Friday, February 26, 2016

Ulin ka Tempat Muja Jurig


Taun 1989 harita keur mahasiswa tingkat tilu ngalaksanakeun kuliah lapangan di basisir jeung leuweung Sancang Opat, Pameungpeuk, Garut Kidul. Ngaranna kuliah lapangan jurusan biologi, teu siga kuliah lapangan mahasiswa perhotelan. Pangrereban teh ukur di tempat pangolahan aci kawung di sisi leuweung. Ditilaman ukur make ponco tentara. Leuwih kurang aya 62 urang mahasiswa-mahasiswi harita nu miluan teh.
Dina kuliah lapangan harita, mahasiswa kudu bisa ngalaksanakeun sakabeh teori penelitian lapangan anu kungsi dikuliahkeun. Diantarana nalungtik habitat, populasi, tingkat kepadatan populasi sato jeung tutuwuhan nu aya di darat atawa di basisir laut nu aya di sakuliah tempat nu dijadikeun tempat pananglutikan kuliah lapangan. Kabeh mahasiswa dibagi sababaraha kelompok, nurutkeun lokasi panalungktikan. Sakelompok aya 6-8 urang mahasiswa disebar aya nu kabagian nalungtik flora jeung fauna nu aya di leuweung. Aya oge nu kabagean nalungtik sato jeung tutuwuhan di basisir, dilaksaksanekeunnana dina waktu isuk-isuk nepi ka jam sabelasan. Muru raatna cai laut. Sabab cai laut mulai pasang tengah poe.
Harita leuweung Sancang Opat teh, leuweung geledegan pangjero-jerona, pangsangetna! Loba keneh kacaritakeun nu pernah ngalaman kajadian aheng, teu kudu dicaritakeun didieu. Engke deui we dongeng percenahan ti babaturan anu sarua kuliah lapangan di Sancang opat harita. Urang caritakeun we pangalaman nu kaalaman langsung, jadi lain ukur cenah!
Dina sela-sela panalungtikan kuliah lapangan harita, kuring jeung sababaraha urang nu boga kawani leuwih, dina hiji peuting ngobrol jeung nu jadi kuncen. Bari siduru, ngariung si kuncen leuweung harita mun teu salah ngaranna Pa Udin. Dedegan awakna Pa Udin sedeng kira-kira umur 50 taunan. Kulitna hideung, panonna rancingeus, sorana beurat naker semu ngagerem. Cirining lain jalma samanea. Kasaksian we harita, manehna nginum cai ngagolak tina gelas anu karak cur pisan tina langseng. Teu disuruput, ieu mah dilegik nepi ka ledis. “Pa Udin, eta naha meni dilegik kitu cipanas! Teu panas kitu?”, ceuk kuring ka Pa Udin. Manehna ukur mesem terus ngawaler, “Hehehe...atuh keur naon cai dipanaskeun, digolakeun ari ditiiskeun jeung ditiupan deui mah! Menggeus we ulah dipanaskeun!”
Sanggeus ngobrol ngaler ngidul, Pa Udin, ngajak ka mahasiswa bisi hayang ningali tempat jelema nu hayang beunghar ku jalan enteng. “Tapi,omat rasiah ieu mah ulah betus ka jalma rea! Mun sanggup jeung boga kawani hayu isukan diajak ka tempatna!”
Kacaritakeun isuk-isuk keneh, Pa Udin geus saged rek ngajak ulin ka tempat unik tea. Ukur aya genepan harita mun teu salah mahasiswa nu sanggup milu ngadon ulin ka tempat, sasatna pusat pamarentahan jurig tea! Bral, mariang leumpang ka tengah leuweung sancang opat. Dina hiji tempat, katingali aya batu sisi guha jiga maung. Di sisi eta guha aya pancuran jeung balong leutik,katingali caina meni ngagenclang herang.
“Tuh, itu teh tempat tapa jeung ngahiangna Prabu Siliwangi, omat ulah sompral. Komo ngadon ngaheureuykeun sempal guyon!”, ceuk Pa Udin mere nyaho.Beuki ka jero, leuweung beuki poek. Tatangkalan beuki rembet. Sakali-kali kudu kokolongkongan, ngolongan akar kipas, nyaeta akar tangkal kai nu umurna geus ratusan taun. Sababaraha kali kulit karasa peurih katoel cucuk tangkal hoe. Beuki jauh ka jero leuweung, beuki rame ku sora sasatoan. Hate para mahasiswa nu milu kana rombongan beuki pating purengked. Beuki deukeut ka lokasi beuki karasa bau hangru, bau hanyir campur jeung bau menyan/dupa katut minyak duyung!
