Wednesday, September 7, 2016

Didèhèman Jurig

Ku; Dess

Jam 16.40 harita tèh karak nepi ka parkiran portal Arborètum di bumi perkèmahan Cibeureum, Gunung Kamojang. Sanggeus rada lila pick up nu dipakè tamu datang. Uing jeung babaturan anu biasa ngamarshalan (istilah dina sasapèdahan keur jalma anu jadi guide atawa panunjuk jalan) langsung ngabosèh ka tongohkeun, da tamu mah langsung diloding nepi ka luhur.  Geus dibejaan èta oge, ulahlah ka Cibeureum mah sorè teuing, cèkèng tèh. Tapi sabab, maksa nya diladangan wè. Da geus kawajiban marshal alias tuan rumah kudu bisa nyugemakeun tamuna.
Nepi  ka pertelon jalan oprod (offroad, single track) di Cibeureum tamu anu jumlahna 13 urang tèh kalah hayang nyobaan jalur DH (Down Hill) alias jalur nurugtug, anu teu kudu dibosèh. Ngan maranèhna engkè sanggeus nepi ka handap tèh kudu ngabarosèh deui nanjak ka pertelon ieu.  Teu bisa kumaha, nya diturut wè kahayang maranèhna.  Kusabab kuring mah teu resep kana DH, nya nugaskeun babaturan duaan, maturan tamu anu rèk tarurun ngajaran jalur DH tèa. Kuring, sorangan rek ngadon nungguan di pertelon. Bari ngareureuhkeun awak anu masih kènèh luat lèèt kèsang.
Sanggeus kabèh tarurun deui marakè sapèdahna sèwang-sèwangan makè jalur DH anu dibaturan ku dua urang marshal babaturan. Kuring mah gèk diuk sorangan di sisi jalan, handapeun tangkal pinus anu handapna rapang ku tangkal bako. Jam 17an... kuring ngagerentes dina hatè, sanggeus ningali kana èrloji.  Sora tonggèrèt meni jengèr, patèmbalan jeung sora cihcir. Kawantu di leuweung jam sakitu teh geus euweuh jelema. Rèhè comrèk ukur sèorna sora angin anu nebak leuweung pinus.  Sora bueuk hantem silih tèmbalan jeung pada baturna.  Untung harita ukur mirispis, teu hujan badag. 
Kuring makè wind shielder (jakèt ipis paranti nahan angin), laju diselètingkeun.  Da karasa hawa meni tiis matak noroktok gado. Kawantu di daèrah anu ka puncak Gunung ukur 3 kiloan deui. Ningali dina altimeter dina android kuring mah, 1440 mtbl (mèter ti luhur beungeut laut). Pantes tiris naker.  Karasa rada keueung lila-lila mah. Bulu punduk ngadadak muringkak.  Geus 15 menit ti saprak batur-batur turun kuring nungguan.  Dikira-kira mah paling ogè satengah jam geus baralik deui.
Tamba kesel, kuring nyokot walkman Sony pamèrè si Cikal jang maturan kuring gowès cènah harita tèh. Barang rèk ngasupkeun earphone kana liang ceuli: “EHEM...EHEM...!”, gebeg hatè ngagebeg, kadèngè di tukangeun aya nu dèhèm tarik naker. Sora lalaki ngan semu ngagerem. Reflek, kuring nangtung bari malik ka tukang, teu kebat masang earphone, suwung euweuh sasaha! Jantung ratug meni tarik naker, hate lelenyapan!
“EHEM...EHEM...!”, kadèngè deui sora nu dèhèm dua kali jiga tadi. Ngan ayeuna mah ti hareupeun pisan. Duka bakat ku sieun, atawa kagok asong. Hoak kuring ngagorowok:”Gandeng Kèhèd siah...! Dèdèhèman sagala,nafsi-nafsi wè hirup mah. Aing teu ngaganggu ka silaing. Silaing ulah ganggu ka aing!”. Panon molotot ka tempat datangna sora, anu tanpa jirim tèa. Hatè panteng, maca sholawat jeung ayat kursi, falaq binnas. Bari hatè mah lelenyapan sieun aya nu ngadeheman atawa anu leuwih ti èta.Dicarèkan kitu tèh, Alhamdulillah nu dèdèhèman tèh teu aya deui. Gèk kuring diuk deui, bari masang earphone. Ngadèngèkeun lagu Phil Collins, bari milu ngahariring jeung unggut-unggutan ngarasakeun ngeunahna lagu “Son of the man!” tina film Tarzan.
Jol rombongan anu tadi turun ka handap geus DH tea, kuring meni guligah. Ngan teu geruh yèn kuring didèhèman ku jurig siluman. Da mun dibèjakeun mah kuriak kabèh kabur takaburan, mangkaning geus reup-reupan asup ka magrib.





No comments:

Post a Comment