Friday, January 8, 2016

Sangu Pulen


Barang jog ka hareupeun Puskesmas Gajrug, budak teh duana marerod. Arembung asup ka buruan imah. "Alim ah, Danial mah hoyong uih deui! Hoyong ka bumi Buya di Garut!. Alim ka bumi eta! Sieun!", ceuk si Cikal merod! Matana mencrong ka imah anu poek mongkleng da harita waktu mulang ka Garut teh poho teu dihurungkeun.
Da tong boro budak atuh, dalah kuring wae hoream pisan cicing di dinya teh. Tapi, dalah kumaha, da daek teu daek estuning kudu ngalakonan hirup di diinya. Imah anu ditempatan ku kuring jeung anak pamajikan teh saenyana mah imah inventaris jang dokter. Aya 3 imah semi permanen, handap ditembok, ka luhur ku bilik. Tapi, kusabab teu pikabetaheun, dokter jeung perawat arang langka anu daraekuen netep di imah eta. Sasat tempatna di sisi kebon awi, ti terminal Gajrug anu sakaligus pasar kecamatan kurang leuwih 1 km. Hese cai, hese warung, listrik byar pet teh saenyana. katut geueuman da tonggoheun teh kuburan! Salila cicing di imah eta, aya tilu kalina si Awing bujang anu nempatan di imah nu hijina deui kasurupan!
 
Mun usum halodo, kapaksan kudu mandi jeung ngangkut cai ka lio, anu jarakna kurang leuwih sakilo ngaliwatan kebon awi jeung kebon eurih. Si Cikal anu harita keur umur 4 taun sok, ngiclik nuturkeun bari mawa kaleng urut cet jang mawa cai. "Engke kanggo ibak ibu...Hawatos upami ka lio mah, tebih!", ceuk budak ka kuring. Kuring ukur bisa mesem, bari nuturkeun budak ti tukang. Awakna nu meujeuhna ngareusi, katingali ngajadikeun bujurna ngadedod ari leumpang teh.
 
Jiga harita karak jol balik mudik ti Garut, teh geus pasti kana jam 20 peuting. Da harita mah masih keneh werit ku angkutan. Lamun indit ti terminal Guntur Garut jam 6 isuk-isuk teh, nepi ka Terminal Baranang siang jam dua beurang. Terus, kudu nungguan "Rudi" anu ti Rangkas. Harita zaman presiden Soeharto, beus "Rudi" mah ngajago pisan. Da cenah nuboga beus "Rudi" teh Ka Dirja anakna Jaro Karis, tempat pamuntangan presiden harita.
Ti Baranang Siang nepi ka Gajrug teh harita mah paling gancang 4 jaman. Mun lancar eta teh. Da sakapeung sok mogok, maklum mobil digeder jaba geus karolot. Geus jadi kabiasaan jrut di terminal Baranang Siang, ngadon moro heula meuli hayam goreng "Five Star" anu ayeuna katelah "Fiesta", baheula mah dina roda keneh, ngasong.
Kabeneran, harita mah usum mudik lebaran, jadi kapegat macet palebah Padalarang, Puncak jeung di Bogorna lebah Warung Jambu asana mah. Matak teu aral kumaha barudak, ampir 12 jam dina mobil. Bari jog ka imah anu meteng, paroek bari jeung di sisi lembur, lebakeun kuburan handapeun kebon awi.
Sanggeus diolo sataker kebek, bari jeung diais satengah dipaksa budak anu marerod daek asuk ka imah. Eta oge bari nyarumputkeun raray kana dada kuring. Sieun jigana mah, maklum budak sok boga indra kagenep cenah.
Sup, ka jero imah. Cetrek, cetrek lampu-lampu dihurungkeun. Keur mah ukur 10 watt-an, katambah ku spaneng plus voltase ngan 110 volt. Hurungna lampu teh alah batan hurungna cempor!
Budak duanana didiukeun dina karpet, anu juruna geus saroeh bawa ti Garut harita. Tipi 14 inchi dihurungkeun, ngarah barudak kapapalerkeun teu mikiran geueumannana imah.
 
Indungna asup ka dapur, ngisikan beas. Caina tina bak leutik tina semen ukuran 40x50x50 cm anu aya dikamar mandi. Saacan miang ka Garut teh, saminggu ka tukang dieusian heula pinuh bakna. Uyuhan nyesa keneh oge, sasat ukur ku semen, pasti nyerep teu jiga make porselen.
 
Lampu di kamar mandi mah ukur 5 watt, estuning taram-taram pisan titingalian teh. Uyuhan Indung budak bisa keneh ngisikan beas. Beas anu meunang ngisikan teh, langsung digigihan tur diasakeun dina langseng. Can usum magic jar harita mah. Bari nungguan sangu asak kuring jeung barudak anteng nonton tipi, anu layarna ukur 3/4-na tina 14 inchi da spanneng tea voltasena.
Sanggeus asak, sangu anu karak ngangkat tina langseng teh diakeul ku pamajikan dina boboko, dihihidan ku koran urut. Sarimbit meni ponyo tuang daging hayam goreng "Five Stars" anu meunang meuli ti terminal Baranang Siang tea. Sangu anu haneut keneh karasa pisan kiled, pulen pisan. Budak duanana pating celebek, geus mah lapar kusabab cape di jalan katambah aya sangu pulen jeung daging hayam goreng kararesepna. Atuh meni saramutut! Caracamuilan. Alhamdulillah...sanggeus tuang mah. Meni dug sek...!
"Ayah, ayaaah....!!!", isuk-isuk jam genep kadenge hawar-hawar sora indung budak ngagentraan ti kamar mandi. Panon, masih keneh rapet. Tunduh keneh, sasat karak lilir, kagareuwahkeun ku sora ngagentraan. Tunduh-tunduh keneh oge, satengah lulungu kuring muru ka kamar mandi.
"Aya naon Bu? Isuk keneh geus heboh!", ceuk kuring, bari panon satengah beunta.
"Tingali geura...!", ceuk indung budak bari nunjuk kana jero bak anu caina tadi peuting dipake ngisikan beas.
 
Dina jero bak, katingali sesa-sesa awak beurit anu geus ancur kukalilaan tilelep dina jero cai bak! Pantesan, sangu teh karasa pulen jeung semu amis!!!


No comments:

Post a Comment