Wednesday, September 7, 2016

Didèhèman Jurig

Ku; Dess

Jam 16.40 harita tèh karak nepi ka parkiran portal Arborètum di bumi perkèmahan Cibeureum, Gunung Kamojang. Sanggeus rada lila pick up nu dipakè tamu datang. Uing jeung babaturan anu biasa ngamarshalan (istilah dina sasapèdahan keur jalma anu jadi guide atawa panunjuk jalan) langsung ngabosèh ka tongohkeun, da tamu mah langsung diloding nepi ka luhur.  Geus dibejaan èta oge, ulahlah ka Cibeureum mah sorè teuing, cèkèng tèh. Tapi sabab, maksa nya diladangan wè. Da geus kawajiban marshal alias tuan rumah kudu bisa nyugemakeun tamuna.
Nepi  ka pertelon jalan oprod (offroad, single track) di Cibeureum tamu anu jumlahna 13 urang tèh kalah hayang nyobaan jalur DH (Down Hill) alias jalur nurugtug, anu teu kudu dibosèh. Ngan maranèhna engkè sanggeus nepi ka handap tèh kudu ngabarosèh deui nanjak ka pertelon ieu.  Teu bisa kumaha, nya diturut wè kahayang maranèhna.  Kusabab kuring mah teu resep kana DH, nya nugaskeun babaturan duaan, maturan tamu anu rèk tarurun ngajaran jalur DH tèa. Kuring, sorangan rek ngadon nungguan di pertelon. Bari ngareureuhkeun awak anu masih kènèh luat lèèt kèsang.
Sanggeus kabèh tarurun deui marakè sapèdahna sèwang-sèwangan makè jalur DH anu dibaturan ku dua urang marshal babaturan. Kuring mah gèk diuk sorangan di sisi jalan, handapeun tangkal pinus anu handapna rapang ku tangkal bako. Jam 17an... kuring ngagerentes dina hatè, sanggeus ningali kana èrloji.  Sora tonggèrèt meni jengèr, patèmbalan jeung sora cihcir. Kawantu di leuweung jam sakitu teh geus euweuh jelema. Rèhè comrèk ukur sèorna sora angin anu nebak leuweung pinus.  Sora bueuk hantem silih tèmbalan jeung pada baturna.  Untung harita ukur mirispis, teu hujan badag. 
Kuring makè wind shielder (jakèt ipis paranti nahan angin), laju diselètingkeun.  Da karasa hawa meni tiis matak noroktok gado. Kawantu di daèrah anu ka puncak Gunung ukur 3 kiloan deui. Ningali dina altimeter dina android kuring mah, 1440 mtbl (mèter ti luhur beungeut laut). Pantes tiris naker.  Karasa rada keueung lila-lila mah. Bulu punduk ngadadak muringkak.  Geus 15 menit ti saprak batur-batur turun kuring nungguan.  Dikira-kira mah paling ogè satengah jam geus baralik deui.
Tamba kesel, kuring nyokot walkman Sony pamèrè si Cikal jang maturan kuring gowès cènah harita tèh. Barang rèk ngasupkeun earphone kana liang ceuli: “EHEM...EHEM...!”, gebeg hatè ngagebeg, kadèngè di tukangeun aya nu dèhèm tarik naker. Sora lalaki ngan semu ngagerem. Reflek, kuring nangtung bari malik ka tukang, teu kebat masang earphone, suwung euweuh sasaha! Jantung ratug meni tarik naker, hate lelenyapan!
“EHEM...EHEM...!”, kadèngè deui sora nu dèhèm dua kali jiga tadi. Ngan ayeuna mah ti hareupeun pisan. Duka bakat ku sieun, atawa kagok asong. Hoak kuring ngagorowok:”Gandeng Kèhèd siah...! Dèdèhèman sagala,nafsi-nafsi wè hirup mah. Aing teu ngaganggu ka silaing. Silaing ulah ganggu ka aing!”. Panon molotot ka tempat datangna sora, anu tanpa jirim tèa. Hatè panteng, maca sholawat jeung ayat kursi, falaq binnas. Bari hatè mah lelenyapan sieun aya nu ngadeheman atawa anu leuwih ti èta.Dicarèkan kitu tèh, Alhamdulillah nu dèdèhèman tèh teu aya deui. Gèk kuring diuk deui, bari masang earphone. Ngadèngèkeun lagu Phil Collins, bari milu ngahariring jeung unggut-unggutan ngarasakeun ngeunahna lagu “Son of the man!” tina film Tarzan.
Jol rombongan anu tadi turun ka handap geus DH tea, kuring meni guligah. Ngan teu geruh yèn kuring didèhèman ku jurig siluman. Da mun dibèjakeun mah kuriak kabèh kabur takaburan, mangkaning geus reup-reupan asup ka magrib.





