan. Instruktur nuturkeun curuk kuring, baring ningali leungeun Encu pinuh ku "tato" jeung tulisan kitu. Manehna refleks nutup sungutna, bari sarua nahan piseurieun!!! Teu ngomong nanaon manehna teu kuat hayang seuri jigana mah rurusuhan ngagedig langsung ka luar aula!!!
Encu, lila-lila mah sadar. Karasa meureun jelema marelong ka manehna. Manehna mesem, bari gigideug satengah lilir. "Tunduh euy!", cenah. Padahal mah batur-batur ningalikeun manehna teh lain kusabab manehna sare. Tapi, ningali "tato" dadakan dina leungeunna. Akhirna manehna, sadar. Ningali leungeunna jadi pinuh tatto. Keyyyyy manehna oge ngahkey awakna endag-endagan ngahan piseurieun, sungutna ditungkup ku leungeun katuhu, leungeun kencana ngagebug si Hilman! Tina bahamna nu ditungkup, kadengge ngaharewos: "Goblog siah!" bari terus tungkul seuri handapeun meja!

Latihan Prajabatan di Armed (2)

Kumpulkeun KTP!

Minggu kahiji  mulai katinggali numarilu prajab di Kompi A teh, mayoritas jalma-jalma "yesman" kumaha dawuh. Duka polos, duka sieun ku tentara, duka sieun teu lulus prajabatan. Da salila saminggu teh teu aya nu wani sempal guyon di asrama teh. Ngan ti saparak kajadian dihukum push up tragedi sendal "NU AING" tea jadi arapal kabeh ka kuring. Duka kunaon salila saminggu kahiji mah lamun peuting keur alistirahat rek sare, sok ngagimbung heula di sisi ranjang Hilman, anu dihandapeun kuring. Kuring mah di luhur we teu milu turun. Duka pedah harita arapaleun kuring ti Banten, tugas di sakola deukeut ka Baduy, rea nu tatanya perihal kabantenan. Asa dina panggung da diuk di luhur kasur nu luhur. nya sok didongengkeun timimiti urang Baduy jero ari kaluar sok aya nu make sendal capit, marake erloji, nu dipacok oray taneuh teu paeh-paeh, ajian batu karang, debus, werejit, ngaran beton runtah sumur, randa ngora, anu kasurupan mbah jambrong, semu gunting, saepi geni, saepi angin jrrd. Jiga nu enya we apal, padahal ukur hasil ngobrol eta oge jeung urang Baduy.  Pokona unggal peuting gunta-ganti topik obrolan. Sok resep pating polongona, marolohok jiga percaya teu percaya lamun kuring ngobrol nu karitu. Bari pating cakakak lamun pas aya nu pikaseurieun atawa pating kalecrek pas dongeng pikasieuneun atawa pikarunyaeun.  Nyarangkana teh uing sagala bisa we, pedah ti Banten. Malah aya nu nitah ngeureut leungeun ku cutter, atawa ngahaja ngasongkeun paneker nitah ngaduruk leungeun. Kuring sok ngeles bari nyarita, ulah bisa-bisa cadu atuh elmuna mun dipamerkeun mah. Ku palercaya deuih dijawab kitu teh, dina hate mah uing nyenghel seuri da teu bisa elmu nu kararitu mah!
Tah, kusabab sok ngadongeng kawas nu enya, bari sok rada wani protes ka komandan peleton malah wani ngobrol jeung komandan kompi nyaeta Kapten Edi anu nyonyoren pestol revolver. Beuki angot we palercaya!
Hiji peuting, sanggeus ngobrol ngagarimbung dina ranjang Hilman. Kuring kaluar asrama, ngadon ngobrol jeung sersan Teguh hareupeun asrama. Batur mah teu waranieun, da ngarasa ajrih meureun atawa hoream geus cape teuing.  Harita dibaturan ku Encu urang Bekasi. Katingalina ku batur mah ngobrol naon meureun. Sanggeus ngobrol jeung sersan Teguh kuring blus asup deui ka rohangan asrama.
Duka ide ti mana, sup ka jero asrama kuring ngajorowok: “Untuk pendataan, KTP segera dikumpulkan! Dalam hitungan 10 harus terkumpul semua!” Satu! Dua...!!! kuring cocorowokan ngitung, nurutan pelatih ari prajab rek baris,  Da eta mah anu keur ngagoler, keur diuk, keur ngadapang, keur ngariung ngobrol, ngadenge kuring ngajorowok bari ngitung kitu. Meni pating beretek maruka loket, saleuheung nu loketna disakuan kari nyokot KTP. Anu loketna disimpen dina lomari atawa tas mah paciweuh, ti hut het neangan KTP. Ugal-ugil metot KTP tina loket. Geus kapanggih pating beretek satengah lumpat bari titataraong muru ka kuring bari mikeun KTP-na masing-masing!
Delapaaaaaaaaaan! Sembilaaaaaaaaaaaaaannnnn....! kuring ngahaja pas dina dalapan, jeung salapan dililakeun, mere kasempetan tidituna mah kanu telat! Beretek, beretek nu karak kapanggih KTP-na nyampeurkeun! 
Sepuluh! Enyaan “yesman” na teh, eta dina itungan sapuluh ampir kabeh KTP prajab saasrama numpuk dina luhureun meja lomari hareupeun kuring!  Geus ngumpul kabeh mah KTP teh, kuring ngajorowok deui: “Ya, bagus! Sekarang ambil kembali KTP-nya masing-masing!”
Henteu we, eta kebon binatang kaluar sadaya tina 100 lambey para prajab ongkoh karukulutus tapi bari pating cakakak! Pating corowok: “Goblooooog, keheeeeeeeedddd siaaaaahhhh aing digawekeun deui wae!” Bari ngarahkey narunjuk ka kuring anu sarua ngahkey, kapiasem kukapolosan maranehna masing-masing. Anu lucu mah ningali anu tipaparetot pangpandeurina tadi mikeun KTP sieun telat, panon molotot, sungutna kuat calangap bakat ku hareugeueun jeung keuheul ka kuring!

