Friday, February 10, 2017

Disleksia jeung Ampir Autis

ku: DESS
Fera Faridatul Habibah, nenehna, Fera bae. Budak kuring anu katilu. Fera teh dicokot tina kecap costa fera anu hartina tulang iga (kuduna mah vera, tapi kusabab nyieun akte anu ngetik salah jadi Fera). Teu jauh umurna jeung si Cikal, ukur beda 2 taun. Dina waktu lahir mah normal teu aya gangguan nanaon. Lungsur langsar. Kitu deui dina perkembangan fisiologis jeung anatomis katut psikomotor mah kaitung gancang. Beda tinu lian.
Kasalempang, mimiti datang basa Fera umur 3 taun. Can bisa ngomong. Ukur "tca-tca-tca....". Boh keur ambek, keur ngobrol atawa diheureuyan ukur "tja-tja-tjca....". Melang estuning melang. Neangan dina buku jeung nanya ka Abah Google kumaha carana sangkan cageur. Teu aya obatna anu pasti. Melang, nya melang pisan harita kumaha kudu diubaran. Ngumaha ka akina. Nya harita dibere kueh mari anu ditulisan make mangsi beureum tina japaron, duka tulisan naon dan hurup arab gundul.
Saminggu ti dibere, syareatna tina kueh mari hakekatna pitulung tinu murbeng alam. Alhamdulillah, budak teh, bisa nyebut, Ayaaah, Ibbbu, Aaaa... ukur kitu jeung kitu we. Cipanon jeung indungna meni murubut bakat ku atoh. Akhirna mah hantem, diajak ngobrol, diajarkeun sagala anu aya dihareupeunnana disebutan. Timimiti kecap, mamam, eueut, bobo, gelas, cangkir, sendok jste. Alhamdulillah budak teh lancar pisan. Gancang nurutan. Kadituna mah normal weh, ngan ari ngecapkeun hiji kecap sok aya we salahna teh.
Umur 5 taun kusabab pindah ka Banten, anu bahasana arapal meureun. Nya akhirna mah kudu make bahasa Indonesia. Da sieun kapangaruhan. Nepi ka umur 7 taun, nyebut kelelawar, jadi kewewawar, mentega jadi mene'ga, air jadi ari, baju jadi buja. Pokona sababaraha kecap jadi sok tibaralik. Sakapeung hayang seuri, da lucu. Sakapeung hariwang. Nya lalaunan lamun, manehna salah ngucapkeun kecap sok dititiah ngawulang lalaunan. Nepi ka benerna.
Ampir Autis.
Asup sakola SD dina ngamimitian mah normal. Taya gangguan nanaon. Estuning lancar, boh diajar ngitung, diajar nulis, diajar maca. Ngan kabehdieunakeun budak teh bet jadi cicingeun. Guruna nepi ka datang ka saung majar, ieu putra kedah dikumahakeun. Calikeun pisan. Batur mah narulis, maraca, ngaritung. Tuang putra mah kalah ngaguntingan kertas, atanapi nyoehan buku dugi ka lalembut pisan. Teu malire ka rerencangan atawan ka guruna.
Kuring jeung indungna lain, teu merhatikeun. Ti saprak sakola, budak teh kalah sok nyileungleum di kamerna. Tara kaluar. Ari diintip kasampak, kamar teh pinuh ku guntingan kertas jeung baju!
Jawaban harita ka guruna. Muhun, matakna disakolakeun oge supados pinter. Mangga nyanggakeun bade dikumahakeun oge.
Tapi sabenerna kuring jeung indungna teu cicing. Budak diintip, naon karesepna. Ulin jeung karesepna ngaguntingan naon wae. Ka halis-halis jeung buukna digunting beak sabeulah! Matak paur. Matak ringrang. Matak hariwang. Tara ngomong, tara nyarita. Mingkem we. Cicingeun. Estuning balem. Lamun aya kahayang atawa kanyeri ukur cirambay euweuh soraan.
Keur ngarahkeun bakatna kana gugunting, dibere kertas lipat berwarna. Kumanehna diguntingan dijieun mamanukan, babajuan, bubukuan jste. Anteng pisan, tara kaluar. Sanggeus kitu dibere kertas gambar jeung krayon. Hantem ngagutrut teu eureun-eureun ngagambar naon wae bari jeung teu puguh bentuk. Lalaunan diajarkeun maca quran ku indungna. Bisa tur daek pisan. Akhirna, tiap bada sholat manehna maca Quran, anu diteruskeun ku guguntingan jeung gagambaran. Ti saprak maca Quran, jadi daek ngobrol. Daek seuri. Daek barang penta itu ieu. Komunikasi lancar deui.
Ngan, lamun nyarita jadi capetang pisan. Hese dieureunkeun. Euweuh titik, euweuh koma. Kadang diselang ku aa eueu... jiga Habibie ari nyarita. Pedah naon anu rek diomongkeun jiga pinuh dina pikiran metet. Hese dikaluarkeun.
.........................................................
Cikeneh, manehna karak jol ti Bandung da keur kuliah S-2 di Kimia di Institut Gajah Diuk. Teu karasa waktu meni asa nyerelek. Budak teh geus jadi dosen. Asa cikeneh manehna ukur bisa nyebut "tja...tja....tja..." bari halis jeung buuk beak sabeulah diguntingan. Alhamdulillah, nuhun Gusti....! Teu karasa mata bet jadi baseuh!
12212016


No comments:

Post a Comment