Ditulungan ku Mang Maung


Ku: Dess


Poè harita kuring ngabosèh gunung sosoranganan, batur-batur mah teu bisa ngabarosèh ari poè Saptu mah da garawè.  Maklum ukur buburuh di toko atawa jadi Satpam.  Èta geus diharulag ku babaturan ulah sosoranganan ari ngabosèh ka Gunung Satria mah, sok loba anu kacaritakeun. Aya benerna deuih, geus opat kali ngabosèh ka Gunung Satria anu pernahna aya di perbatasan Cigalontang-Singaparna, Tasikmalaya jeung Cilawu, Garut. Tapi harita kuring ukur mesem, da geus biasa lamun batur teu bisa ngabosèh.  Sok indit wè sosoranganan sanepina. Sacapèna. Nya balik ka imah tèh, paling cepet jam 3 sorè atawa pernah kètang malah nepi ka jam tujuh peuting.
Indit kira wanci jam dalapan isuk-isuk ngabosèh muru ka Cirorèk, Cilawu. Pedal dibosèh lalaunan. Keur mah eukeur ti palebah Sukadana ka Ngamplang mah nanjak aya kana 4 kilometerna. Jaba ngabosèh sorangan jadi rinèh wè ngabosèh tèh. Nepi ka pertigaan Cirorèk, Si Spezy, nenehna sapeda nu kuring, dipèngkolkeun ka beulah kènca ka arah Cirorèk, Cilawu. Jalan beton, lumayan netek.  Nuju ka leuweung karèt, milik perkebunan PTPN VIII.
“Parunten!”, ceuk kuring unggal ngaliwatan jalma anu ngariung di sisi jalan atawa anu keur ngobrol di sisi jalan. Anu aranglangka dijarawab atawa henteu. Ah, da basa mah teu meuli ieuh, keun waè teu diwaro mah. Uing mah ukur ngalampahkeun adat Sunda kudu amit pamit ka saha jeung dimana waè ogè.  Da mun teu kitu mah, ka saha deui kuring mènta tulung lamun aya nanaon salila sasapèdahan pan.  Kitu deui lamun panggih jeung patani, tukang nyadap karèt atawa tukang ngarit sisi leuweung kuring mah tara elat ti “punten”.  Atawa nanya naon waè ngarah aya komunikasi.  
 “Mulih Pa?!”, ceuk kuring ka hiji lalaki tengah tuwu anu pasilingsingan di jalan, mulang ti leuweung.  Dina taktakna, rancatan rerekètan mawa geutah karèt dina kompan warna biru. Meni menod bakat ku beurat.
Jalan beton di pilemburan tèh, asup ka tengah leuweung jadi tarahal. Henteu we disebut batuna sagedè-gedè hulu orok, jaba nanjakna teu euleum-euleum.  Kapaksa sapèdah tèh ditungtun. Sora manuk heulang meni ngagelik, tonggeret jalenger, turaès, cihcir jeung jeritna monyèt kadèngè di tengah leuweung.  Nepi ka tengah leuweung karèt wanci tengah poè. Sanggeus solat jeung ngawadang, sangu bungkus meunang meuli ti warung sangu di Genteng. Ngareureuhkeun kacapè, Si Spezy disarandèkeun dina tangkal karèt.  Kuring ngagolèdag di sisi jalan anu lendoh tur iuh. Bakat ku capè.  Reup wèh kasarèan.  Duka sabaraha jam tibra naker.
“Pa...! Gugah Pa! Bilih kawengian!”, kadèngè sora anu ngahudangkeun.  Nyah, panon beunta. Katingali tukang nyadap karèt cingogo gigireun kuring. “Astagfirullah!”, kuring ngorejat!  “Tabuh sabaraha ieu mang?”, ceuk kuring kanu ngahudangkeun. “Tabuh tiluan sonten Pa! Hapunten digugahkeun ku abdi, bilih kumaonam. Hariwang, bilih kawengian!”, ceuk tukang nyadap. “Aduuuh, hatur nuhun pisan Mang! Abdi digugahkeun kapulesan abdi tèh!”, ceuk kuring nganuhunkeun bari ngajak sasalaman. Aya atoh,aya kaèraan pèdah ngadon tibra di leuweung. “Muhun, sami-sami Pa! Mangga, dikantun  atuh.  Abdi mulih tipayun! Kade bilih kawengian seueur keneh bagong di lebah dieu mah!”, ceuk tukang nyadap deui ngabèjaan. “Muhun Pa! Hatur Nuhun pisan tos ngagugahkeun!”, waler kuring deui.
