Thursday, March 23, 2017

Ada Raisa di Santosa

Sanggeus amitan ka Bunda Mien jeung tante Ani Rohaeni. Belenyeng ka arah perkebunan entéh Santosa. “Nanjak kénéh wae jalan téh eung!” Ceuk Mang Juli. “Nya wajar wé atuh. Papandayan ngaranna ogé gunung, nya wajar ari nanjak mah" Mang Yudi mairan.
Bari guntreng ngobrol sajeroning nanjak. Ngan aya nu unik, dina sajeroning ngaboseh. Loba motor mani pasuliwer. Nu naékna barudak kolot.
Budak awewe, budak lalaki. Kitu deui di sisi jalan, meni aruplek ngarobrol aya nu paduduaan awewe lalaki, budak ngora mah angot. Teu eleh ku budak ngora aya oge bapak ema paduduan keur murak timbel handapeun tangkal.
Enya, teu bakal kitu kumaha.
Endahna kaayaan kebon teh, hejo ngemploh jiga karpet. Upluk-aplak, satungtung deuleu kebon teh. Katambah ku langit anu bengras. Bulao, dipulas ipis haseup bodas. Angin ngagiliwir. Nyecep tiis, tapi teu matak tiris. Gunung wayang, ngajega bangun nu ngabageakeun sakur nu arulin didinya. Ampir sarua jalma anu ngadon areureun, ngadon popotoan teu aya kawareg. Jadi inget kanu keur di Cisanti anu can pernah ka kebon teh Santosa. Mana teuing bakal pating kalecrek, bari maca tasbeh. Boa maranehna mah ti Cisanti teh kadon langsung mulang langsung ka Bandung. Teu arulin heula ka syurga dunia Santosa.
Leuwih kurang satengah jam ngaboseh. Bras ka pabrik the Kertasarie. Lamun geus nepi dieu. Kuring sok langsung ras ka Raisa anu Terjebak Nostalgia. Teu kitu kumaha di pabrik teh Kertasarie kabeh wangunan masih asli, titinggal Walanda. Aya hiji dua anu kentengna anu diganti ku seng. Tapi 95% masih asli wangunan baheula. Jadi inget kana foto-foto Garut zaman Walanda. Asa balik ka alam tukang. Nostalgia, kabayang baheula noni-noni jeung tuan afdeling keur ngontrol nu keur maretik enteh.
Nepi ka pertiluan Pabrik enteh, bedeng, jeung jalan ka sedepkeun. Popotoan deyi wae. Da asa lebar mun teu diabadikeun. Iraha teuing bakal kadieu deui. Da ari make mobil. Sangeuk ku barabena. Nya macet, nya banjir. Ari make motor sanggeuk di Puncak Caena, jalan jiga paranti ibak bagong. Ari make sapedah deui paling tilu taun sakali. Eta ge can tangtu.
Teu karasa cape najan jalan nanjak oge ari bari dihibur ku alam anu sakitu geulisna mah. Teu karasa. Geus ampir sajam, kira wanci tengah poe. Nepi ka Pertigaan Sedep – Bandung-Pangalengan. Geus teu barireuk deui jiga nu dikomando. Sup arasup ka warung sangu. Langganan tiap ngaboseh kadinya. Tukang warungna geus teu bireuk deuih. Sagala diasongkeun kadaharan kampung mah salian ti jajanan nu aya di warung. Bari teu eureun, ngadongeng naon bae. “Tah nu kieu disebut kearifan lokal teh. Cirining urang Sunda asli. Darehdeh someah ka sasama!” harewos kuring ka babaturan.
Rengse ngawadang. Gebret hujan. Geua kaluar ti warung oge. Kapaksa ngariuhan deui. Nungguan raat. Bari silih eledan. Di warung teh aya ceungceuman, wanoja geulis canperenik. Beungeutna jeung kulitna jiga Indo. Maklum di perkebunan tea. Sok seueur nyai-nyai, anu ditikah ku tuan afdeling. Menir tea! Kulitna bodaa semu bule. Irung mancungna, bulu matana lentik, halisna hideung meles jiga halis Andi Mariem tea ning. Ah, pokona mah… SEMPURNA, ceuk si Demian tukang sulap mah. Ngaaaaan, hanjakal ceuk indungna eta wanoja tos orokan ayeuna mah!

