Thursday, February 7, 2019

Papaéhan


DESS2019
Soré tadi, kuring ulin ka béngkél sapédah. Barang srog ka béngkél, ngan aya Bos Léfin nu boga bengkel, Mang Enjang, Mang Dédé jeung si Abah, mitohana Bos Léfin. Maranéhna keur baleberesih, sarasapu jeung mindah-mindahkeun sapédah. Gék diuk dina korsi palastik. Bari, mairan nu keur sarasapu jeung ngarepél.
Geus beres ngepel, Bos Lefin jeugn Si Abah mah ngiles duka ka mana.
Teu lila, jol hiji jalma jigana langganan béngkél éta ogé. Ngan kuring teu apal, éta saha-sahana. Da geus rada lila tara ka béngkél. Jadi pantes wé, lamun papangih jeung nu anyar pinanggih ogé. Itu ogé teu apaleun ka kuring. Disangkana téh, kuring jalma anyar deuih ka bengkélna téh. Pok manéhna, nanya: ”Sapédah téh, sanés tadi énjing-énjing tos disérpis?”
“Muhun!” jawab kuring. Pondok.
“Naha atuh, bet dicandak deui ka béngkél. Aya nu karaos deui?” Manéhna nanya deui.
“Ah, henteu. Amengan we abdi mah!” jawab kuring deui.
“Bade ngaboséh kamana kitu?” ceuk manéhna nanya deui.
“Ah, ka Bagendit paling oge abdi mah. Tara kanu tebih!” jawab kuring deui. Papaéhan!
“Eta sapédah Bapa, tiasa hérang deui. Upami dikumpon mah!” manéhna, ngabéjaan tidituna mah. Bari nunjuk ka si Spézy, anu puguh geus barabak bari kuleuheu cétna. Balas disiksa, ngaboséh leuleuweungan. Naék turun gunung.
“Raoseun sapédah Spécialis mah, dianggo ka gunung, raoseun. Dianggo dina babatuan raoseun. Mung dina jalan raya rada abot!” ceuk éta jalma. Jigana, ngoa pisan. Pédah kuring bébéja, ngaboséh paling jauh ukur ka Bagendit.
“Ieu sapédah abdi mah Pa!” Cénah, bari nungtun sapédahna ka hareupeun kuring diuk. Sapédah, jenis AM (all mountain), banna badag pisan.
“Walah, meni badag pisan nya banna Mang De!” ceuk kuring pura-pura belegug, nanya ka Mang Dédé.
“Muhun, Pa. Ban, pélekna badag. Janten jiga ageung! Ari ukuran mah sami, 2,50” ceuk mang Dédé saruana.
“Ban badag kieu ogé. Abdi mah,ngabelesat Pa dina tanjakan mah. Komo upami di jalan raya, digentos ku ban alit. Abdi mah bakal ngabelesat pisan!” pok deui éta jalma agul pisan.
“Muhun, pasti upami digentos ku ban alit mah!” ceuk kuring. Angger, papaéhan.
“Tinggal Pa! Sapédah abdi mah. Upami diangkat teras dibeubeutkeun. Bakal ngancul, disada. Blep. Blep!” anger bari pepeta. Terus sapédahna diangkat kudua léungéun. Dibéubéut-béubéut, sababaraha kali!
“Walah, luar biasa….pasti raoséun jigana nya dianggona!” Ceuk kuring jiga nu kabita.
“Beuh, raoseun pisan Pa. Malihanan, kamari abdi ngaboséh ka Talagabodas. Walah éta tanjakannana, teu aya mendingna! Mendak turunan téh, mung sakali. Éta ogé paling 50 méter. Tidinya mah, wah parual paréol, teu aya datarna dugi ka puncak! Angkatna mah, abdi nanjak dugi ka sajam satengah ti Wanaraja téh. Ari pas, turunna ti puncak, ukur 10 menit ogé henteu Pa! Ah, motor trail ogé. Disabetan we ku abdi mah! Lep! Bet! Dugi ka handap pendak deui sareng motor anu disalib téa.Éta, nu numpakna kuat gogodeg. Bari nyararios, tur méré jempol ka abdi. Hébat pisan éta sapédah! Dina tikungan ogé, ti awal kénéh abdi mah tos dikedut. Tara ngerem di sakalikeun. Janten upami ngerém dina tikungan, bari turunan. Ngerémna ulah disakalikeun Pa. Sakedik- sakedik wé dikedut. Janten moal labuh!” Panjang lébar, bari mapatahan ka kuring éta jalma. Kuring beuki pogot. Bari, beungeut dijieun leuwih polos.