Lulungu kènèh. Leungeun kukucek kana panon anu keukereuceuman. Maklum di leuweung najan karak jam 3 ogè, geus simpè. Ceudeum, hieum ku tatangkalan. Sepi jempling matak keueung.  Gancang muru kana sapedah, niat rèk langsung turun nurugtug mulang ka jalur anu tadi nanjak. Biasana mah pan muter, narabas leuweung karèt jeung leuweung pinus.  Bakat ku resep pedah jalan nurugtug mudun. Palebah jalan anu nyagak, bet kalah hayang mengkol ka lebah katuhu anu brasna ka Cikadu.   Ah, kagok da pernah sakali ngaliwat ka jalan ieu mah. Engke ogè tepung geulang jeung jalan nu tadi, ceuk kuring dina hatè.  Ngan bari nurugtug mudun, hatè bet tagiwur.  Naha jalan bet asa panjang-panjang teuing. Da basa èta mah paling ogè dua puluh menit geus nepi ka Cikadu.  Ari ieu mah aya satengah jamna can nepi-nepi! Hate jeung pikiran tagiwur kumaha nya lampah.  Balik deui ka tonggoh hoream ku netekna. Diteruskeun inggis kapeutingan di leuweung.
Keur tagiwur hate, sapedah mah teu eureun we nurugtug lalaunan. Sieun ti tutug da geus taram-taram jalan tèh.  Di hareup katinggali aya jelema limaan, keur  darariuk alistirahat jigana. Katingali di sagigireun maranehna, pacul, garpu jeung arit. Dina cangkeng maranehna bedog nyalolegrèng.  Reg, kuring eureun.  ”Punten! Bade tumaros Pa! Dupi jalan ka Cikadu leres kadieu?”, tanya kuring. “Beuh, kadieu mah muter atuh tebih teuing.   Bapa lepat jalan.  Tapi tiasa waè engkè sateuacan lembur anu dipayun Bapa mengkol anu ka kenca. Mung jalanna bakal nanjak deui di payun. Sareng kadè aya pudunan anu anu nikung. Sing atos-atos wè!?”. Ceuk salah saurang anu make topi cetok, ngajawab panjang lèbar jeung nunjukeun jalan anu kudu dipilampah. Ngan, kuring barang nengetkeun beungeut èta anu limaan tèh. Asa aya anu anèh, maranèhna bet parèsèk, dina handapeun irungna bet katingali lebah dina biwir luhur bet sarua kabeh jiga nu saruing!  
Puringkak, bulu punduk bet muringkak. Ngan, kuring neger-negerkeun manèh bari babacaan.  “Oh, Muhun. Hatur Nuhun Pa! Mangga!”, ceuk kuring bari satengah rurusuhan. Clak. deui kana sadel. Belesur deui jeung Si Spezy nurugtug ngaliwatan jalan satapak taneuh bereum anu rada leueur. Jalan pungkal-pèngkol. Ningali kana erloji dina pigeulang, geus jam satengah genep can nepi!  Sanggeus sababaraha lila, katingali aya suhunan imah cul cel, sababaraha hiji.  Ngan saacan lembur, enya wè aya jalan cagak ka kenca sakumaha anu diterangkeun ku Si Bapa tadi tèa.  Jalan geus ampir teu katingali da poèk, kuring masang senter dina setang Si Spezy. Keur ukay-ukey masang sènter, da geus teu katingali nanaon di jalan tèh. “Bèrès masang sènter tèh?”, kadèngè sora nu nanya. Gebeg, hatè meni ngagebeg.  Ter, ngageter. Puringkak,  bulu dina punduk kukurayeun deui jiga tadi ningali beungeut anu limaan. Pangacian ampir-ampiran kabur. Bujur bet ngadadak kokompodan. Nu leuwih ahèng, naha eta nu nanya bet apaleun kuring keur masang lampu senter!
