Sunday, December 13, 2015

Nu Edan Kasurupan


Geus ampir 4 bulan tugas ngajar di pasisian Banten beulah kidul. Sakabèh warga kampung èta geus loma ka kuring. Kitu deui kuring geus warawuh ampir ka kabèh warga èta kampung. Ti ngaran Ka Tarsidi tokoh pangdikaajrihna ku èta kampung nepi Ka Waslan marebot masjid.
Ngontrak di hiji imah, anu leuwih pantes disebut saung. Ukur bilik butut pipidingna jeung rambang hayam keur hahalang jandela. Pantona tina triplèk anu geus bobo. Handapna ukur taneuh, kasebut ngupuk. Ari pangsarèan keur reureuh sarè peuting ukur dipan tina palupuh. Euweuh ruang tamu. Kamar mandi ukur dihalangan ku bilik carang satengah awak. Ngahiji jeung dapur anu make hawu. Bakna tina semen ukuran1x0,5×0,5 m keur nampung cai ari mandi. Ari caina ngèrèlèk tina selang leutik meunang nyolok tina bak masjid. Sabulan mayar 5 rèbu pèrak.
Kaayaan pacapabaan masyarakat di kampung èta rèrèana mah tatanèn, dagang makè aisan jualan sayuran jeung tèmpè katut lauk layur atawa pindang deles. Aya èta ogè nu muka toko, Ka Ahdi ngayaan kabutuhan warga kayaning kolontongan, sembako, kabutuhan ATK ngahiji jeung bau asin campur bau minyak tanah. Toko ka Ahdi ngarèndèng jeung tukang baso hiji-hijina di èta kampung.
Ari guru, koramil, camat jeung pagawean formal mah èstuning kabèh urang wètan. Nyaèta Cianjur, Tasik, Garut, Cimahi, Bandungn jstè.
Ari agama nu diagem mah 100 persen Islam. Masjidna ngajegir lumayan badag keur ukuran kampung sacangjewok anu ngan aya 120 umpi mah. SMP aya hiji. SD aya hiji. TK aya hiji. Kabeneran kuring tugas di SMP harita tèh.
"Kade ulah hèran Pa didieu mah. Lamun murid kelas hiji aya kana 20 urang paling anu nepi ka lulus mah 12 urang. Lamun usum panèn kitu deui kelas tèh kosong molongpong. Barudakna resep kènèh gacong batan sakola" Ceuk Pa Nandang guru senior anu geus 7 taun didinya, ngabèjaan bari mèsem. Harita tèh ngobrol di ruang guru. Anu kursi sofana geus rabèt barolong. Kitu deui para kantor geus barolong katimpa cai hujan da kentèngna balocor.
"Naha tiasa kitu èta anu lulus mung wewelasan Pa?" Ceuk kuring.
"Didieu mah kelas 1 SMP tèh geus dijodo-jodokeun ku kolotna. Kelas 2 tèh geus dikarawinkeun nikah agama. Jadi mun kelas tilu tèh jarang anu marilu ujian. Da ngalalahirkeun. Meunang èta ogè ijazah mah ngan ti KUA" ceuk Pa Nandang bari mesem deui.
"Kahadè ulah nganjang sosoranganan ka randa ngora atawa ukur ulin ka budak awéwé. Sok jadi ibur salembur majar kitu kieu. Lamun nganjang disuguhan sangu ketan jeung kopi sing tarapti wèh. Lain sakali dua kali salaki teu balik deui ka pamajikanana. Alatan pamèlelét sangu ketan jeung kopi. Lamun rek nginum kopi anclomkeun curuk urang bari basmalah. Insya Allah aya pangraksa ti Pangeran. Komo apanan Pa Deny mah tebih ti kulawarga. Hawatos abdi mah!" Pa Nandang mapatahan panjang lebar.