Latihan Prajabatan di Armed

Taun 1995

Nu Aing

Wajib milu prabajatan CPNS semi militer, tempatna di Pusat Pendidikan Artileri Medan (Armed) Cimahi anu lilana leuwih kurang 40 poe. Tidituna keneh geus iber, ka sakabeh CPNS majar prajabatan di Armed mah estuning beurat jeung "disiksa" pisan jiga tentara. Sawarehna loba pisan, CPNS anu kumeok memeh dipacok. Can ge diinditkeun geus garering tiheula. Stress. Da loba dongeng tinu geus prajabatan majar ripuh pisan da dilatih kadisplinan, fisik jeung baris berbaris teh nyeples jiga tentara. Malah buuk ge digundulan. Sapoe push up bisa nepi ka 100 kali cenah,sapoe lumpat minimal 12 kali lapangan maen bal unggal isuk. Teu rek percaya kumaha, ningali pangawakan anu geu marilu anu kulitna lalestreng, hulu budugul, bari awak jadi baregang tapi sareseg loba latihan fisik tea.
Lain beja, nyaan we barang jol ka tempat prajabatan, samemeh asup ka asrama. Dibariskeun, ukur make kolor wungkul. Rea pisan anu karukulutus:” Da lain tentara atuh urang mah naha meni kudu milu pelatihan wajib militer sagala!”. Nu sejenmairan ngaenyakeun!  Sanggeu dibariskeun kudu pamariksaan kasehatan. Di ruang khusus anu tertutup. Ceuk harita nu enggeus malah sakadang “manuk” oge dipariksa sagala. Beuh atuh meni kateungteuinganan da orat atuh, najan nu mariksana lalaki oge.  Dina masalah ieu kuring terus terang teu satuju. Duka kumaha eta prajab awewe duka dipariksa henteu “loket”-na. 
Sanggeus pamariksaan kasehatan, kabeh prajab teh dibariskeun dibagi dua kompi.  Kompi A jeung kompi B.  Sakompi  aya 3 atawa 4 peleton. Lamun sapeleton aya 33 urang.  Jadi sakompi teh aya kurang leuwih 100 urang.  Kompi dipingpin ku tentara nu pangkatna kapten. Lamun peleton dipingpin ku pangkat nu leuwih handap ti kapten. Sanggeus pamariksaan kasehatan fisik.  Rombongan bari nyepengan bawaannana masing-masing dibariskeun terus diabsen dibagi kompi. Dipingpin ku ketua asrama masing-masing, nyaeta tentara armed anu pangkatna sersan. Masing-masing kompi asup ka asramana masing-masing.  Maklum kareannana mah masih keneh hemeng dina pendidikan katentaraaan. Katinggali tina beungeut para peserta prajab teh, beungeutna saletres tanda kapaksa pleus teu suka kana ayana prajab anu semi militer eta.  Ari kuring mah, Alhamdulillah, da tileuleutik ulin jeung hirup di lingkungan tentara. Jadi geus teu aneh deui. Malah asa jadi nostalgia,  resep nu aya. Sura seuri sorangan, atoh pisan rek tetentaraan deui jiga keur leutik baheula di Batujajar, tempat latihan Kopassus ayeuna. Katambah ti SMP sok milu pramuka, nu pembinana ti Kopassus oge (Kopasandha baheula mah). Atuh di SMA pernah deuih milu kagiatan Pecinta Alam, digodog salila sabulan di Situ Lembang tempat latihan Kopassus survival/perang Gunung Hutan nu ngalatihna Kopassus deuih. Mun ayeuna seug rek digojlog deui teh, ah resep nu aya we.
Asup ka asrama, dina ranjang teh geus aya ngaran masing-masing. Ranjangna tingkat, geus ditempelan stiker ngaran nu bagean di luhur saha, bagian di handap saha. Kuring kabeneran kabagean di luhur. Aya untungna, aya rugina sare di luhur teh. Untungna, sepre bodas kitu deui bantal, geus pasti moal mindeng nyeuseuh alatan digaley kunu “nganjang”. Rugina, hese ari rek solat atawa ngadon ka kamar mandi. Hoream kudu turun naekna.
Ngarah teu pahili, baju, kaos jero, calana jero, kaos kaki, sapatu ditulisan make ngaran masing-masing. Ngan sendal capit wungkul, anu teu dicirian make ngaran teh. Jadi sok patalukeur wae. Da sarua apan kudu warna hejo.  Kuring boga akal sangkan teu patukeur, sendal capit teh di aranan duanana make spidol badag warna hideung: “NU AING!”. Sapoe dua poe mah enya, euweuh nu wani make kana sendal uing. Ari poe katilu mah anger we leungit deui. Dipake ku babaturan asal make ari disendalna. Ku sabab keuheul, unggal rek make sendal teh euweuh deui euweuh deui. Peuting-peuting, batur keur nyelegrek kerek, kusabab beurangna kacapean latihan fisik jeung baris berbaris. Sendal capit nu aya aya dihandapeun ranjang teh, dirawatan ku kuring. Gep kana spidol, kabeh luhurna ditulisan: “NU AING”. Geus kitu mah, make tas pakean sendal kurang leuwih 100 pasang teh diwadahan. Dibawa kaluar asrama. Burusut diburusutkeun dihareupeun panto asup ka asrama. Ngahaja digundukeun, digunungkeun!

Kira wanci jam 4 subuh tarompet disada tanda alarm waktuna hudang kudu mandi.  Teu meunang telat, lamun telat pasti dihukum.  Mandi teh bareng dina bak gede. Jadi mun telat, pasti caina beakeun. Barang lilir raribut nyarokot anduk bari maruru sendalna. Sarieun dihukum bari sieun beakeun cai.  Lain maruru kamar mandi kalah gehger, pating corowok. Der itu der ieu, sendal capit euweuh! Aya nu maok! Saasrama gehger, ngan uing wungkul nu kalem teh. Disendal sorangan bari muru ka kamar mandi pura-pura tanpa dosa.  Aya nu saurang prajab nu neangan sendal ka luar. “Ieu euy sendal teh aya di luar!!!”. Atuh beretek pating belecet ka panto kaluar. Teu lila, pating jorowok deui: “Goblog euy...sendal kabeh dingaranan NU AING! Nu aing mana nya? Nu aing mana nya!”. Kusabab teu bisa ngabedakeun sendal masing-masing, akhirna sapakena-sapakena we duka nu saha. Ngan jigana aya nu curiga terus ngalaporkeun, pas pamariksaan barisan jeung kalengkapan. Kuring dipanggil ku komandan peleton Sersan Teguh kudu push up 20 kali! Da geus biasa tea, protes kuring ka Sersan Teguh, “Siap! Minta tambah Komandan 50 kali!”, dikitukeun teh si Sersan kalah nyikikik, bari nunjuk kana taneuh nitah push up! (hanca)

Monday, January 11, 2016

Peureus!

Tahun 1987 karak tingkat 2 atawa semester tilu harita kuliah di FPMIPA IKIP Bandung teh. Estuning belekesentreng bin bedegong teu jiga mahasiswa IKIP nu sejen. Batur-batur mah ka kampus teh, marake sapatu pantopel , kameja diasupkeun rapih, make batik atawa, marake baju abu-abu. Uing mah estuning saayana bae, basajan. Sapatu kets ditincak, meunang meuli ti kaki lima di hareupeun Pasar Baru 5000 perakan, kaos (t-shirt) belel geus saroeh jeung barolong, dicalana jeans nu sarua geus soeh dina bagian tuurna da mindeng teuing disikat nyeuseuhna. Lamun sholat sok ditutupan heula make syal oranye palebah nu soehna. Buuk gondrong nepi kata taktak, mode ala John Travolta tea. Ongkoh disisiran tapi sok ditarik deui ku ramo ka hareup bari ditiup heula ramona. Estuning buuk teh teu jiga batur-batur anu kulimis, marake minyak Tancho anu hejo tea, nepi paseukeut-seukeut golep buuk teh, arembung kaelehkeun ku golepna Harmoko menteri penerangan anu kawentar seukeut pisan alah batan bedog Cibatu! Ari make tas sarua teu jiga batur. Batur mah sok marake tas resmi, anu sok dibawa ku Umar Bakri tea geuningan. Tas kulit anu dijinjing. Kuring mah make tas teh, ransel nu geus uduh naker. Warisan ti kolot, sesa perang dunia kadua, dina bagian jero eta tutup tas nu geus bobo teh aya titimangsa 1942 jeung citakan tanda tangan "Eishenhower"! Ditarik weh saeutik, eta kaen tas pasti murudul soeh!!! Bakat ku geus bobo kahakan ku umur!Dina kakait eta ransel, ngagantung gantungan konci aya kana 2 losinna, panjangna aya satengah meteran. Diruntuykeun jiga pepetasan. Lamun leumpang, di satukangeun babaturan. Najan teu ningali, pasti eta babaturan bisa neguh. Uing nu keur leumpang di tukangna, sabab kadenge sora kecrikna gantungan konci nu diaradu. Dina pigeulang leungeun rimbil rupa-rupa geulang aya kana 4 jenisna, tina kulit oray, tina logam, tina karet hideung, jeung tali kernmantel! Mindeng eta oge ditegur ku dosen-dosen malah ku ketua jurusan, kudu bener ari make papakean teh. Apanan calon guru, cenah. Tapi, da teu neurak. Anger we teu robah make pakean saayana.

Kusabab sarua resep ulin, mahasiswa balageur jeung pinter jiga Dadi, Tedi, Endi, Atep, Eka kabawakeun uing jadi resep ulin ka gunung jeung ka basisir.

