Monday, February 29, 2016

Dokter Anyar

Saurang dokter anyar karak pindah gawe ka NTT.  Manehna teh dokter karak lulus, anu ngahaja datang ka NTT pedah dokter anu geus kolot rek pangsiun. Si Dokter kolot ngajak ka dokter ngora milu nguriling ka desa tempatna praktek engke.  Sakalian ngarah warga kampung eta arapal ka dokter ngora anu rek ngaganti dokter kolot. 
Nepi ka imah nu ka hiji, nyaeta imah hiji nini-nini, "Abdi ngaraos nyeri dina patuangan dok!"
Dokter kolot:"Oh, pasti anjeun seueur teuing tuang buah anu seger! Janten patuangan Ema nyeri! Cobi engke mah kirangan tuang buah segerna. Engke, pasti moal karaos deui!"
 
Duaan dokter kolot jeung dokter ngora, neruskeun ka imah anu ka dua. Satengahing jalan dokter ngora, naros ka dokter kolot. "Naha, Akang tiasa ngadiagnosa eta kasakit nini-nini di bumi nu tadi, padahal Akang teu acan marios kitu kieuna?!", tanya dokter ngora.
Dokter kolot: "Lah, piraanan panyakit kitu. Ayi, tadi ninggali Akang pura-pura ngaragragkeun stetoskop. Tah, wakto akang dongko nyandak stetoskop. Akang, ninggali seueur cangkang cau dina tempat runtahna! Tah, ku seueurna cangkang cau Akang mastikeun naon kasakit si Nini"
Dokter ngora: "Edas, aya ku pinter Akang mah. Cing abdi bade nyobian di bumi anu kadua." 
 
Nepi ka imah anu kadua, sanggeus maranehna ngobrol aya menitna. Barang asup ka jero imah anu kadua, pribumina teh hiji randa keur ngagoler dina dipan di kamerna. Eta randa, bebeja ka dokter  yen awak manehna karasa lungse pisan jiga teu aya tanaga.  Taya tangan pangawasa, majar teh. "Abdi ngaraos enggal cape dina waktos ayeuna-ayeuna!", ceuk Nyi Randa.
Dokter ngora:"Ah, panginten Anjeun seueur teuing padamelan kanggo gereja nya?! Kirangan atuh kagiatan kanggo gerejana. Ulah sering teuing. Engke pasti moal karaos deui kasakitna!"
Geus rada jauh ti imah randa tea. Dokter kolot muji kana kapinteran si dokter ngora. Bari nanya, kumaha carana.
 
Dokter kolot: "Diagnosis Ayi, hebat, ampir leres pisan. Tapi, Akang hoyong terang kumaha carana Ayi neguh eta panyakit Nyi Randa?!"
Dokter ngora: "Haaar, apan abdi nurutan naon anu diajarkeun ku Akang di bumi anu kahiji. Abdi tadi pura-pura ngaragragkeun stetoskop. Pas nonggeng, abdi ninggal pendeta nuju nyumput di handapeun dipan Nyi Randa!"

No comments:

Post a Comment