Tuesday, February 9, 2016

Amalan Hade jeung Amalan Goreng

Kacaritakeun di alam Mahsyar sakabeh amal-amalan manusa ditembongkeun boh nu hade boh nu goreng. Dua manusia si Bonteng jeung Si Cabe keur disanghareupkeun kana hiji amalan masing-masing.
Bonteng: "Ari anjeun teh saha?", tanya si Bonteng nanya ka Amalan manehna anu ngajirim jadi jelema anu nangtung hareupeun manehna. Pangawakannana jangkung leutik, kulitna bodas, rarayna bersih kasep, tur rambutna luwis, lambeyna emut ngagelenyu.
Amalan si Bonteng: "Beu, agan... apan abdi teh sakadang bobos tea, anu harita melepes, kaluar teu dipaksa, kaluar nyalira. Estuning abdi kaluar pinuh kaihlasan pisan", waler Amalan si Bonteng tea meni leuleus liat basana oge, sopan pisan. Si Bonteng atoheun pisan, gancang eta Amalan manehna digabrug.

Si Cabe mah reuwas taya papadana, da kahareupeun manehna aya nu nyampeurkeun. Awakna jangkung badag pinuh ku tato, kulitna hideung lestreng, panonna jamotrot bari bolotot, beungeutna goreng patut pisan alah batan si Karnadi bandar bangkong tea. Beuki deukeut nghaiek bau endog buruk.
Si Cabe:" Ari anjeun saha?", tanya si Cabe
Amalan si Cabe:" Apanan, aing teh bekok nu ku ilaing diheujeun-heujeun dihareupeun pamajikan sia!", ceuk Amalan si Cabe nyentak, bari jebrod nalapung si Cabe sataker kebek nepi ka labuh ngajolopong!!!

#‎pesanmoral Kade upami bobos dipayuneun caroge atanapi istri ulah diheujeun-heujeun ulah dipaksa, bilih kaluar sareng bukurna!



No comments:

Post a Comment