Wednesday, December 14, 2016

Poliandri


Tilu puluh dalapan poe, genclang-genclung, leumpang sakaparan-paran, nuturkeun lengkah nu teu puguh nu dijugjug. Buuk gondrong sataktak,  kumis janggot rambosbos, kulit beungeut jeung kulit awak mah tetep beresih dan tara kaliwat ku wudhu.  Peci  hideung nu geus lepek teu leupas nutupan sakadang hulu anu gondrong.  Kitu deui kacamata minus anu lensana geus pinuh ku goresan teu leupas dina luhureun irungna.  Tilu puluh dalapan poe Ceng Rowi nyirian poe dina hatena.  Henteu ari owah mah, kusabab imanna kuat. Tilu puluh dalapan poe, manehna ngadon sare di masjid.  Tilu puluh dalapan poe tiap sangeus sholat manehna ukur bisa nyegruk. Nyeri hate ku pamajikan....

Tilu puluh dalapan poe anu kaliwat, harita basa  bada lohor manehna mulang ka lemburna. Sanggeus ampir opat taun leuwih indit ka Sumatra ngadon bubuara jadi tukang hordeng.  Ngabelaan pamajikan anu kakarak dikawin genep bulan. Nyiar kipayah seja nganafakahan lillahita’ala.  Sabulan sakali ngirim hasil tina ngiriditkeun hordeng keur dahar  pamajikan anu ditinggalkeun di Cibatu, Garut.  Ngan nyaeta kitu, ari ngaran hirup tina ukur mercayakeun barang ka batur saliwat bari ukur ngandelkeun dibayar ku dicicil mah.  Loba anu teu malayar, antukna barang beak, Ceng Rowi beak modal.
Kungsi mere iber ka pamajikannana, anu katelah Nyimas Ilah yen moal bisa ngirim nafakah sawatara waktu mah, ku sabab loba konsumen anu teu malayar, macet kreditannana. Rek balik teu boga duit jang meuli tiket.  Dahar oge antukna sakapanggihna, kadang dahar isuk henteu sore, Mondok moek ukur ti masjid ka masjid.  Lila teu bisa ngirim kabar ka pamajikan jeung kulawargana kusabab teu boga hape da dijual pake meuli dahar.  Ampir  sataun hirup sakaparan-paran, estuning ukur ngarah bisa hirup jeung dahar saayana.  Ari sholat jeung ngaji mah tara kaliwat.  Komo puasa Senen Kemis, keur mah eukeur rajin ti saacan kawin oge nyenen kemis. Katambah hirup werit, jadi geus teu aneh deui ku puasa Senen Kemis teh.  Malah ditambahan ku puasa unggal 13 nepi ka 15 bulan Islam.

Kusabab sono ka anak pamajikan. Harita maksakeun balik ka Garut. Nya turun unggah ukur naek truk anu ka jawakeun.  Duka sabaraha kali manehna ngalipten, bari sasadu ka supir atawa kenek ngarah bisa diajak naek truk. Nepi ka Bakauhuni, manehna, ngabelaan kuli pura-pura jadi tukang angkut. Ti Merak kitu deui milu kana truk anu rek mulang ka Tasikkeun  ngirimkeun beas ti Lampung. Sare di mushola atawa dina luhur truk.  Dahar oge kumaha pamerean ti supir jeung kenek truk anu karunyaeun ka manehna.

Pabeubeurang kira wanci tengah poe.  Jrut, manehna turun tina truk di Pertelon Warung Bandrek, laju muru ka kampung Cikarees dina lamping gunung Kancil. Kusabab teu boga duit saperak-perak acan. Najan awak nahnay, beak tanaga bari beuteung kukurubukan lapar.  Maksakeun ngagusur sukuna, muru ka kampungna anu kurang leuwih aya dalapan kilometerna.

Anjog ka hiji masjid di Karoya, Ceng Rowi mengkol. Teu tahan ku hanaang, legik-legik nginum cai atah tina cai pancuran masjid eta. Cai ngagenclang herang, ngagolontor tina pancuran awi.  “Alhamdulillah...!” hatena ngagerentes, sanggeus kitu manehna wudhu. Sholat Lohor, bari beuteung lapar kacida.  Sukuna ngalengkah deui lalunan nuturkeun rel kareta api, anu ka Statsiun Cibatukeun. Ransel butut paranti mawa dagangan hordeng di sampaikeun dina taktakna. Kaca panon morosot ge geus teu dirasa bakat ku leuleus jeung cape.  Beungeut luat-leet ku kesang.  Panon poe, jiga nu teu karunyaeun pisan. Moreret, maklum tengah poe.

Jol ka sisi kampung, hatena beuki beukah, kasono beuki rongkah. Srog, nepi ka hareupeun imahna.  Kasampak dina teras imah.  Aya lalaki saumuran manehna keur diuk tungkul dina korsi panjang tina kai meunang nyieun manehna baheula saacan indit ka Sumatra.   Panon eta lalaki, neuteup geugeut kana beungeut si awewe.  Leungeunna  bangun nu nyaah pisan, ngusapan buuk hideung meles kandel tur panjang. Beungeut anu keur ngagoledag peureum dina pingping si lalaki teh katinggali bangun anu tibra pisan, Beuteungna katinggali bureuyeung keur kakandungan....

Garut, 15122016

DESS

No comments:

Post a Comment