Dina ngeusi liburan semester genep urang harita ngabring ka laut kidul, Basisir Sayang Heulang, Pameungpeuk. Kusabab ngirit duit, teu naek mobil panumpang. Tapi megat truk, ngaliften istilahna mah. Maklum mahasiswa baheula teu jiga mahasiswa ayeuna, Baheula mah dibekelan ku kolot teh ukur 20 rebu perak sabulan. Jauh mela-melu jeung barudak ayeuna anu bisa 2 juta sabulan. Keur ngakalan ngarah ditambah uang sakuna, nya kadang-kadang UNIKO (Usaha Nipu Kolot). Tapi, da lain jang kagorengan. Dipake moto kopi, perbaikan gizi jeung jang ulin tea.

Harita ngaliften kana truk teh ukur bisa nepi ka Cisompet,kira-kira 20 km deui ka tujuan. Akhirna mah laleumpang weh genepan. Sajajalan leumpang bari sempal guyon, ngarah teu karasa jauh. Asup waktu lohor, istirahat heula di hiji tajug anu pernahna di sisi walungan. Duka walungan naon, ngan harita mah loba keneh sawah anu ngemploh hejo naker. Tajug leutik dihalangan ku bilik, handapna palupuh awi. Luhurna ukur ditiungan ku jarami anu disusun tumpang tindih bati teu panas atawa kahujanan teuing. Tapi da eta iuh pisan, bubuhan aya tangkal caringin disagigireun eta masjid. Tina sela-sela handapeun eta akar caringin, ngagelenggeng cai nyusu.

Opatan maruka sapatu, terus warudu dina pancuran gigireun tajug. Lumayan, ku tiisna cai anu ngagelenggeng tina cai nyusu akar caringin, tikoro ge kabaseuhan meni ngalegik. Bakat ku hanaang tas leumpang lumayan jauh.

Geus warudu, blus asup ka jero tajug lalaunan, reket-reket sora palupuh katincak ku opatan. Di jero kasampak aya aki-aki keur sujud. Palupuh anu tadi ngabengay katincak ku opatan jigana ngarapet deui basa opatan geus ajeg nangtung. Duka kumaha, eta si aki beres, sujud. Kadenge sora takbir rek nangtung tina sujud, bet “Adeuuuuheu...eukbeur!” sihoreng jigana janggotna kacepet ku palupuh tadi! Antara hayang seuri jeung karunya eta ka si Aki, rek sholat masbuk teh ebat! Patingcikikik bari mengkek piseurieun. Buru-buru kalaluar deui,nungguan si aki beres heula sholatna!

Ulin ka Tempat Jurig

Taun 1989 harita keur mahasiswa tingkat tilu ngalaksanakeun kuliah lapangan di basisir jeung leuweung Sancang Opat, Pameungpeuk, Garut Kidul. Ngaranna kuliah lapangan jurusan biologi, teu siga kuliah lapangan mahasiswa perhotelan. Pangrereban teh ukur di tempat pangolahan aci kawung di sisi leuweung. Ditilaman ukur make ponco tentara. Leuwih kurang aya 62 urang mahasiswa-mahasiswi harita nu miluan teh.
Dina kuliah lapangan harita, mahasiswa kudu bisa ngalaksanakeun sakabeh teori penelitian lapangan anu kungsi dikuliahkeun. Diantarana nalungtik habitat, populasi, tingkat kepadatan populasi sato jeung tutuwuhan nu aya di darat atawa di basisir laut nu aya di sakuliah tempat nu dijadikeun tempat pananglutikan kuliah lapangan. Kabeh mahasiswa dibagi sababaraha kelompok, nurutkeun lokasi panalungktikan. Sakelompok aya 6-8 urang mahasiswa disebar aya nu kabagian nalungtik flora jeung fauna nu aya di leuweung. Aya oge nu kabagean nalungtik sato jeung tutuwuhan di basisir, dilaksaksanekeunnana dina waktu isuk-isuk nepi ka jam sabelasan. Murus raatna cai laut. Sabab cai laut mulai pasang tengah poe.
Harita leuweung Sancang Opat teh, leuweung pangjero-jerona, pangsangetna! Loba keneh kacaritakeun nu pernah ngalaman kajadian aheng, teu kudu dicaritakeun didieu. Urang caritakeun we pangalaman nu kaalaman langsung, jadi lain ukur cenah!
Dina sela-sela panalungtikan kuliah lapangan harita, kuring jeung sababaraha urang nu boga kawani leuwih dina hiji peuting ngobrol jeung nu jadi kuncen. Bari siduru, ngariung si kuncen leuweung harita mun teu salah ngaranna Pa Udin. Dedegan awakna Pa Udin sedeng kira-kira umur 50 taunan. Kulitna hideung, panonna rancingeus, sorana beurat naker semu ngagerem. Cirining lain jalma samanea. Kasaksian we harita, manehna nginum cai ngagolak tina gelas anu karak cur pisan tina langseng. Teu disuruput, ieu mah dilegik nepi ka ledis. “Pa Udin, eta naha meni dilegik kitu cipanas! Teu panas kitu?”, ceuk kuring ka Pa Udin. Manehna ukur mesem terus ngawaler, “Hehehe...atuh keur naon cai dipanaskeun, digolakeun ari ditiiskeun jeung ditiupan deui mah! Menggeus we ulah dipanaskeun!”
Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, Pa Udin, ngajak ka mahasiswa bisi hayang ningali tempat jelema nu hayang beunghar ku jalan enteng. “Tapi,omat rasiah ieu mah ulah betus ka jalma rea! Mun sanggup jeung boga kawani hayu isukan diajak ka tempatna!”
Kacaritakeun isuk-isuk keneh, Pa Udin geus saged rek ngajak ulin ka tempat unik tea. Ukur aya genepan harita mun teu salah mahasiswa nu sanggup milu ngadon ulin ka tempat, sasatna pusat pamarentahan jurig tea! Bral, mariang leumpang ka tengah leuweung sancang opat. Dina hiji tempat, katingali aya batu sisi guha jiga maung. Di sisi eta guha aya pancuran jeung balong leutik,katingali caina meni ngagenclang herang. 
“Tuh, itu teh tempat tapa jeung ngahiangna Prabu Siliwangi, omat ulah sompral. Komo ngadon ngaheureuykeun sempal guyon!”, ceuk Pa Udin mere nyaho.Beuki ka jero, leuweung beuki poek. Tatangkalan beuki rembet. Sakali-kali kudu kokolongkongan, ngolongan akar kipas, nyaeta akar tangkal kai nu umurna geus ratusan taun. Sababaraha kali kulit karasa peurih katoel cucuk tangkal hoe.  Beuki jauh ka jero leuweung, beuki rame ku sora sasatoan. Hate para mahasiswa nu milu kana rombongan beuki pating purengked. Beuki deukeut ka lokasi beuki karasa bau hangru, bau hanyir campur jeung bau menyan/dupa katut minyak duyung!
“Omat,ulah nyarita nanaon mun ningali nu araheng. Cukup ku ningali we wungkul, ulah nyawad, ulah melong kalilaan teuing. Saliwat we! Kade ulah diturutan da urang mah jalma iman! Ieu teh kalakuan jelema-jelema nu hayang beunghar ngadadak ngadon muji ka jurig, muja ka setan marakayangan”, ceuk Pa Udin deui mapatahan tur ngingetan. Kuring ngagerentes dina hate, “Naha atuh ari Pa Udin, geus apal ieu musyrik kalah ditunjukeun kumaha cara-carana ka jelma sasar eta!”. Ngan teu pok da Pa Udin jiga nu surti, “Heueuh... apal maranehna jalma sasar. Matakna ulah ditarurutan! Keun urusan Bapa mah urusan pribadi. Ngan omat ulah ditarurutan ku maraneh!!!”
Blus, asup ka “gerbang” akar kipas sagede naon mah, da rombongan oge bisa ngaliwat kalawan tanggah! Jadi bisa dibayangkeun sagede kumaha tangkalna! Hiek, kana irung beuki mebek bau hangru, hanyir jeung bau menyan katut minyak duyung! Dina dahan anu luhur hiji tangkal katinggali aya jelema keur diuk sila, panonna peureum, make “baju” tina boeh teu dikaput. Beungeut jeung awakna katingali kotor, caludih naker, teu wawuh jeung cai jigana mah geus sababaraha poe. Dihareupeun eta jelema aya parukuyan ngelun haseup menyan.  Teu wani ngomong, da geus dipapatahan tadi. Dina hiji tangkal nu sejen katinggali deui hiji jelema keur ngagoler miring bari sidakep, panonna peureum deuih sarua make baju tina boeh. Beungeut jeung kulit awakna teu jauh beda jeung nu kahiji tadi, geus lila teu mandi jigana.
Pa Udin, nu dituturkeun ku rombongan blus asup ka hiji guha anu aya dihandapeun hiji tangkal anu umurna pastina geus ratusan taun. Diameter  eta tangkal jigana sarua jeung beuteung munding!
Saacan asup ka jero guha, lebah lawang guha Pa Udin nitah eureun heula ka rombongan. Terus manehna, mere isyarat ka hareupeun guha, jiga keur ngomong kanu jaga. Nyarita make bahasa nu teu kaharti ku kuring jeung rombongan. Ngan leungeunna pepeta, saliwatan mah jiga jangjawokan basa sunda kuna, ceuk kuring mah meureun kieu unina: Punten ngiring lebet sakedap, sanes bade nanaon ieu mah. Barudak haroyong terang kumaha jelema-jelema nu keurt tapa di jero guha! Sanggeus Pa Udin nyarita tea, kadenge sora tapi euweuh jirimna. Sarua teu kaharti, sorana semu ngosom campur ngagerem. “Sumuhun,hatur nuhun... sakali deuin punten ngiring ngalangkung sareng nguningaan!”, ceuk Pa Udin sopan pisan, make basa Sunda ayeuna mah. Pa Udin mere isyarat ka rombongan sangkan nuturkeun manehna. Mahasiswa nu milu kabeh oge euweuh nu wani nyoara, simpe we. Da estuning keueung pisan najan pabeubeurang oge. Komo kadengen aya sora tapi euweuh jirimna.