Santosa
12 Maret 2017

Dess



Ngabully Kabully


Poẻ  Minggu kamari mah,indit sasapẻdahan tẻh sorangan waẻ . Rinẻh.   Teu saged jiga biasana.  Ukur makẻ  sendal gunung, pakẻan saayana.  Teu makẻ  jẻrsẻ y anu biasa sok dipakẻ sasapẻdahan.  Nepi ka jalan persimpangan hiji komplẻks. Katinggali  aya duaan nu ngabosẻh karak kaluar ti komplẻk perumahan.  Kuring ngajak seuri, bari ngahalow.  Anu duaan ukur mẻsem.  Teu malirẻ, jongjon neruskeun ngabosẻh ka arah Bayongbongkeun.

Reg, kuring eureun heula.   Ngadon menerkeun jok, da karasa luhur teuing.  Nu duaan geus nyemprung aya kana 500an mẻtẻr.  Sanggeus menerkeun. Jok, buru pedal dibosẻh deui.  Hayang nyusul kanu duaan.  Teu lila, anu duaan kasusul.  Bosẻh suku dilaunan.  Alon-alon nuturkeun ditukangeun maranẻhannana.  Dina palebah pertigaan Munjul, anu ka arah Ngamplang.  Anu duaan tẻh bet marẻngkol ka kẻnca.  Ka Arah Ngamplang.  Tadina mah, niat ti imah rẻk ka Batu Tumpang, Cikajang.   Duka kunaon, si setang kalah nurutan milu nuturkeun mẻngkol ka kẻnca.

Dina palebah pengkolan anu rẻk ka Bebedahan anu duaan marengkol.  Tadina mah, kuring rẻk ka Ngamplang wẻ.  Da awak leuseuh kẻnẻh, rariged bati poẻ Saptu kamari kacegat macẻt di Rancaẻkẻk aya kana tilu jamna.  Kacegat banjir di hareupeun Kahatẻx.  “Pa, hayu ngiring wẻ ka dieu!”, ceuk nu saurang ngajakan.  Bari semu ngoa. Kareret ku juru panon silih kiceupan jeung baturna.  Beg, hatẻ mentegeg.  “Moal nanaon kitu, abdi mah da ẻnggalan ngabosẻhna ogẻ.  Nanjak henteu jalan ka palih dinya?” Kuring ngajawab, papaẻhan.  Sapedah anu geus lempeng ka arah Ngamplang tẻh dierẻm.  Diputerkeun nuturkeun nuduaan.  Geus cop wẻ dina hatẻ.  Ieu nu dua rek ngabully.  Jorojoy hatẻ bet mẻrẻan, hayang ngigelan.  Nepi kamana rẻk ngabully-na.  Atuh lamun enya, ripuh mah nya balik deui ka imah!

Jalan beuki nanjak.  Katinggali anu duaan ngos-ngosan.   Bari patingjorowok: “Huuuh! Haaah!” Mariceun nafas jigana.  Kuring angger nuturkeun di tukang, teu nyuara nanaon.  Bari teu kuat hayang seuri.  Can ngẻsang-ngẻsang acan.  Boro-boro ka hah hẻh hoh, saenyana.  “Dupi ieu jalan terasna kamana?” Kuring nanya pura-pura belegug.  “Ieu, aya dua jalan anu ka kenca engke brasna ka Ngamplang.  Mapay-mapay irigasi. Anu ka katuhu ka Penembong tiasa teras ka Genteng, Cilawu oge.   Anu duaan nerangkeun, bari ngos-ngosan nafasna. Silih haminan.  “Raos jalan kadieu mah.  Rata, aya tanjakan ieu sakedik!” Cenah. “Oh, kitu?  Kiat moal nya abdi? Upami kinten-kinten tebih, sareng nanjak teras mah badẻ uih deui!”  Kuring beuki papaẻhan.

