Thursday, March 3, 2016

dokter hebat

Aya hiji dokter hebat jago pisan. Teu kudu mariksa make stetoskop tapi bisa neguh jeung mere cara ngobatan panyakit pasen2na. Hiji poe eta dokter dibaturan ku asistenna indit ka hiji imah randa anu nelepon cenah gering.
Nepi ka imah eta randa, kasampak eta si Randa keur ngagoler di kamerna. "Dokter abdi teh naha bet enggal leuleus, sareng henteu fit wae". Dokter :"Saena mah, Aceuk ulah seueur teuing ngurusan asin. Margi kirang sae kanggo kasehatan. Ulah unggal dinten teuing, nyaketan asin. Kirang sae kana tensi darah. Sok geura bakal damang!". Kaluar ti imah nyi Randa, asisten si dokter nanya. "Hebat pisan pa dokter mah, teu mariksa teu sing. Ujug2 tiasa terang eta panyawat nyi Randa! Kumaha carana dok?". Dokter: "Gampil atuh, tadi katingali kuring ngaragragkeun stetoskop? Tah, pas kuring ngarongkong... kuring ningali Mang Ayi, tukang asin keur ngahephep, ngadedempes tiarap handapeun dipan Nyi Randa tea!

No comments:

Post a Comment