Blus ka jero guha, henteu poek mongkleng mah da cahaya panon poe masih keneh bisa asup narabas ka jero guha. Di jero guha karasa hawa tiis, meni nyelecep kana kulit. Tapi hawa tiis anu asup kana irung mah angger pinuh ku bau jiga tadi di luar, bau hangru, hanyir, bau menyan jeung bau minyak duyung anu leuwih mebek. Taram-taram katingali ku panon sihoreng di jero guha teh, aya kamer-kamer anu dibentuk dina sisi guha anu nyangkedong! Jiga jang ngurebkeun mayit di jero kuburan geuningan, ngan ieu mah dina sisi-sisi guha tempatna teh. 
Dina tiap kamer, katingali aya “nungontrak” jelema nu keur tapa hayang beunghar tea. Hiji taneuh nu nyangkedong dieusian ku hiji jelema. Rupa-rupa posina teh, aya  nu sila andekak bari sidakep, nu ngagoler bari sidakep, aya oge anu sila tapi leungeunna duana ditapelkeun dina hareupeun irung jiga nu nyembah, aya oge taneuh nyangkedong rada jero jeung cukup keur jelema diuk sila sinutu tunggal! Awak eta jelema nu keur tarapa teh sarua dibarungkus boeh. Tapi, ari ditingali beungeut jeung kulit awakna mah sarua wae jeung anu katingali dina tangkal di luar tadi. Caraludih pisan geus lila tara marandi tea. Unggal ngaliwatan taneuh nyangkedong nu dieusi ku jelema nu keur tapa tea Pa Udin, ngaharewos ka rombongan. “Tuh itu keur ngipri! Nu itu keur ngepet! Nu itu keur muja ka monyet! Nu itu kana tuyul! Nu itu kana maung!”, bari nunjuk ka tempatna hiji-hiji. Harilap deui naon anu disebutan ku Pa Udin teh, da aya istilah-istilahna. Teu petot-petot kuring mah dina hate, maca nadzubillahi min dzalik jeung istigfar!   Eta nu keur tarapa teh, aya nu peureum aya nu beunta malah ningali ka rombongan tapi teu cumarita nanaon. Ngan melong wungkul. 
Rombongan balik deui ka tempat tadi asup.  Samemeh kaluar ti guha. Reg pa Pa Udin ngarandeg hareupeun guha. Terus mere isyarat ku leungeun,pepeta  jiga tadi rek asup  bari cumarita deui, mun ceuk urang mah, hatur nuhun, bade pamit! Ulah ngaganggu ka barudak ieu da ukur hayang nyaho teu boga niat nanaon! Kadenge deui sora tan katingali  jirimna ukur ngagerem handaruan jeung semu ngosom jiga ngageremna sora maung.  
" Hmmmm....!!!.
Sanggeus wareg ningalian jelema sasatna sasar tea hayang beunghar ku jalan enteng. Pa Udin eureun sakeudeung di hareupeun guha, terus sakali deui mapagahan, “Omat sakali deui Pa Udin ngingetan. Sakabeh jelema nu dijero itu ulah ditarurutan ku maraneh! Eta jelema salasar, teu nyaho dikaimanan ka Pangeran! Urang mah jelema iman, mun hayang beunghar mah kudu gawe kudu usaha, ulah kujalan enteng bari jeung sasar! Sok bisi aya nu rek nanya ayeuna mah meunang!”, ceuk Pa Udin.
“Pa Udin, punten dupi eta jalmi-jalmi teh urang mana wae?!”, tanya kuring panasaran.
“Nya timana-mana aya wae, ngan kareaan mah ti Jakarta, Sumatra jeung Kalimantan!”,  jawab Pa Udin. “Ari urang Garut mah arang langka teu aya asana mah!”, ceuk Pa Udin deui. Sanggeus kitu mah, Pa Udin ngajak balik deui ka rombongan ka tempat pangrereban salila kuliah lapangan tea.
Sanggeus balik kuliah lapangan jeung ulin ka tempat muja ka jurig tea, kurang leuwih tilu bulan. Kuring sok ngarasa aya nu nutur-nutur bari melongkeun kuring. Komo palebah rek sare mah. Sok aya nu moncorong, ngan tara dipalire.  Harita kuring memang mawa oleh-oleh mangrupa hiji kai anu mangrupa iteuk. Panyepengannana eta kai jiga aki2 keur dongko.  Duka tangkal naon, terus disimpen di kamer. Batur ngaronda ngagentenan Bapa kuring. Tapi kusabab sok ngarasa aya nunutur jeung karasa aya nunalingakeun tea. Eta iteuk di piceun, les weh ti harita tara aya nu moncorong atawa nu nutur deui!

Tah, kitu lalampahan kuring harita. Percaya teu percaya lamun di sabudeureun urang aya oray kajajaden, babi kajajaden, monyet kajajaden, mawa tuyul ka pasar jrrd. Da kasaksian harita memang aya  jelema nu karitu teh ngajual nyawa ka jurig nyiliwuri, ka setan marakayangan. Mun kaalaman leungit duit teu pupuguh, nya tafakuran we kumaha harta urang teh geus beresih atawa acan zakatna?

Aya kana 5 kalina samemeh diupload ieu dongeng kana PS jeung kana blogg kuring, dina monitor  browserna kalah kaluar halaman kieu. 

 #An error occurred while trying to save or publish your post. Please try again. Dismiss atawa
#This webpage is not available
DNS_PROBE_FINISHED_NO_INTERNET


 #An error occurred while trying to save or publish your post. Please try again. Dismiss atawa
#This webpage is not available
DNS_PROBE_FINISHED_NO_INTERNET


 #An error occurred while trying to save or publish your post. Please try again. Dismiss atawa
#This webpage is not available
DNS_PROBE_FINISHED_NO_INTERNET


 #An error occurred while trying to save or publish your post. Please try again. Dismiss atawa
#This webpage is not available
DNS_PROBE_FINISHED_NO_INTERNET


Padahal muka laman facebook, endomondo, strava, cnn, bbc jste. Lancar teu aya masalah!