“Euh... euh, muhun parantos.  Kaleresan ieu tèh abdi kawengian. Manawi terang, leres ieu jalan anu ka kiwa tèh ka Cikadu?”, waler kuring bari arap ap eureup eup.  Sing horèng anu nanya tèh hiji jalma anu katingali pangawakannana pendèk busekel make pangsi sarwa hideung. Bèkè. Kumisna katingali meni baplang, halisna ngajedig hideung, panon meni seukeut jiga panon heulang, ngan ieu mah jiga moncorong! Lenyap, hate ngalenyap deui wae. Ningali panon anu muncorong. Mun teu kuat iman mah jigana bakal ngarempeyek. Kapupul banyu atawa wèe-wèran kiih.  “Heueuh, Kami gè apal dia disasarkeun. Menggeus ulah loba carita! Hayu dijajap ka jalan badag. Bral Dia tiheula, tungtun baè sapèdahna. Poèk! Bisi labuh ti gebrus ka jurang...!”, ceuk èta jalma. Ngomongna jiga urang Banten.
Alhamdulillah, Nuhun Gusti parantos maparinan pitulung ka abdi. Aya jalmi bade nuduhkeun jalan. Teu loba carita, kuring nungtun sapedah. Leumpang ti heula. Èta jalma nuturkeun di satukangeun kuring. Kadènge sora lèngkah sukuna bet jiga nu leumpang duaan. 
(Kuring ngetik eureun heula, geus aya kana lima kalina di luhur para anu ngageblug sora nu ragrag kana lalangit. Nitah si Cikal (26 taun), nyokot tarajè cenah ditingali aya naon di para. Si Cikal tèh nurut, teu talangkè  nyokot tarajè lipet jeung si Bungsu manehna naèk ka para.  “Teu aya nanaon Yah!”, ceuk Si Cikal.  Kuring ukur mèsem, da pasti moal aya nanaon!  Geus apal èta sora ngageblug ukur ngabèjaan ka kuring yèn karuhun ngalongok).
Sapanjang jalan, bari leumpang èta jalma mapatahan ka kuring;” Kudu awas Dia, engkè deui ulah kabawa sakaba-kaba. Kudu caringcing pageuh kancing. Kudu boga pikir rangkepan. Lamun ka leuweung ieu ulah sosoranganan, najan enya nafsi-nafsi jinis jin, siluman, jurig jarian sok jail kaniaya ka manusa. Jadi, tetep ari dina waktu apes mah bakal aya waè lalampahan alatan dijailan laku lampah ti maranèhna. Anu matak nyilakakeun diri Dia Ceng.  Untung kapanggih ku Mamang”. Salila di tengah perjalanan, anu nulungan kuring nyarita jeung mapagahan kuring ukur, muhun muhun. Da teu wani ningali ka tukang. Dina hatè mah hantem teu babacaan sabisa-bisa.
Jam salapan peuting, jol nepi ka sisi jalan raya Garut-Tasik, anu pernahna peuntaseun rumah makan Megawati, Cilawu, Garut.
“Alhamdulillahi robbil alamiiin...”, kuring ngucap muji syukur. Teu ngucap syukur Alhamdulillah kumaha ampir 6 jam kuring asruk-asrukan sorangan, kalunta-lunta di leuweung, salamet bisa nepi ka sisi jalan raya Garut-Tasik di Cilawu tèh alatan dijajapkeun ku jalma karak panggih. Anu sasat sanajan beungeutna pikagimireun, tapi someah, tur mapagahan sagala salila ngajajapkeun kuring ka sisi jalan raya Garut-Tasikmalaya.  Kuring malik  ka tukang, rek nganuhunkeun kanu geus nulungan ngajajapkeun, jadi pituduh jalan.
Gebeg.  Hatè ngagebeg deui wae.  Reuwas teu kira-kira. Barang kuring rek nganuhunkeun ka jalma nu ngajajapkeun, anu tadi aya di satukangeun kuring. Sing horeng jalmi tèh bet teu aya... Ukur kadèngè ngageremna sora maung jiga ngaharewos kana ceuli....
(Geblug! Kadenge deui anu ngageblug di para. Sakali deui kuring ukur mesem bari ngalenyap. Reuwas.  Jadi inget ka Almarhum Bapa, anu ngabejakeun Mamang anu di Banten basa maot, jasadna ngaleungit. Ngajirim jadi maung...)

Garut, 4 Juli 2016