Tanjakan beuki netek. Borobot-borobot... sora gear (gigi) tukang dioperkeun kunu duaan.  Tina cara ngoperkeun gigi, anu boborobotan tos kabaca kamampuan maranẻhna. Da anu geus biasa mah, moal nepi ka boborobotan lamun ngoper gigi.  Dina palebah tanjakan anu netek pisan anu mangrupa taneuh leutak.  Sorodot, anu hiji. Banna nyorodot.  Ampir labuh. Untung sempet ngagajleng.  Katinggali geus teu kontrol, antara suku jeung leungeun.  Beungeut beureum.  Napasna hiji-hiji.  Sapẻdahna satengah dibeubeutkeun, digolẻrkeun.  “Pa lirẻn heula didieu.  Urang ngaroko heula!” Ceuk nu saurang.  Kuring nurut.  Reg eureun.  Nyarandekeun sapedah lalaunan.  Dina hatẻ mah protẻs.  Da karak ogẻ rek ngẻsang.  Kalah eureun.  “Mangga, ngiringan waẻ!” Ceuk kuring.

“Nepangkeun, abdi Deny!”, ceuk kuring ngasongkeun leungeun.  Nu duaan, nampanan bari nyebutkeun ngaranna masing-masing.  Nu hiji ngaranna Muhidin. Nu hiji deui Jana.  Mareujeuhna buta tulang buta daging duanana ogẻ.  Paling 25 taunan.  Bẻda saeutik jeung kuring ngan pẻdah tibalik angkana!

“Group abdi mah upami ngagowes tẻh jiga kieu tah Pa! Resep kanu nanjak!  Ka gunung, kukurusukan.  Malah bari mamanggul sapẻdah, upami kaleresan jalan buntu teh! Sagarut mah, tos kapapay sadayana!”  Muhidin nerangkeun.  “Uluh? Sok aruih tabuh sabaraha atuh?”  Tanya kuring, pura-pura olohok. “Nya kadang tabuh opat sonten.  Malah dugi tabuh lima ogẻ pernah!”  Jana, ngajawab. Bangun nu reueus  pisan.  “Beuh... meni lami-lami teuing nya.  Jigana tarebih pisan  unggal ngabosẻhna!” Waler kuring.  “Puguh kitu Pa.  Kantos group abdi mah ti Cirorẻk teh diteraskeun ka Gunung Satria kaluar-kaluar ti Citengẻk! Kusabab uihna mah nanjak ka Garutkeun mah.  Dugi ka nyegat treuk. Diloding wẻ sapẻdah dugi ka Garut!”  Ceuk Muhidin deui.  “Walah, kabayang capẻna nya?!” ceuk kuring deui beuki dẻdepẻan.  Padahal, dina hatẻ mah hayang seuri.  “Dupi Bapa, sok ngabosẻh kamana waẻ?!” Jana nanya. “Ah, abdi mah paling tebih ogẻ ka Situ Bagendit.  Kantos ka Situ Cangkuang tapi teu dugi.  Teu kiat!”  Jawab kuring.   Dina hatẻ mah bari seuri.  “Taaah, group abdi mah.  Kantos ka Lẻlẻs. Dikurilingkeun ka Sarkanjut.  Teras ditembuskeun ka Bagendit.  Kirang langkung 40 kilometer.  Da kaleresan Pa Budi rẻrẻncangan mah, nganggo sepidometer sapẻdahna!”  Jana ngadongẻng bari beuki  agul.  “Ih, uyuhan meni tebih kitu nya!  Abdi mah mending uih deui wẻ ari kitu teuing mah. Moal kiat jigana!” ceuk kuring beuki nanggap!