Nyeungseurikeun Jurig Diseungseurikeun Jurig

Nyeungseurikeun Jurig Diseungseurikeun Jurig

Dahuan uing (almarhum) mantap prajurit RPKAD ayeuna mah Kopassus. Maklum, mantan prajurit komando jelemana euweuh kasieun. Aslina mah dahuan teh urang Kalimantan, ngan turunan Madura.  Estuning ludeungan pisan. Tapi pernah, aya hiji kajadian nu matak pikasieuneun sakaligus pikaseurieun.
Tahun 1970-an, mangsa kampung Babakansari, nyaeta kampung anu pernahna aya di Batujajar, Bandung masih keneh can aya listrik. Jadi mun peuting teh pasti meteng, poek mongkleng. Loba keneh tempat-tempat sanget sabudeureun kampung kaasup kajadian-kajadian aheng anu dialaman ku wargana kaasup dahuan kuring.Diantarana aya cukang leutik disagigireun tangkal cangkring saluhureun susukan, deukeut heleran Pa Kapten Ja'i. Maklum harita masih keneh jelema anu can wawuh kana WC jadi cukang leutik luhureun solokan eta teh sok kalah dijarieun WC alam. Padahal cukang leutik eta teh hiji akses, keur urang Babakansari ka pasar Batujajar. 
Ceuk nu pernah mah ngalaman, ningalina mahluk anu gede naker, awakna hideung, buukna rerewigan panonna bolot, aya oge nu nyebutkeun pernah ningali mahluk jiga awewe, make baju bodas, buukna sabujur bari nyikikik dina tangkal cangkring jrrd.
Geus bisa dipastikeun asup mangsa ka magrib, bisa disebutkeun euweuh jelema anu wani ngaliwat ka eta cukang atawa tangkal cangkring. Nya geueuman nya sanget! Katambah poek mongkleng!
Dahuan kuring, harita dinesna teu di teu dijero (Kopasandha alias Kopassus tea ayeuna mah) tapi di Pusdik Nubika (Pusat Pendidkan Nuklir dan Biokimia) Cimahi. Ampir unggal poe balikna peuting-peuting wae. Dasar jelemana euweuh kasieun tea, batur mah asup wanci magrib oge geus euweuh nu wani ngaliwat ka cukang eta. Manehna mah jam 10 peuting, unggal balik ngantor pasti ngaliwat kadinya. 
Hiji peuting jiga biasa, dahuan teh jiga biasa balik ngaliwatan cukang leutik deukeut tangkal cangkring tea. Na atuh, kira 20 meteran kana tangkal cangkring tea. ari cakakak teh aya nu nyakakak tina tangkal cangkring. Dasar ludeungan, lain lumpat atau sieun. Dahuan kalah nyarekan kana lebah nu nyakakak: "Hahaha....!!! Bangsat Lu!!! Emang gua takut ama elu!", cenah nurutan nyakakak bari nyampeurkeun kana sumber sora. Ari dideukeutan ari cakakak nu seuri teh leuwih tarik jeung leuwih handaruan! Dahuan, beuki ngadeukeutan. Cakakak manehna, ngahaha deui nurutan eta nu seuri. Ari geus deukeut nyata euweuh sasaha! Ari nu seuri kalah leuwih tarik nyakakakna!
Barang geus nyaho, enya nu seuri teh euweuh jirimna. Dahuan teh, kakarak reuwas! Harita keneh balik kanan. Satengah lumpat bari kukulutus. Manehna balik kanan nuju imahna teh nguriling aya kana 2 kilo meterna!

Hanjakal tangkal cangkring ayeuna jeung cukangna geus euweuh, mun aya keneh jigana bakal dijadikeun tempat suting dunia lain!!! Geus rame ayeuna mah ku gedong jeung caang baranang! Teu geueuman deui, da jurigna geus parindah profesi jigana jadi artis jeung anggota ,,,,

Friday, January 8, 2016

Ngukur Tuur, Ngeker Ceker ka Darajat


8 Januari 2016, jam 7.55 miang ti imah. Clak bujur nempel dina sadel neng Heisty si demplon simpenan katilu. Sukun nincak kana pedal. Niat mah ukur rek kanu deukeut we ka kampung Malayu, Samarang. Ngajajapkeun jersey nu babaturan. Si Heisti ngageuleuyeung nuturkeun nu mawa. Nurugtug ti padumukan mah, jog ka parapatan Maktal. Belok ka jalan Pembangunan anu ngaliwatan Rumah Sakit Umum Garut.
Beuki lila jalan beuki nanjak, komo palebah Cipepe mah nepi ka gerbang perbatasan Samarang ampir 4 km nanjak. Lumayan pingping panas. Henteu ari ngos-ngosan mah. Teu lila anjog ka hareupeun imah nu dituju, anu pernahna hareupeun SPBU Malayu. Teu kasampak nu ditujuna mah, ngan kabeneran aya pamajikannana keur ngasuh di hareupeun imah.
Sanggeus nitipkeun jersey.
Samemeh neruskeun ngaboseh, sup heula ka Alfamart rek meuli cai. Da tadi poho teu mawa bidon wadah cai. Si Heisty ngeureuyeuh, lalaunan ngulon. Bras ka pasar Samarang, biasa macet! Kira-kira 2 km nepi ka pertiluan Palnunjuk, anu lempeng ka Bayongbong anu ka katuhu ka Darajat. Teuing kumaha, suku teh bet ngajak mengkol ka arah Darajat. Padahal geus apal eta jalan teh euweuh mudunna saeutik-eutik acan. Nu aya malah netek,nanjak taya tungtungna. Deukeut jarak ti Palnunjuk ka Puncak Darajat teh paling oge 12 kilometer. Di jalan datar mah 12 kilometer mah paling oge, satengah jam kana sapedah teh. Ngan kusabab nanjak diitung-itung teh bisa 2 jaman.
Asup ka daerah Padakasih, katingali barudak SD keur ulin di luar. Keur alistirahat jigana. Hawar-hawar kareungeu kendang pencak silat. Keur lalatihan jigana mah. Jalan beuki netek. Komo palebah Padasuka mah estuning kuring teu wani tanggah. Bisa-bisa ragrag pangacian mun tanggah mah! Bras ka Pasir Wangi, beuki netek! Bari pungkal-pengkol jalan hotmixna beuki heureut! Sakali eta oge ampir disabet mobil Avanza hideung letter F. Jiga nu ngahaja nyered ka kenca. Padahal uing teh geus di sisi naker. Ku sabab keuheul dipaido we ku cumiduh! Sugan eureun, gelut sakalian! Keur mah uing nanjak ukur make tanaga kejo, katambah disered ampir ngagebrus ka solokan. Saha nu teu beureum beungeut!
Alhamdulillah ari digerenyem gurilem mah nepi oge ka Puncak Darajat. Beuki lila beuki netek, sababaraha kali eureun, bari reureuh. Motoan heula pamandangan anu matak seger kana mata.
Ari dikeureuyeuh mah teu burung nepi ka puncak, padahal mobil oge dipastikeun ngagerung dina gigi hiji! Nanjak make sapedah ka Puncak Darajat alus jang ngukur tuur ngeker ceker, atuh lamun teu kuat nepi ka jengker nya wajar da lain lumayan!



