Friday, February 10, 2017

Cocoba

by: DESS

Babaturan kuring, sebut wae ngaranna mang Ayi.
Kuat pisan dina ghirah agamana. Lamun aya pangajian dimana wae anu sakira masih keneh bisa dijugjug mah pasti datang. Tara ieuh mikiran mentrangna panon poe atawa hujan, beurang atawa peuting dalah subuh wae diudag ku mang Ayi mah.Estuning salut pisan kuring ge kana semangat jihana. Jiga basa sholat Subuh berjamaah tanggal 12 Desember di Gasibu. Ngahajakeun manehna indit peuting-peuting ti Garut. Sakalian hayang milu ta'ziahna Aa Gym cenah. Nepi jam hiji peuting, teu ieuh peureum. Langsung sholat tahajud, jeung jamaah lainna anu harita oge sarua geus haladir ti suklakna ti siklukna.

Rengse sholat Subuh berjamaah, disusul ku  ta'ziah ku para ulama. Mang Ayi ngaregepkeun kalawan daria pisan. Malah, milu ceurik basa Aa Gym mere tauziah mah. Nyegruk...  Kusabab niatna oge milu sholat Subuh berjamaah jeung ta'ziah, jeung kudu ngurusan dagangan jongkona, kaki lima di Ciledug Garut. Mang Ayi langsung mulang. Manusa teu ngahayang-hayang, takdir teu bisa  dipungkir. Sakabeh mahluk keuna ku takdir jeung kodar tinu Maha Kawasa. Harita mang Ayi clak kana motor, titingaliannana bet paraoek. Teu bisa ningali nanaon. Panik, nelepon pamajikana, yen manehna jadi teu bisa ningali. Pamajikanna kalah milu panik, ngajerit kadenge ku manehna. Les...jigana pamajikannana pingsang. Kesang tiis morolok saawak-awak. Mang Ayi, nyegruk. Istigfar teu eureun...naha Gusti bet moekeun titingalian abdi? Kirang kumaha abdi ibadah ka Gusti... Cocobi naon anu kedah ditandangan ku abdi teh Gusti? Cimata Mang Ayi murubut, buru-buru rek nyusut cimata. Mang Ayi lalaunan ngusap cimata.

Subhanallah, Allah moal mere cocoba, naon anu moal bisa ditandangan ku umatna. Sing horeng teu aya nanaon. Teu aya masalah nanaon, ngan Mang Ayi poho make helemna tibalik!
#16122016
DESS





No comments:

Post a Comment