Bẻrẻs istirahat tanjakan, anu asalna taneuh.  Robah jadi beton disambung ku  jalan batu anu tarahal.  Beuki nanjak, beuki sepi.  Kebon awi anu kaliliwatan, diganti ku kebon palawija sabangsaning cabẻ, wortel, kentang, jeung bako.  “Tebih kẻnẻh ieu tẻh nanjakna?”  Meni teu sẻẻp-sẻẻp nya tanjakan tẻh!”  Kuring nanya deui, bari alon ngabosẻh. “Ke dipayun langkung netek Pa! Hẻmat tanaga wẻ!” Ceuk Jana bari napasna ngos-ngosan.  Teu ngajawab deui.  Duanana ngungkug.  Tanjakan beuki gurawil.  Ngan nu duaan katinggali ngabosehna beuki laun. Beuki ugil-ugilan Akhirna kusabab beak tanaga.   Reg areureun.  Jrut turun tina sapẻdahna.  Tarungkul, bari leuseuh kacida jigana.  Jiga badami, duana sarua leungeun kẻnca nyekelan setang. Anu katuhu nyekelan sadẻl.   Awakna semu nonggeng. Sirahna tarungkul sajajar jeung sadel.  Ngararasakeun kacapẻ anu nataku pisan.  Cai dina bidon (botol) nu maranẻhna geus bẻak.   “Mangga tipayun Pa!” Duanana mẻrẻan jalan.  “Ah, mangga wẻ.  Teu terang jalan abdi mah!” Kuring nolak. Srog-srog, nu duaan sukuna dilengkahkeun hiji-hiji. Satengah digusur.  Bari ngadodorong sapẻdah dina tanjakan.

Nepi ka desa Pasir Kiang.  Jalan beuki muncugug.  Jaba batuna leupas, tarahal pisan.  Anu duaan, geus ripuh pisan. Sapedahna didarorong jiga nu baralap.  Meus-meus eureun. Bari mencrong ka tukang, ningali ka kuring anu anger ngabosẻh lalaunan.  Teu ditungtun jiga maranehna.  Kusabab kesel jeung kagok tanaga katahan. Lila teuing, nunutur anu ngaggusur sapedahna.  Katompẻrnakeun.   Belenyeng wẻh, nu duaan tẻh disusul. Bari pupuntenan, badẻ nyobian tanjakan manawi lulus, cẻkeẻg tẻh.   Nepi kana jalan anu rada datar.  Reg eureun, bari istirahat.  Da nyaan lain lumayan tanjakan tẻh. Ninggali ka tukang.  Nu duaan teu katinggali jirim-jirimna acan.  Aya kana 20 menitna, kakarak jul jol.  Bari rarumahuh.  Raripuh pisan.  Bru! Muhidin malah meni ngagoler. Ngabeubeutkeun awakna sorangan.  Ngajoprak, nangkarak handapeun tangkal Eucaliptus.  “Lirẻn heula didieu Pa! Istirahat! Hoyong sabatang heula!”, ceuk Jana.  Kuring teu kuat nahan piseurieun.  Teu ngajawab.  Beretek lumpat muru ka nu suni. Key... ngahkey. Seuri  sorangan! 


Cikuray, 19 Maret 2017


Dess

Friday, March 10, 2017

Binatang M

Beberapa waktu lalu, kita dihebohkan dengan peristiwa penyebutan nama-nama ikan yang sempat jadi viral. Karena salah sebut ikan tongkol. Kemudian muncul pula nama ikan indosiar. Entah gugup atau panik, satu fakta ditemukan bahwa kedua peristiwa kedua calon penerima hadiah sepeda seperti kebingungan menjawab nama-nama ikan. Padahal salah atau benar jawabannya. Mereka pasti tetap akan mendapatkan hadiah sepeda.
Pada saat membahas materi keanekaragaman hewan. Seorang guru meminta setiap siswa menyebutkan hewan sebanyak-banyaknya yang awalnya huruf M! Berbeda dengan peristiwa di atas. Mungkin karena tidak gugup dan tidak dijanjikan hadiah apa-apa.
Dengan lantang satu demi satu paara siswa menjawab, sambil berteriak dan mengacungkan tangan setinggi mungkin!
A : Musaaaang!
B : Merpatiiiii!!
C : Murai!!!!
D : Makareeeel!
E : Mas! Ikan Maaaaas!
F : Mujaiiiiiiir!
G : Merpatiiiiii!
H : Mirkaaaaaat!
I : Marliiiiin! Ikan Marliiiiiin!
J : Marmuuuuuut! (Mulutnya monyong)
K : Maleooooooo! Burung maleoooooo!!!!
L : Manyung! Ikan manyuuung! (Monyong juga)
M: Monyeeeeeet! Bapak monyeeeeeettt!
Monyeeeeettt Bapaaaaaakkkk!!! Bapak
monyeeeeeettt! Bapak monyeeeeeettt!!!