Runtah Beton


Tahun 1994-1997 pernah tugas ngajar di hiji SMP di wewengkon Banten. Loba pisan anu kaalaman. Boh pangalaman anu matak pikaseurieun atawa nu matak muringkak bulu punduk.
Ari guru-guru nu ngalajar didinya ampir kabeh ti Wetan kayaning ti Tasikmalaya, Garut, Bandung, Cimahi.
Dina hiji poe, Pa Yadi urang Cimahi anu jadi Pembina Pramuka anu kawentar killer keur ngetes barudak anu ngeusi buku kecakapan pramuka (SKU?). Disiplin. Nya tegas nya galak. Sahaok kadua gaplok teh lain bobohongan. Maklum manehna ti Cimahi. Kasebut budak kolong alias anak tentara. Make seragam pramuka lengkap. Baret, kacu, dasi, pangkat katut talikur nu nempel dina lebah kelekna. Gagah pokona mah matak seber barudak.
"Sabelum dites. Kakak mau nanya dulu sama kamu", ceuk Pa Yadi make basa Indonesia logat Sunda tea ka salah saurang budak nu make seragam pramuka. 
Maklum di kampung. Baju pramuka budak teh geus ledeh, topi pramuka soek dina lebah jaitan. Teu make kacu2 acan. Bari suku ukur make sendal jepit anu lebah capiteunnana geus ditalian ku rapia da geus pegat tea. Leho hejo elol-elolan dina liang irung jiga belut ngintip eupan.
"Siapa nama kamu?", tanya Pa Yadi
"Ruhak Ka!" Waler budak
"Hah? Ruhak? Yang bener kamu ngajawab teh!" Ceuk Pa Yadi nyentak. Meureun ceuk dina pipikiran Pa Yadi budak ngawadul. Maenya ngaran Ruhak.
"Siap Ka! Betul. Ruhak nama sayah!", ceuk budak bari ngeleper. 
Bari nahan piseurieun Pa Yadi nanya deui.
"Nama Bapa kamu siapah?"
"Siap Ka...nama Bapa saya. Eh....eh...Beton!" Jawab budak deui beuki geumpeur. 
Pa Yadi beuki teu kuat nahan seuri. Kusabab tetep ngajaga wibawa tetep teu seuri.
"Betul nama Bapa kamu Beton?", cenah ngayakinkeun.
"Beb...beb...betul Ka!", ceuk budak beuki tagiwur.
"Nama Ibu kamu siapa?", Pa Yadi nanya deui. Manehna nanya deui bari. Geus sabarakatak-sabarakatakeun hayang seuri.
"Siap Ka...nama Ibu sayah Runtah!", ceuk budak beuki pias.
Pa Yadi geus teu kaampeuh. Cakakak...manehna ngabaratak. Spontan poho kana wibawa jeung seragam, baret nu nyiripit dina tarang katut sebutan Kakak Pembina. Seuri cirambayan. Awakna dongko, bari nyekel kulit beuteung ku dua leungeun!

Mim ba'di


Si Ujang nu karak umur 3 taun keur diajar ngaji ka Mang Udin. Segut naker ngajina teh. Ngan nyaeta palebah maca iqlab nyaeta "nun paeh" nyanghareupan "ba" nu kuduna dibaca "mim" si Ujang teh duka kunaon dibacana bet "min" wae.
Mang Udin: Mim ba'di
Si Ujang : Min ba'di
Mang Uidn: Ujang, lain 'min ba'di' tapi dibacana "mim ba'di" apananan "nun paeh" nyanghareupan huruf "ba" anu disebut iqlab tea. Sok sakali deui. "Mim ba'di", ceuk Mang Udin meni jentre naker
Si Ujang : Min ba'di
Mang Udin: Aeh, ari si Ujang bet "min ba'di" deui wae. Mim...Mim...MIm...mmmmmmmm. Yeuh tingali biwir Emang (ceuk Mang Udin bari nunjuk kanan biwirna anu nyebut mim tea). Rapet biwir luhur jeung biwir handap. Mim! Mmmmmiiiiiimmmmm!!!!
Si Ujang napelkeun dua biwirna. Dirapetkeun nurutan Mang Udin bari nyoara. "Mip!"
Mang Udin : Mun kieu wae iqlab teh lain "nun paeh" nyanghareupan "ba" Sujaaaaaaannnggg! Tapi aing paeh nyanghareupan kalakuan siaaaaa!!!

Ema, Wilujeng Poe Ema!


Thawaf ifadoh, da ngarah teu panas jadi dilaksanekun peuting-peuting jeung ngarah nyalse we deuih, teu padedet teuing. Ema harita miang ka Mekah teh sasatna nuju teu damang diabetes. Janten sering ngadrop kadar gula getihna. Teu kaop cape sakedik, langsung lungse sapada harita. Katambih yuswana tos kaetang sepuh. Katinggal basa nembe lebet masjid Haram teh Ema meni jiga nu cape pisan. Fisik ema tos seep jigana maklum pan nembe rengse ibadah wukuf di Arafah diteraskeun ku maledog jumroh nu tilu di Mina.
Kuring ati-ati pisan bari, ngalimba nangkeup Ema sajongjoning ngalaksanakeun thowaf teh. Teu seugna unggal detik kuring melong kana rarayna. Bari sakali-kali ditamasan ku cai zamzam anu ngahaja mekel dina botol. Harepan mah ngarah Ema teu leuleus, jeung teu cape teuing. Bari ditamasan hantem kuring ngadoa ka Allah SWT, supados Ema dijagjagkeun. Didamangkeun tur disehatkeun.
Tiap lengkah dina salila thawaf, kuring nyiuman mastaka jeung raray Ema, bari hate asa digerihan bakat ku teu tega ninggal Ema mapah jiga nu teu walakaya pisan. Geus teu kaitung kuring, ngaharewos kana cepil Ema :" Hayu Ma, lalaunan we. Insya Allah. Ema kiat! Sing sabar, sing tawakal Ma!". Sajeroning thawaf, cimata geus teu katahan merebey. Bari leungeun teu leupas nangkeup Ema. Alhamdulillah thawaf wada teh rengse 7 kuriling. Disambung kudu ibadah sa'i antara Safa jeung Marwah anu jarak totalna kurang leuwih 2,8 km.
"Den, Ema tunduh pisan teu kiat hayang sare!", Ema ngaharewos ka kuring. Suku ngalengkah rada ngarandeg, raray Ema dipelong. Katinggal socana tunduh pisan. Bari awak geus teu nangan. Da karasa ku dua leungeun, estuning Ema teh dipangku ku kuring. Bingung, duh Gustiii...mugia pun Biang sing dikiatkeun ulah dugi ka kulem. Kuring ngabatin dina ati, ngadoa ka Gusti Nu Maha Suci. Lamun Ema dikulemkeun heula atuh bakal leuwih gede resikona. Bakal tibra dugi ka subuh! Mangkaning isukannana jam 9 teh kudu geus miang ka Jeddah.
"Hayu Ma, urang mapah deui...lalaunan we. Ulah dipaksakeun. Upami teu kiat mah urang nganggo korsi roda nya!", ceuk kuring lalaunan. Bari nyumangetan bari hantem nyiuman taar jeung namasan Ema ku cai zamzam. Hate teu petot-petot ngadoa. Soca Ema katinggal meni cieut, pasti gula getih Ema ngadrop. Ema disangkeh ku leungeun katuhu, leungeun kenca hantem namasan ku cai zamzam tina botol anu dicekelan leungeun katuhu. Tos ditamasan, Ema dipiwarang ngaleueut tina botol aqua eta keneh.
Leungeun katuhu pageuh nangkeup awak Ema, bari terus leumpang lalaunan. Doa sai mah, akhirna mah ukur bisa ku doa sapu jagat we. Robbana atinna fiddunya hasanah... Cimata teu eureun merebey menta Allah sangkan Ema dikuatkeun lahir batin Sabalik, dua balik, tilu balik...beuki lila beuki laun. Da sababaraha kali eureun, Ema geus sabrek-brekeun. Bakat ku tunduh jeung leuleus jigana. Alhamdulillah, ahirna mah 7 balikan leumpang antara pasir Sofa jeung pasir Marwah teh cumpon.
Nuhun Gust,i tos nangtayungan ka Ema dugi ka tiasa ngarengsekeuni ibadah hajina.
 
