Jam 16.40 harita tèh karak nepi ka parkiran portal Arborètum di bumi
perkèmahan Cibeureum, Gunung Kamojang. Sanggeus rada lila pick up nu dipakè
tamu datang. Uing jeung babaturan anu biasa ngamarshalan (istilah dina sasapèdahan
keur jalma anu jadi guide atawa panunjuk jalan) langsung ngabosèh ka
tongohkeun, da tamu mah langsung diloding nepi ka luhur. Geus dibejaan èta oge, ulahlah ka Cibeureum
mah sorè teuing, cèkèng tèh. Tapi sabab, maksa nya diladangan wè. Da geus kawajiban
marshal alias tuan rumah kudu bisa nyugemakeun tamuna.
Nepi ka pertelon jalan oprod
(offroad, single track) di Cibeureum tamu anu jumlahna 13 urang tèh kalah
hayang nyobaan jalur DH (Down Hill) alias jalur nurugtug, anu teu kudu dibosèh.
Ngan maranèhna engkè sanggeus nepi ka handap tèh kudu ngabarosèh deui nanjak ka
pertelon ieu. Teu bisa kumaha, nya
diturut wè kahayang maranèhna. Kusabab
kuring mah teu resep kana DH, nya nugaskeun babaturan duaan, maturan tamu anu rèk
tarurun ngajaran jalur DH tèa. Kuring, sorangan rek ngadon nungguan di
pertelon. Bari ngareureuhkeun awak anu masih kènèh luat lèèt kèsang.
Sanggeus kabèh tarurun deui marakè sapèdahna sèwang-sèwangan makè jalur
DH anu dibaturan ku dua urang marshal babaturan. Kuring mah gèk diuk sorangan
di sisi jalan, handapeun tangkal pinus anu handapna rapang ku tangkal bako. Jam
17an... kuring ngagerentes dina hatè, sanggeus ningali kana èrloji. Sora tonggèrèt meni jengèr, patèmbalan jeung
sora cihcir. Kawantu di leuweung jam sakitu teh geus euweuh jelema. Rèhè comrèk
ukur sèorna sora angin anu nebak leuweung pinus. Sora bueuk hantem silih tèmbalan jeung pada
baturna. Untung harita ukur mirispis,
teu hujan badag.
Kuring makè wind shielder (jakèt ipis paranti nahan angin), laju diselètingkeun. Da karasa hawa meni tiis matak noroktok gado.
Kawantu di daèrah anu ka puncak Gunung ukur 3 kiloan deui. Ningali dina
altimeter dina android kuring mah, 1440 mtbl (mèter ti luhur beungeut laut).
Pantes tiris naker. Karasa rada keueung
lila-lila mah. Bulu punduk ngadadak muringkak.
Geus 15 menit ti saprak batur-batur turun kuring nungguan. Dikira-kira mah paling ogè satengah jam geus
baralik deui.
Tamba kesel, kuring nyokot walkman Sony pamèrè si Cikal jang maturan
kuring gowès cènah harita tèh. Barang rèk ngasupkeun earphone kana liang ceuli:
“EHEM...EHEM...!”, gebeg hatè ngagebeg, kadèngè di tukangeun aya nu dèhèm tarik
naker. Sora lalaki ngan semu ngagerem. Reflek, kuring nangtung bari malik ka
tukang, teu kebat masang earphone, suwung euweuh sasaha! Jantung ratug meni
tarik naker, hate lelenyapan!
“EHEM...EHEM...!”, kadèngè deui sora nu dèhèm dua kali jiga tadi. Ngan
ayeuna mah ti hareupeun pisan. Duka bakat ku sieun, atawa kagok asong. Hoak
kuring ngagorowok:”Gandeng Kèhèd siah...! Dèdèhèman sagala,nafsi-nafsi wè hirup
mah. Aing teu ngaganggu ka silaing. Silaing ulah ganggu ka aing!”. Panon
molotot ka tempat datangna sora, anu tanpa jirim tèa. Hatè panteng, maca
sholawat jeung ayat kursi, falaq binnas. Bari hatè mah lelenyapan sieun aya nu
ngadeheman atawa anu leuwih ti èta.Dicarèkan kitu tèh, Alhamdulillah nu dèdèhèman
tèh teu aya deui. Gèk kuring diuk deui, bari masang earphone. Ngadèngèkeun lagu
Phil Collins, bari milu ngahariring jeung unggut-unggutan ngarasakeun ngeunahna
lagu “Son of the man!” tina film Tarzan.
Jol rombongan anu tadi turun ka handap geus DH tea, kuring meni guligah.
Ngan teu geruh yèn kuring didèhèman ku jurig siluman. Da mun dibèjakeun mah
kuriak kabèh kabur takaburan, mangkaning geus reup-reupan asup ka magrib.
No comments:
Post a Comment