Hiji mangsa ibur salembur si Acih budakna Ka Sartam anu karak 1 SMEA di Rangkasbitung kasurupan ku Mbah Jambrong anu ngageugeuh di Pasir Mencek. Ear beja pabeja majar Si Acih geus teu boga kaera sok ngacacang. Seuseurian sorangan, bari ngariab-riab buukna. Majar jiga kunti, kawas anu geus naringali dina jirimna kunti. Sakapeung nyakaran beungeut bari jejeritan tur ceurik gagauran. Ceuk cenah mah, geus tilu poe imah Ka Sartam pinuh-pinuh wae kunu ngadon ngalongok, ari rereana mah ngadon narongton. Kusabab dijero imah pinuh, jalma teh raronghok naroong tina jandela.
Dina buruan saung butut kuring, barudak leutik anu keur maen kaleci mah komo meni pating kecewis, bari pating polotot ongkoh sieun tapi panasaran hayang ningali. Aralewoh majar jurig teh keur asup kana awak si Acih, bari sroooot ngingsreuk, atuh apolo 11 teh anu elok-elokan teh asup sapada harita. KUring ukur mesem da teu kabawakeun jiga batur, Lain teu hayang ngalongok da sok rada haroream pagelek-gelek, pasesedek ngadon ningali wungkul mah.
Dukun, paraji katut kiai ti suklakna ti siklukna geus digarero keur ngubaran parawan anu kasurupan. Si Acih malah ditambakeun langsung ku hiji dukun dibawa ka Pasir Mencek majar menta hampura bisi pernah ngaganggu kanu ngageuheuh alias Embah Jambrong tea. Pernah oge dimandian di walungan da majar katumpangan ku jurig jarian eta mah. Ku kiai dibacakeun surat yasin jeung ayat kursi. Lapur, kabeh oge euweuh nu nganggap mulia. Si Acih kalah beuki maceuh, malah sok bari ngarangsadan baju sagala cenah, nepi ka rubat-rabet sararoeh.
Harita teh poe Kemis, kabeneran keur euweuh jam. Ngadon maca buku jeung ngaderes Quran. "Assalamu'alaikum!", kadenge aya nu uluk salam bari keketrok kana panto. "Pa Guru! Pa Guru! Assalamualaikum!", jiga nu teu sabar tamu teh.
Kuring ka luar ti enggon, katinggali tina ram kawat jandela Ka Yaya ngajanteng di luar.
"Waalaikum Salam! Eh, Ka Yaya...mangga kalebet Ka!" ceuk kuring ka tatangga sabeulaheun saung kuring anu geus ngajanteng di hareupeun panton.
"Hatur nuhun Pa Guru, ieu katitipan amanat ku Ka Sartam wiren Pa Guru dihaturanan di bumina ayeuna pisan!" ceuk ka Yaya.
"Aya naon kitu Ka?" Ceuk kuring nanya.
"Duka, da abdi mah kaamanatan wungkul nyauran Pa Guru wungkul! Mangga atuh sareng abdi!" ceuk Ka Yaya deui.
"Muhun sakedap bade gentos heula!' ceuk kuring asup ka enggon, ganti baju bari mawa Quran leutik anu biasa dideres tea.
Imah Ka Sartam teh jarakna aya kana 700 meteran ti saung teh, Jadi teu lila geus anjog ka imahna. Kasampak, enya we lain beja. Imah Ka Sartam teh pinuh ku tatangga anu cenah ngaralongok anu kasurupan! Malah jiga nu edan dan jejeritan bari nyakaran jeung ngarangsadan baju sagala. Sakapeung nyakakak, sakapeung deui nyikikik! Les kapaehan. Kitu jeung we kitu we cenah.
Jol kuring datang teh, duka ku naha jelema anu pagelek=gelek teh nyalingray. Mere jalan bari arungeuk, jeung mesem. Bus kuring asup ka tempat anu majar kasurupan. Kasampak Si Acih keur direjengan, pada nyekelan. Awakna jejengkengan bari sakapeung, ceurik, terus nyakakak, ditungtungan ku nyikikik tea.
Ka Sartam anu keur nyekelan leungeun Si Acih teh nangtung, terus ngadeukeutan kuring.