Mang Dédé, jeung Mang Enjang, ukur silih rérét. Bari teu karuat nahan piseurieun.
“Dupi ka Talagabodas sabaraha tikétna?” Tanya kuring
“Lima rébu rupia. Éta ogé, négo wé abdi mah. Kapungkur, abdi kantos diloding heula. Janten, uih ti kawah téh, langsung tiasa tuang liwet di warung. Ari kamari mah, uih ti kawah. Manawi téh, pesen liwet téh. Tos aya liwetna. Sing horéng masak heula! Atuh sajam, abdi nahan lapar Pa!” Jawab manéhna deui.
Padahal mah, ka Talagabodas mah kuring geus belasan kali. Samalah jalan motong ka tengah leuweungna anu geledegan waé lain sakali dua kali. Sababaraha jalan satapak, anu bisa dipaké motong sangkan hayang panjang atawa pondok. Geus apal. Asup ti mana. Bras ka mana. Pernah, didongéngkeun harita Mang Apén, bobor karahayuan. Ngajleng, ka jurang téa!
“Hampang pisan sapédah abdi mah Pa. Jiga beurat wé, pédah tongkronganna wungkul. Tos diboséh mah hampang. Raoseun pisan. Tebih atuh sareng spesialis nu Bapa mah! Geura, mangga wé cobian!”Ceuk manéhna deui. Bari nitah nyobaan sapédahna, ka kuring.
“Ah, teu wantun. Bilih reksak, sapédahna! Abdi mah, ngaboséhna ogé paling ka Bagendit pan!” jawab kuring deui.
“Moal, nanaon Pa. Sok wé cobian!” manéhna ngajurung, satengah maksa.
“Alim ah, teu wantun. Bilih reksak!” jawab kuring deui keukeuh embung. Si Mang Dédé, mésem teu méré koméntar nanaon.
Keur uplek kitu, jol batur sagrup kuring. “Mang Tébé, émang ka Talagabodas téh nanjak kitu?” Tanya kuring ka babaturan nu karak hol. Tidituna mah nyelok, ngarah mairan. Kahayang mah ngaenyakeun. Barang ninggali kuring langsung akrab jeung mang Tébé. Jigana éta jalma geus wawuh jeung mang Tébé mah. Éta jalma langsung balem, ngabetem sapada harita.
Kuring ngamaklum, pasti manehna curigaeun ka kuring. Naha kuring bet jiga nu akrab jeung mang Tébé. Kuring ngaléos. Blus ka musola, ngadon solat asar.
Bérés, solat Asar, kuring nyampeurkeun deui. Éta jalma ujug-ujug langsung pamit. Kuring ngamaklum.
Sing horéng, basa kuring keur solat Asar, ceuk Mang Tébé, nyarita kieu cénah.” Ah, abdi mah A, da nembéan. Gowes ogé nunutur Agus Graz. Ari si Bapa éta, sok ngagowés tara?”
“Oh, kadé éta mah dina nanjak ogé gowés, tara turun. Ngan sok api-api, Ngalejokeun kanu teu apal mah!” Ku Mang Tébé cénah dijawabna kitu. Atuh jawaban kitu kalah nambahan matak ketir ka éta jalma.
“Oh, kitu A…?! Abdi badé wangsul heula nya!” ceuk eta jalma bari buru-buru nyokot sapédahna. Belesur, teu ngalieuk deui ka tukang!
“Anggeeeerrrr…ari geus ngajailan batur téh!”, ceuk Mang Tébé ka kuring bari seuri!😝

No comments:

Post a Comment