“Omat,ulah nyarita nanaon mun ningali nu araheng. Cukup ku ningali we wungkul, ulah nyawad, ulah melong kalilaan teuing. Saliwat we! Kade ulah diturutan da urang mah jalma iman! Ieu teh kalakuan jelema-jelema nu hayang beunghar ngadadak ngadon muji ka jurig, muja ka setan marakayangan”, ceuk Pa Udin deui mapatahan tur ngingetan. Kuring ngagerentes dina hate, “Naha atuh ari Pa Udin, geus apal ieu musyrik kalah ditunjukeun kumaha cara-carana ka jelma sasar eta!”. Ngan teu pok da Pa Udin jiga nu surti, “Heueuh... apal maranehna jalma sasar. Matakna ulah ditarurutan! Keun urusan Bapa mah urusan pribadi. Ngan omat ulah ditarurutan ku maraneh!!!”
Blus, asup ka “gerbang” akar kipas sagede naon mah, da rombongan oge bisa ngaliwat kalawan tanggah! Jadi bisa dibayangkeun sagede kumaha tangkalna! Hiek, kana irung beuki mebek bau hangru, hanyir jeung bau menyan katut minyak duyung! Dina dahan anu luhur hiji tangkal katinggali aya jelema keur diuk sila, panonna peureum, make “baju” tina boeh teu dikaput. Beungeut jeung awakna katingali kotor, caludih naker, teu wawuh jeung cai jigana mah geus sababaraha poe. Dihareupeun eta jelema aya parukuyan ngelun haseup menyan. Teu wani ngomong, da geus dipapatahan tadi. Dina hiji tangkal nu sejen katinggali deui hiji jelema keur ngagoler miring bari sidakep, panonna peureum deuih sarua make baju tina boeh. Beungeut jeung kulit awakna teu jauh beda jeung nu kahiji tadi, geus lila teu mandi jigana.
Pa Udin, nu dituturkeun ku rombongan blus asup ka hiji guha anu aya dihandapeun hiji tangkal anu umurna pastina geus ratusan taun. Diameter eta tangkal jigana sarua jeung beuteung munding!
Saacan asup ka jero guha, lebah lawang guha Pa Udin nitah eureun heula ka rombongan. Terus manehna, mere isyarat ka hareupeun guha, jiga keur ngomong kanu jaga. Nyarita make bahasa nu teu kaharti ku kuring jeung rombongan. Ngan leungeunna pepeta, saliwatan mah jiga jangjawokan basa sunda kuna, ceuk kuring mah meureun kieu unina: Punten ngiring lebet sakedap, sanes bade nanaon ieu mah. Barudak haroyong terang kumaha jelema-jelema nu keurt tapa di jero guha! Sanggeus Pa Udin nyarita tea, kadenge sora tapi euweuh jirimna. Sarua teu kaharti, sorana semu ngosom campur ngagerem. “Sumuhun,hatur nuhun... sakali deuin punten ngiring ngalangkung sareng nguningaan!”, ceuk Pa Udin sopan pisan, make basa Sunda ayeuna mah. Pa Udin mere isyarat ka rombongan sangkan nuturkeun manehna. Mahasiswa nu milu kabeh oge euweuh nu wani nyoara, simpe we. Da estuning keueung pisan najan pabeubeurang oge. Komo kadengen aya sora tapi euweuh jirimna.
Blus ka jero guha, henteu poek mongkleng mah da cahaya panon poe masih keneh bisa asup narabas ka jero guha. Di jero guha karasa hawa tiis, meni nyelecep kana kulit. Tapi hawa tiis anu asup kana irung mah angger pinuh ku bau jiga tadi di luar, bau hangru, hanyir, bau menyan jeung bau minyak duyung anu leuwih mebek. Taram-taram katingali ku panon sihoreng di jero guha teh, aya kamer-kamer anu dibentuk dina sisi guha anu nyangkedong! Jiga jang ngurebkeun mayit di jero kuburan geuningan, ngan ieu mah dina sisi-sisi guha tempatna teh.