"Pa Guru hatur nuhun tos sumping. Punten atuh ieu pun anak pangminagsarayakeun. Pangubarankeun. Mamanawian. Da tos dicandak kaditu-kadieu, malah nyumpinkeun jalmi palinter tapi Si Acih tos ampir saminggu teh kieu wae!" Ceuk Ka Sartam ngumaha ka kuring bari nyekelan leungeun. Indung Si Acih, ukur neuteup ka salakina bari carinakdak.
Kuring jadi ngahuleng, naha bet ka kuring. Melong heula ka Si Acih anu keur ngagoler bari panonna nutup. Kapaehan jigana mah. Kuring menta ka Allah sing dipasihan ilham. Alhamdulillah, aya ilapat ti pun Bapa kedah kumaha. Da apanan kuring mah ukur guru. Kabisa ukur ngajar Biologi. Maenya kudu ngubaran anu kasurupan, malah mandar jadi edan atuh! Tapi kusabab geus dipenta tulung, teu wasa nolakna. Kuring nyanggupan. Syaratna jelema anu ayara didinya kudu balik kabeh. Nu meunang aya didinya ukur kulawarga Ka Sartam katut RT jeung RW.
Tapi da ku barandel, anger we jelema anu narongton teh arembung balik. Akhirna, kuring ngelehan, menta Ka Sartam jeung dulur-dulurna sangkat mawa Si Acih ka kamer.
Sangeus aya di kamer kuring menta ukur aya Ka Sartam jeung indungna nu aya didinya. Salian ti eta kudu kaluar.
Maca alfatihah, ayat kursi, terus sholawat jeung hadiah ka almarhum pun Bapa terus ditiupkeun kana cai herang dina gelas. Kuring menta eta cai diinumkeun ka Si Acih ku Ka Sartam.
Mata Si Acih anu peureum nyah beunta. Tapi teu bolotot jiga tadi. Segruk eta budak teh kalah nyegruk.
"Acih, menggeus ulah gegeloan jiga kasurupan sagala. Bapa oge nyaho sabenerna maneh teh teu kunanaon. Ngan boga kakeuheul jeung kasieun nya?" ceuk kuring ka Si Acih,
"Sok dongengkeun, naha aya naon Dia bet jiga nu edan, ngarah katingali kasurupan jadi tongtongan balarea! Tah, Bapa jeung Indung Dia geura dongengkeun, geura nyarita naon nu jadi masalah!" ceuk kuring deui.
Si Acih, kalah nyegruk ceurik. Ka Sartam ngusapan rambutna.
"Sok geura ngadongeng, da Bapa Dia oge moal kukumaha!" ceuk kuring deui ngahatean. Si Acih nurut. Jep ceurikna eureun.
"Pa Guru, kami teh isin nataku pisan. Tos ampir 3 sasih abdi teu kareseban!" ceuk si Acih
"Heueuh, sok teruskeun. Naha bet teu kareseban Dia?" ceuk kuring deui.
"Enya, kami teh ti saprak sakola di Rangkas dianteur jemput kana Elepna Ka Sanip. Hiji poe pasosore keur hujan, ari panumpangna ukur kami sorangan. Ka Sanip ngeureunkeun mobilna di tengah jalan anu jauh kaditu kadieu. Kuring dibawa ku Ka Sanip ka saung kebon. Nya, kuring jeung Ka Sanip sapatemon di eta saung!" segruk deui si Acih nyegruk. Ka Sartam jeung pamajikanana ukur bisa papelong-papelong.
"Tah kitu geuninga Ka Sartam, jadi lain kasurupan Si Acih teh. Mangga wae saterasna mah badamikeun jeung kulawarga kumaha saena!" kuring nyarita ka Ka Sartam.
Ka Sartam teuing ngadenge teui henteu, da kuring teu dipalire. Reuwas jeung bingung jigana mah, akhirna mah Ka Sartam, paungku-ungku jeung pamajikanana bari nangkeup Si Acih.



No comments:

Post a Comment