Monday, February 29, 2016

Pahebat-hebat Daerah

Di Denpasar Bali diayakeun simposium nasional perihal adat istiadat jeung kamonesan suku daerah nu aya di Indonesia.  Hiji-hiji tiap perwakilan daerah maju ka hareup. Pidato dina podium, ngembarkeun naon-naon anu aya di daerahna tur jadi bukti kaunggulan jeung agul ku eta ciri daerahna.

Pamilon Padang: "Rumah Minangkabau dan Jam Gadang di kota Padang!", corowok urang Padang bari meureupkeun leungeun ka luhur! Ngangkat miniatur  Imah Padang jeung Jam Gadang.  Kabeh nu haladir kaleprok.

Pamilon  Jakarta: " Monas! Moal aya monas tugu hiji-hijina anu make emas 150 kg", cenah bari nembongkeung miniatur Monas diangkat ku leungeunna.  Nu haladir kaleprok deui.

Pamilon Madura:" Sate Madura kuliner khas Madura, karesep anjeun sadayana!", bari nunjuk kana sate madura nu diwadahan dina piring.   Geeerrr, pamilon kaleprok deui.

Pamilon Papua :"Koteka! Makin panjang koteka yang dimiliki. Makin tinggi derajat kami!", ceuk urang Papua. Bari nunjuk kana koteka nu harita di pake ku manehna.  Geeerr... kaleprok deui.

Hiji-hiji wakil daerah anu jadi pamilon eta simposium maju, kabagean giliran maju. Bari kudu nunjukeun miniatur atawa bentuk asli kaunikan daerahna masing-masing. Kabeh meunang keprok anu meriah ti sakabeh pamilon.

Giliran urang Jawa Barat mah, anu kabeneran di wakilan ku Mang Syihab, jep kabeh jarempe. Karak patingkecewis ngaromongkeun. Nganaha-naha, pedah Mang   Syihab mah teu mawa nanaon. Mang Syihab mah kalem we. Sunda mah, kalem we maju kana podium. Terus ngahormat, uluk salam. Bari dodongkoan. Sopan pisan.

Mang Syihab:"Salak Cineam...!", cenah ngajorowok.
Kabeh pamilon, teu aya nu keprok hiji-hiji acan. Kalah marolohok teu ngarti. Naon anehna salak cineam?  Kusabab teu aya nu keprok.
Mang Syihab:"Salak Cineam, anu bisa ngahasilkeun manusa-manusa unggul di Indonesia!", ngajorowok deui. Kabeh pamilon kalah papelong-pelong teu ngalarti keneh. Teu aya nu keprok hiji-hiji acan. Malah patingharewos, naon unikna buah salak? Ruangan sepi jempling. Lir gaang katincak. 

Kusabab anger teu aya nu keprok wae. Pamungkas Mang Syihab ngetrukeun jurus pamungkasna. Manehna turun tina podium. Maju ka tengah panggung. Terus nukangan kabeh pamilon. Porosot, Mang Syihab morosotkeun calanana. Terus ngajorowok, bari nonggeng. "Salak Cineaaaaaaammm!!! Anu bisa ngahasilkeun manusa-manusa unggul Indonesia!!!"

Geeeerrrr...kabeh peserta kabeh surak meni ear!!! Keprok teu eureun-eureun bari patingcakakak!

Geeeeeerrrrrr... kabeh pamilon sarurak ager-ageran. Keprok teu eureun-eureun, bari narangtung kabeh...rumasa eleh kamonesan daerahna ku kamonesa "salak" Mang Yi Syihabudin ti Jawa Barat!

No comments:

Post a Comment