Friday, June 10, 2016

Ngahormat Nu Puasa


Dina bulan puasa si Kabayan ambek pisan. Pedah beurang-beurang ninggali warteg sop buntut muka. Si Kabayan nyampeurkeun kanu boga warung.
Si Kabayan : Ari sia apal ieu bulan puasa?
Tukang Warteg : Tet...tet...terang Pak!
Si Kabayan : Yeuh, lamun rek buka oge atuh heug pasang hordeng!!! Halangan warung teh, ngahormat kanu puasa!!!
Si Kabayan muncereng, galak pisan.
Tukang Warteg: Sumuhun... mangga Pak
Teu lila warteg geus dihalangan ku hordeng. Buni pisan. Blus si Kabayan asup.
Si Kabayan: Tah, kieu atuh. Pan merenah. Cik sop buntutna saporsi!!!

No comments:

Post a Comment