Ema, mugi-mugi Ema di alam kubur sing dicaangkeun , sing kenging karidoan sareng rahmat ti Allah SWT. Mugi-mugi Ema sing kenging safaat ti Rosulullah SAW. Amiiin...


Sangu Pulen


Barang jog ka hareupeun Puskesmas Gajrug, budak teh duana marerod. Arembung asup ka buruan imah. "Alim ah, Danial mah hoyong uih deui! Hoyong ka bumi Buya di Garut!. Alim ka bumi eta! Sieun!", ceuk si Cikal merod! Matana mencrong ka imah anu poek mongkleng da harita waktu mulang ka Garut teh poho teu dihurungkeun.
Da tong boro budak atuh, dalah kuring wae hoream pisan cicing di dinya teh. Tapi, dalah kumaha, da daek teu daek estuning kudu ngalakonan hirup di diinya. Imah anu ditempatan ku kuring jeung anak pamajikan teh saenyana mah imah inventaris jang dokter. Aya 3 imah semi permanen, handap ditembok, ka luhur ku bilik. Tapi, kusabab teu pikabetaheun, dokter jeung perawat arang langka anu daraekuen netep di imah eta. Sasat tempatna di sisi kebon awi, ti terminal Gajrug anu sakaligus pasar kecamatan kurang leuwih 1 km. Hese cai, hese warung, listrik byar pet teh saenyana. katut geueuman da tonggoheun teh kuburan! Salila cicing di imah eta, aya tilu kalina si Awing bujang anu nempatan di imah nu hijina deui kasurupan!
 
Mun usum halodo, kapaksan kudu mandi jeung ngangkut cai ka lio, anu jarakna kurang leuwih sakilo ngaliwatan kebon awi jeung kebon eurih. Si Cikal anu harita keur umur 4 taun sok, ngiclik nuturkeun bari mawa kaleng urut cet jang mawa cai. "Engke kanggo ibak ibu...Hawatos upami ka lio mah, tebih!", ceuk budak ka kuring. Kuring ukur bisa mesem, bari nuturkeun budak ti tukang. Awakna nu meujeuhna ngareusi, katingali ngajadikeun bujurna ngadedod ari leumpang teh.
 
Jiga harita karak jol balik mudik ti Garut, teh geus pasti kana jam 20 peuting. Da harita mah masih keneh werit ku angkutan. Lamun indit ti terminal Guntur Garut jam 6 isuk-isuk teh, nepi ka Terminal Baranang siang jam dua beurang. Terus, kudu nungguan "Rudi" anu ti Rangkas. Harita zaman presiden Soeharto, beus "Rudi" mah ngajago pisan. Da cenah nuboga beus "Rudi" teh Ka Dirja anakna Jaro Karis, tempat pamuntangan presiden harita.
Ti Baranang Siang nepi ka Gajrug teh harita mah paling gancang 4 jaman. Mun lancar eta teh. Da sakapeung sok mogok, maklum mobil digeder jaba geus karolot. Geus jadi kabiasaan jrut di terminal Baranang Siang, ngadon moro heula meuli hayam goreng "Five Star" anu ayeuna katelah "Fiesta", baheula mah dina roda keneh, ngasong.
Kabeneran, harita mah usum mudik lebaran, jadi kapegat macet palebah Padalarang, Puncak jeung di Bogorna lebah Warung Jambu asana mah. Matak teu aral kumaha barudak, ampir 12 jam dina mobil. Bari jog ka imah anu meteng, paroek bari jeung di sisi lembur, lebakeun kuburan handapeun kebon awi.
Sanggeus diolo sataker kebek, bari jeung diais satengah dipaksa budak anu marerod daek asuk ka imah. Eta oge bari nyarumputkeun raray kana dada kuring. Sieun jigana mah, maklum budak sok boga indra kagenep cenah.
Sup, ka jero imah. Cetrek, cetrek lampu-lampu dihurungkeun. Keur mah ukur 10 watt-an, katambah ku spaneng plus voltase ngan 110 volt. Hurungna lampu teh alah batan hurungna cempor!
Budak duanana didiukeun dina karpet, anu juruna geus saroeh bawa ti Garut harita. Tipi 14 inchi dihurungkeun, ngarah barudak kapapalerkeun teu mikiran geueumannana imah.
 
Indungna asup ka dapur, ngisikan beas. Caina tina bak leutik tina semen ukuran 40x50x50 cm anu aya dikamar mandi. Saacan miang ka Garut teh, saminggu ka tukang dieusian heula pinuh bakna. Uyuhan nyesa keneh oge, sasat ukur ku semen, pasti nyerep teu jiga make porselen.
 
Lampu di kamar mandi mah ukur 5 watt, estuning taram-taram pisan titingalian teh. Uyuhan Indung budak bisa keneh ngisikan beas. Beas anu meunang ngisikan teh, langsung digigihan tur diasakeun dina langseng. Can usum magic jar harita mah. Bari nungguan sangu asak kuring jeung barudak anteng nonton tipi, anu layarna ukur 3/4-na tina 14 inchi da spanneng tea voltasena.
Sanggeus asak, sangu anu karak ngangkat tina langseng teh diakeul ku pamajikan dina boboko, dihihidan ku koran urut. Sarimbit meni ponyo tuang daging hayam goreng "Five Stars" anu meunang meuli ti terminal Baranang Siang tea. Sangu anu haneut keneh karasa pisan kiled, pulen pisan. Budak duanana pating celebek, geus mah lapar kusabab cape di jalan katambah aya sangu pulen jeung daging hayam goreng kararesepna. Atuh meni saramutut! Caracamuilan. Alhamdulillah...sanggeus tuang mah. Meni dug sek...!
"Ayah, ayaaah....!!!", isuk-isuk jam genep kadenge hawar-hawar sora indung budak ngagentraan ti kamar mandi. Panon, masih keneh rapet. Tunduh keneh, sasat karak lilir, kagareuwahkeun ku sora ngagentraan. Tunduh-tunduh keneh oge, satengah lulungu kuring muru ka kamar mandi.
"Aya naon Bu? Isuk keneh geus heboh!", ceuk kuring, bari panon satengah beunta.
"Tingali geura...!", ceuk indung budak bari nunjuk kana jero bak anu caina tadi peuting dipake ngisikan beas.
 
Dina jero bak, katingali sesa-sesa awak beurit anu geus ancur kukalilaan tilelep dina jero cai bak! Pantesan, sangu teh karasa pulen jeung semu amis!!!


