Monday, January 11, 2016

Peureus!

Tahun 1987 karak tingkat 2 atawa semester tilu harita kuliah di FPMIPA IKIP Bandung teh. Estuning belekesentreng bin bedegong teu jiga mahasiswa IKIP nu sejen. Batur-batur mah ka kampus teh, marake sapatu pantopel , kameja diasupkeun rapih, make batik atawa, marake baju abu-abu. Uing mah estuning saayana bae, basajan. Sapatu kets ditincak, meunang meuli ti kaki lima di hareupeun Pasar Baru 5000 perakan, kaos (t-shirt) belel geus saroeh jeung barolong, dicalana jeans nu sarua geus soeh dina bagian tuurna da mindeng teuing disikat nyeuseuhna. Lamun sholat sok ditutupan heula make syal oranye palebah nu soehna. Buuk gondrong nepi kata taktak, mode ala John Travolta tea. Ongkoh disisiran tapi sok ditarik deui ku ramo ka hareup bari ditiup heula ramona. Estuning buuk teh teu jiga batur-batur anu kulimis, marake minyak Tancho anu hejo tea, nepi paseukeut-seukeut golep buuk teh, arembung kaelehkeun ku golepna Harmoko menteri penerangan anu kawentar seukeut pisan alah batan bedog Cibatu! Ari make tas sarua teu jiga batur. Batur mah sok marake tas resmi, anu sok dibawa ku Umar Bakri tea geuningan. Tas kulit anu dijinjing. Kuring mah make tas teh, ransel nu geus uduh naker. Warisan ti kolot, sesa perang dunia kadua, dina bagian jero eta tutup tas nu geus bobo teh aya titimangsa 1942 jeung citakan tanda tangan "Eishenhower"! Ditarik weh saeutik, eta kaen tas pasti murudul soeh!!! Bakat ku geus bobo kahakan ku umur!Dina kakait eta ransel, ngagantung gantungan konci aya kana 2 losinna, panjangna aya satengah meteran. Diruntuykeun jiga pepetasan. Lamun leumpang, di satukangeun babaturan. Najan teu ningali, pasti eta babaturan bisa neguh. Uing nu keur leumpang di tukangna, sabab kadenge sora kecrikna gantungan konci nu diaradu. Dina pigeulang leungeun rimbil rupa-rupa geulang aya kana 4 jenisna, tina kulit oray, tina logam, tina karet hideung, jeung tali kernmantel! Mindeng eta oge ditegur ku dosen-dosen malah ku ketua jurusan, kudu bener ari make papakean teh. Apanan calon guru, cenah. Tapi, da teu neurak. Anger we teu robah make pakean saayana.

Kusabab sarua resep ulin, mahasiswa balageur jeung pinter jiga Dadi, Tedi, Endi, Atep, Eka kabawakeun uing jadi resep ulin ka gunung jeung ka basisir.

Dina ngeusi liburan semester genep urang harita ngabring ka laut kidul, Basisir Sayang Heulang, Pameungpeuk. Kusabab ngirit duit, teu naek mobil panumpang. Tapi megat truk, ngaliften istilahna mah. Maklum mahasiswa baheula teu jiga mahasiswa ayeuna, Baheula mah dibekelan ku kolot teh ukur 20 rebu perak sabulan. Jauh mela-melu jeung barudak ayeuna anu bisa 2 juta sabulan. Keur ngakalan ngarah ditambah uang sakuna, nya kadang-kadang UNIKO (Usaha Nipu Kolot). Tapi, da lain jang kagorengan. Dipake moto kopi, perbaikan gizi jeung jang ulin tea.

Harita ngaliften kana truk teh ukur bisa nepi ka Cisompet,kira-kira 20 km deui ka tujuan. Akhirna mah laleumpang weh genepan. Sajajalan leumpang bari sempal guyon, ngarah teu karasa jauh. Asup waktu lohor, istirahat heula di hiji tajug anu pernahna di sisi walungan. Duka walungan naon, ngan harita mah loba keneh sawah anu ngemploh hejo naker. Tajug leutik dihalangan ku bilik, handapna palupuh awi. Luhurna ukur ditiungan ku jarami anu disusun tumpang tindih bati teu panas atawa kahujanan teuing. Tapi da eta iuh pisan, bubuhan aya tangkal caringin disagigireun eta masjid. Tina sela-sela handapeun eta akar caringin, ngagelenggeng cai nyusu.

Opatan maruka sapatu, terus warudu dina pancuran gigireun tajug. Lumayan, ku tiisna cai anu ngagelenggeng tina cai nyusu akar caringin, tikoro ge kabaseuhan meni ngalegik. Bakat ku hanaang tas leumpang lumayan jauh.

Geus warudu, blus asup ka jero tajug lalaunan, reket-reket sora palupuh katincak ku opatan. Di jero kasampak aya aki-aki keur sujud. Palupuh anu tadi ngabengay katincak ku opatan jigana ngarapet deui basa opatan geus ajeg nangtung. Duka kumaha, eta si aki beres, sujud. Kadenge sora takbir rek nangtung tina sujud, bet “Adeuuuuheu...eukbeur!” sihoreng jigana janggotna kacepet ku palupuh tadi! Antara hayang seuri jeung karunya eta ka si Aki, rek sholat masbuk teh ebat! Patingcikikik bari mengkek piseurieun. Buru-buru kalaluar deui,nungguan si aki beres heula sholatna!

No comments:

Post a Comment