Friday, February 26, 2016

Ningali Jam


Hiji mangsa di hareupeun hotel di Cipanas. Aya turis keur culang-cileung. Teu apaleun jalan jigana mah. Kabeneran didinya aya Mang Udin tukang delman anu keur cingogo menerkeun sapatu kudana. Make bahasa Indonesia sabisana si turis nanya ka Mang udin.
Turis : Pak kalau mau ke Alun-alun Garut, dari sini naik mobil apa?
Mang Udin: Oh...gampil atuh mister. Naik angkot yang coklat saja. Nanti langsung ke Alun-alun.
Turis: Terima kasih Pak. (Bari ningali kana pigeulang leungeunna).
Turis: Kalau boleh tanya lagi. Jam berapa sekarang? Saya lupa tidak bawa jam tangan.
Mang Udin nu keur cingogo, nyingkabkeun buntut kuda.
"Jam Sembilan. Lebih 15 menit Mister!"
Si Turis olohok. Bari ngagerentes jero hatena. "Hebat ieu tukang delman. Ukur ngangkat buntut kuda bisa neguh jam".
Kasorenakeun si Bule nu karak balik jalan-jalan. Papanggih deui jeung Mang Udin anu keur cingogo keneh. Menerkeun sapatu kudana. Kusabab panasaran ku kahebatan Mang Udin. Si Turis nanya jam deui.
"Kalau sekarang jam berapa Pak?", ceuk turis.
Mang Udin ngangkat buntut kuda jiga tadi isuk-isuk. "Jam Enam belas lebih dua puluh!".
Si Turis inget manehna mawa hape. Ditingali jam dina hapena. Nyaan we. Persis jam 16.20!!!
"Bapak sungguh hebat. Hanya dengan angkat ekor kuda. Bisa menentukan jam dengan tepat! Kalau boleh tahu rahasianya. Bagaimana bisa begitu Pak!", ceuk si Mister.
"Ah, jangan lebay Mister! Biasa aja koq. Saya mengangkat ekor kuda karena mau melihat jam dinding besar yang nempel di lobi hotel depan kita itu!", ceuk Mang Udin bari mesem.

No comments:

Post a Comment