Dina tiap kamer, katingali aya “nungontrak” jelema nu keur tapa hayang beunghar tea. Hiji taneuh nu nyangkedong dieusian ku hiji jelema. Rupa-rupa posina teh, aya nu sila andekak bari sidakep, nu ngagoler bari sidakep, aya oge anu sila tapi leungeunna duana ditapelkeun dina hareupeun irung jiga nu nyembah, aya oge taneuh nyangkedong rada jero jeung cukup keur jelema diuk sila sinutu tunggal! Awak eta jelema nu keur tarapa teh sarua dibarungkus boeh. Tapi, ari ditingali beungeut jeung kulit awakna mah sarua wae jeung anu katingali dina tangkal di luar tadi. Caraludih pisan geus lila tara marandi tea. Unggal ngaliwatan taneuh nyangkedong nu dieusi ku jelema nu keur tapa tea Pa Udin, ngaharewos ka rombongan. “Tuh itu keur ngipri! Nu itu keur ngepet! Nu itu keur muja ka monyet! Nu itu kana tuyul! Nu itu kana maung!”, bari nunjuk ka tempatna hiji-hiji. Harilap deui naon anu disebutan ku Pa Udin teh, da aya istilah-istilahna. Teu petot-petot kuring mah dina hate, maca nadzubillahi min dzalik jeung istigfar! Eta nu keur tarapa teh, aya nu peureum aya nu beunta malah ningali ka rombongan tapi teu cumarita nanaon. Ngan melong wungkul.
Rombongan balik deui ka tempat tadi asup. Samemeh kaluar ti guha. Reg pa Pa Udin ngarandeg hareupeun guha. Terus mere isyarat ku leungeun,pepeta jiga tadi rek asup bari cumarita deui, mun ceuk urang mah, hatur nuhun, bade pamit! Ulah ngaganggu ka barudak ieu da ukur hayang nyaho teu boga niat nanaon! Kadenge deui sora tan katingali jirimna ukur ngagerem handaruan jeung semu ngosom jiga ngageremna sora maung.
" Hmmmm....!!!.
Sanggeus wareg ningalian jelema sasatna sasar tea hayang beunghar ku jalan enteng. Pa Udin eureun sakeudeung di hareupeun guha, terus sakali deui mapagahan, “Omat sakali deui Pa Udin ngingetan. Sakabeh jelema nu dijero itu ulah ditarurutan ku maraneh! Eta jelema salasar, teu nyaho dikaimanan ka Pangeran! Urang mah jelema iman, mun hayang beunghar mah kudu gawe kudu usaha, ulah kujalan enteng bari jeung sasar! Sok bisi aya nu rek nanya ayeuna mah meunang!”, ceuk Pa Udin.
“Pa Udin, punten dupi eta jalmi-jalmi teh urang mana wae?!”, tanya kuring panasaran.
“Nya timana-mana aya wae, ngan kareaan mah ti Jakarta, Sumatra jeung Kalimantan!”, jawab Pa Udin. “Ari urang Garut mah arang langka teu aya asana mah!”, ceuk Pa Udin deui. Sanggeus kitu mah, Pa Udin ngajak balik deui ka rombongan ka tempat pangrereban salila kuliah lapangan tea.
Sanggeus balik kuliah lapangan jeung ulin ka tempat muja ka jurig tea, kurang leuwih tilu bulan. Kuring sok ngarasa aya nu nutur-nutur bari melongkeun kuring. Komo palebah rek sare mah. Sok aya nu moncorong, ngan tara dipalire. Harita kuring memang mawa oleh-oleh mangrupa hiji kai anu mangrupa iteuk. Panyepengannana eta kai jiga aki2 keur dongko. Duka tangkal naon, terus disimpen di kamer. Batur ngaronda ngagentenan Bapa kuring. Tapi kusabab sok ngarasa aya nunutur jeung karasa aya nunalingakeun tea. Eta iteuk di piceun, les weh ti harita tara aya nu moncorong atawa nu nutur deui!
Tah, kitu lalampahan kuring harita. Percaya teu percaya lamun di sabudeureun urang aya oray kajajaden, babi kajajaden, monyet kajajaden, mawa tuyul ka pasar jrrd. Da kasaksian harita memang aya jelema nu karitu teh ngajual nyawa ka jurig nyiliwuri, ka setan marakayangan. Mun kaalaman leungit duit teu pupuguh, nya tafakuran we kumaha harta urang teh geus beresih atawa acan zakatna? Jeung kade keur maca ieu dongeng, mun bulu punduk ngadadak cing sariak, hawa jadi nyelecep tiis, di tungkangeun jiga aya nu molotot, buukna rerewigan tapi taya beungeutan cirining eta mun keur solat sok aringet keneh kana hutang, konci leungit, hayang balik ka lembur da keur bubuara!


No comments:

Post a Comment