Friday, January 8, 2016

Ngukur Tuur, Ngeker Ceker ka Darajat


8 Januari 2016, jam 7.55 miang ti imah. Clak bujur nempel dina sadel neng Heisty si demplon simpenan katilu. Sukun nincak kana pedal. Niat mah ukur rek kanu deukeut we ka kampung Malayu, Samarang. Ngajajapkeun jersey nu babaturan. Si Heisti ngageuleuyeung nuturkeun nu mawa. Nurugtug ti padumukan mah, jog ka parapatan Maktal. Belok ka jalan Pembangunan anu ngaliwatan Rumah Sakit Umum Garut.
Beuki lila jalan beuki nanjak, komo palebah Cipepe mah nepi ka gerbang perbatasan Samarang ampir 4 km nanjak. Lumayan pingping panas. Henteu ari ngos-ngosan mah. Teu lila anjog ka hareupeun imah nu dituju, anu pernahna hareupeun SPBU Malayu. Teu kasampak nu ditujuna mah, ngan kabeneran aya pamajikannana keur ngasuh di hareupeun imah.
Sanggeus nitipkeun jersey.
Samemeh neruskeun ngaboseh, sup heula ka Alfamart rek meuli cai. Da tadi poho teu mawa bidon wadah cai. Si Heisty ngeureuyeuh, lalaunan ngulon. Bras ka pasar Samarang, biasa macet! Kira-kira 2 km nepi ka pertiluan Palnunjuk, anu lempeng ka Bayongbong anu ka katuhu ka Darajat. Teuing kumaha, suku teh bet ngajak mengkol ka arah Darajat. Padahal geus apal eta jalan teh euweuh mudunna saeutik-eutik acan. Nu aya malah netek,nanjak taya tungtungna. Deukeut jarak ti Palnunjuk ka Puncak Darajat teh paling oge 12 kilometer. Di jalan datar mah 12 kilometer mah paling oge, satengah jam kana sapedah teh. Ngan kusabab nanjak diitung-itung teh bisa 2 jaman.
Asup ka daerah Padakasih, katingali barudak SD keur ulin di luar. Keur alistirahat jigana. Hawar-hawar kareungeu kendang pencak silat. Keur lalatihan jigana mah. Jalan beuki netek. Komo palebah Padasuka mah estuning kuring teu wani tanggah. Bisa-bisa ragrag pangacian mun tanggah mah! Bras ka Pasir Wangi, beuki netek! Bari pungkal-pengkol jalan hotmixna beuki heureut! Sakali eta oge ampir disabet mobil Avanza hideung letter F. Jiga nu ngahaja nyered ka kenca. Padahal uing teh geus di sisi naker. Ku sabab keuheul dipaido we ku cumiduh! Sugan eureun, gelut sakalian! Keur mah uing nanjak ukur make tanaga kejo, katambah disered ampir ngagebrus ka solokan. Saha nu teu beureum beungeut!
Alhamdulillah ari digerenyem gurilem mah nepi oge ka Puncak Darajat. Beuki lila beuki netek, sababaraha kali eureun, bari reureuh. Motoan heula pamandangan anu matak seger kana mata.
Ari dikeureuyeuh mah teu burung nepi ka puncak, padahal mobil oge dipastikeun ngagerung dina gigi hiji! Nanjak make sapedah ka Puncak Darajat alus jang ngukur tuur ngeker ceker, atuh lamun teu kuat nepi ka jengker nya wajar da lain lumayan!



No comments:

Post a Comment