Kaasupan Kunti

Kajadian ieu geus rada lawas, tahun 1988 mangsa uing ngalaksanakeun KKN di Cicalengka. Harita sakelompok teh aya 8 urang mahasiswa ti rupa-rupa jurusan. Diantarana nu masih inget Ending ti Geografi, Esti ti FBS, Enung ti Kimia, Endang ti Matematika, Waqi ti OR, Aning ti PKN, hiji deui poho ngaranna, uing weh ti Biologi.
Ending mahasiswa anu pangawakanna sedeng, kulitna hideung, panon sipit, halisna kandel, teu weleh emut wae ari nyarita. Tapi mun gawe pang segutna. Esti mahasiswi, pangawakannana rada gendut tapi lincah, maklum mahasiswa seni. Sanajan gendut tapi lincah naker. Geulis, kulitna bodas, buukna sataktak, centilna moal aya duanana. Teu weleh seuri jeung ngomong song sompral. Enung mahasiswi kimia, pinter, geulis, buukna galing muntang, jangkung leutik, pinter ngaji jeung pinter masak. Endang mahasiswa matematika, saenyana mah geus jadi PNS ngan kuliah deui milu ka reguler, jadi salila KKN teh jarang milu kagiatan da kudu ngantor. Awakna cakeutreuk pendek, busekel, kulitna hideung, tukang heureuy. Kusabab mindeng balik tara milu kagiatan KKN, manehna ari jol deui ka posko KKN teh sok mawa burayot jeung opak! Aning mahasiswi PKN, urang Subang, teu bisa ngomong Cirebon aslina mah. Teu bisa ngomong sunda. Jelemana serius, tara ngomong lamun teu perlu. Hiji deui poho ngaranna, ngan nu jelas mahasiswi kulitna bodas ngeplak bodas, buukna lempeng diblow, someah darehdeh, amis budi.
Dina mangsa harita, di wewengkon anu dijadikeun tempat KKN teh masih sepi. Aya kana 12 km ti kota Cicalengka arah ka Curug Cindulang, belok ka katuhu mun teu salah mah Gadog ngaran desana teh.
Hiji poe balik ti bale desa anu jarakna kurang leuwih 3 km ti bumi Pa Lurah, kira wanci kasareupnakeun 7 urang ngabring bari sempal guyon. Kang Endang mah teu milu, da keur balik kudu ngantor tea. Esti mah komo mijah naker, bari rarangkendekan salila di jalan teh, bari hahaleuangan. Sakapeung nari bari leumpang, jaipongan atawa tari merak. Bari ngawih. Sakadang nyirihil seuri, maklum centil tea. Jalan anu kaliliwatan teh, mangrupa kebon awi jeung sawah lega naker. Geus digebes harita oge, Esti ulah mijah teuing bisi ku maonam! Eh, deu teu mengpan kalah beuki maceuh.
Kuring harita keur mahasiswa mah sok rada apal, lamun ngaliwatan hiji tempat atawa aya nu "kararitu" irung sok ngangseu bau hanyir atawa bau hangru bari bulu punduk carengkat. Harita oge kitu. Ngagebes Esti teh kusabab ngangseu hangru bari saliwatan ku panon katingali aya angin muter lebah dapuran awi.
"Hihihihi....kalem we atuh Deny, ngarah teu karasa cape atuh urang hiburan we!" ceuk Esti bari terus jojogedan ala film India bari nyanyanyian sakarep ingsun! Anu lain mah kabeh milu patingcakakak, ngan kuring nu rada jempe. Da inggis ku aya rarasaan teu ngeunah tea.
Nepi ka imah Pa Lurah ampir dur magrib. Na atuh, ari lenggerek teh Esti ujug-ujug kapiyuhan. Untung teu tibeubeut katahan ku Ending nu aya persis disatukangeunnana. Ku Ending jeung ku Somad anakna Pa Lurah, awak Esti anu gendut teh dipayang ku duaan ka kamer. Ari digolerkeun, ari cikikik teh Esti ujug-ujug nyikikik. Panonna bolotot, curukna tutunjuk. Nyikikik teu eureun-eureun tarik naker. Kabeh rareuwas campur sieun! Da nyikikikna teh, lain nyikikik sora seuri Esti. Tapi seuri nyikikik nyirihil jiga sora embe anakna tapi tarik tur matak nyeri kana ceuli!
Bu Lurah samar rampa, ranginang nu keur dituang teu karasa kalah diremek-remek bari calangap! Pa Lurah kitu deui, utah ituh g Somad nyusulan dukun, ustad atawa paraji!
Kusabab tarik naker nyikikikna, katambah beja pabeja-beja. Tatangga Pa Lurah akhirna ngarogrog, hayang naringali. Bumi Pa Lurah ngadadak rame. Barudak jeung kolot ronghok ngintip dina jandela kamer susuganan bisa katingali.
Jol paraji langsung asup ka kamer Esti anu keur cicirihilan, diparancahan teu cageur wae. Paraji kaluar deui, taluk cenah eta mah lain kunti samanea. Sup merebot masjid anu ngarangkep ustad di masjid. Tapi nu cicirihilan bari nyikikik tea anger teu cageur. Pa Ustad kaluar deui, teu sanggup cenah. Ieu mah jurigna bedegong pisan!
Kuring mah di luar harita teh teu milu asup. Da geus ngarasa tea, pas tadi di tengah perjalanan. Ngangseu bau hangru jeung semu hanyir tea bari ningali angin muter. Keur ngobrol jeung Esa (tah inget ayeuna mah mahasiswi nu hiji deui teh ngaranna Esa), Ending, jeung Aming ngomongkeun kalakuan jeung sompralna omongan Esti basa digebes ku uing. Enung mah harita milu di jero kamar, ngajagaan nu kaasupan Kunti. Bubuhan bisa ngaji. Jigana sabisa-bisa babacaan.

Keur ngobrol kitu, Enung kaluar. Ngumaha ka kuring, sebagai ketua kelompok. Kusabab kabeh geus teu bisa nanaon. Ari Esti beuki maceuh jeung mijah cicirihilan bari teu ngomong sakecap-kecap acan. Blus kuring asup ka kamer. Saacanna menta ka Pa Lurah sangkan jelema nu ngagelek dititah baralik we. Sanggeus rada sepi. Di kamar teh ngan aya opatan, kuring, Enung, Pa Lurah jeung Somad anaknak katut nugering ngadadak tea. Kuring melong kana beungeut Esti teh, enya yakin kasurupan! Panon bolotot tapi kosong tea. Lain molotot ka kuring.
Ah, lahaola rek sabisa-bisa we harita teh. Da saacan indit teh teu kosong-kosong teuing geus dibekelan kunu jadi Bapa sorangan. Kuring ngadoa menta ka Allah sangkan Esti dicageurkeun, jurig nu nyiliwuri, ngadon asup ka waraga Esti sing diusir. Tur ulah asup ka kuring anu seja rek usaha ngusirna. Da nu kitu mah mun teu kuat urangna, bakal ngintip ka urang atawa ka kulawarga urang anu deukeut.
Aya nu ngaharewos kana ceuli, nitah sangkan tengah talapak leungeun Esti kudu ditutup. Kusabab awewe, nya kudu ku awewe deui. Kuring nitah Enung sangkan mencet tengah-tengah talapak leungeun Esti. Kuring mah tuluy maca fatihah, qulhu, falaq, binas jeung ayat kursyi bari nurut kana papagah Bapa yen mun maca ayat kursyi kudu bari nahan nafas puseurkeun napas dina sahandapeun bujal. Terus tiupkeun kanu keur kasurupan tea. Make isyarat leungeun jiga ngadorong kanu kasurupan. Aneh tapi nyaan, basa kuring geus maca ayat kursyi terus leungeun didorongkeun bari ngaleupaskeun napas tina handapeun bujal tea. Sapada harita awak Esti, anu keur ngagoler teh ujug-ujung cengkat, tapi heuras terus ngajengkang deui satakerna. “Esti” jiga nu nyeri pisan terus  ngajerit tarik pisan. “Embung balik aing, embuuuuuung! Aing betaaaah dina awak si Esti!!! Embung baliiiiiiikkkkk! Ulah diusir aiiiiing!!!”

Geus katingali kitu mah, hantem we kuring ngalakukeun gerakan jiga tadi. Bari teu petot-petot maca ayat kursy jeung lahaola. Hate manteng ka Pangeran. Unggal didorongkeun leungeun, awak Esti ngajengkang bari jejeritan. Sanggeus sababaraha balikan. Leketey awakna Esti jadi leuleus, kapiyuhan jigana mah. Kuring nyokot gelas nu geus aya caian urut Merebot tadi ngubaran esti. Embun-embunan Esti dibaseuhan bari didoaan. Nyah, beunta. “Aya dimana ieu teh Nung, Den? Naha meni asa leueleus kieu jeung nyareri awak teh!!!”. Alhamdulillah... kuring Enug, Pa Lurah, Somad ampir bareng ngucap syukur.  Ningali kana jam nu naplok dina tembol kamar, deuh geuning geus jam genep leuwih dua puluh menit! Gura-giru kuring mah wudu rek solat magrib, ninggalkeun Esti nu bingung, nu karak cageur jeung Enung (anu ayeuna jadi indung barudak)!