Poè harita kuring ngabosèh gunung sosoranganan, batur-batur mah teu bisa
ngabarosèh ari poè Saptu mah da garawè.
Maklum ukur buburuh di toko atawa jadi Satpam. Èta geus diharulag ku babaturan ulah
sosoranganan ari ngabosèh ka Gunung Satria mah, sok loba anu kacaritakeun. Aya
benerna deuih, geus opat kali ngabosèh ka Gunung Satria anu pernahna aya di
perbatasan Cigalontang-Singaparna, Tasikmalaya jeung Cilawu, Garut. Tapi harita
kuring ukur mesem, da geus biasa lamun batur teu bisa ngabosèh. Sok indit wè sosoranganan sanepina. Sacapèna.
Nya balik ka imah tèh, paling cepet jam 3 sorè atawa pernah kètang malah nepi
ka jam tujuh peuting.
Indit kira wanci jam dalapan isuk-isuk ngabosèh muru ka Cirorèk, Cilawu.
Pedal dibosèh lalaunan. Keur mah eukeur ti palebah Sukadana ka Ngamplang mah
nanjak aya kana 4 kilometerna. Jaba ngabosèh sorangan jadi rinèh wè ngabosèh
tèh. Nepi ka pertigaan Cirorèk, Si Spezy, nenehna sapeda nu kuring,
dipèngkolkeun ka beulah kènca ka arah Cirorèk, Cilawu. Jalan beton, lumayan
netek. Nuju ka leuweung karèt, milik
perkebunan PTPN VIII.
“Parunten!”, ceuk kuring unggal ngaliwatan jalma anu ngariung di sisi
jalan atawa anu keur ngobrol di sisi jalan. Anu aranglangka dijarawab atawa
henteu. Ah, da basa mah teu meuli ieuh, keun waè teu diwaro mah. Uing mah ukur
ngalampahkeun adat Sunda kudu amit pamit ka saha jeung dimana waè ogè. Da mun teu kitu mah, ka saha deui kuring mènta
tulung lamun aya nanaon salila sasapèdahan pan.
Kitu deui lamun panggih jeung patani, tukang nyadap karèt atawa tukang
ngarit sisi leuweung kuring mah tara elat ti “punten”. Atawa nanya naon waè ngarah aya komunikasi.
“Mulih Pa?!”, ceuk kuring ka hiji
lalaki tengah tuwu anu pasilingsingan di jalan, mulang ti leuweung. Dina taktakna, rancatan rerekètan mawa geutah
karèt dina kompan warna biru. Meni menod bakat ku beurat.
Jalan beton di pilemburan tèh, asup ka tengah leuweung jadi tarahal.
Henteu we disebut batuna sagedè-gedè hulu orok, jaba nanjakna teu euleum-euleum. Kapaksa sapèdah tèh ditungtun. Sora manuk
heulang meni ngagelik, tonggeret jalenger, turaès, cihcir jeung jeritna monyèt
kadèngè di tengah leuweung. Nepi ka
tengah leuweung karèt wanci tengah poè. Sanggeus solat jeung ngawadang, sangu
bungkus meunang meuli ti warung sangu di Genteng. Ngareureuhkeun kacapè, Si
Spezy disarandèkeun dina tangkal karèt.
Kuring ngagolèdag di sisi jalan anu lendoh tur iuh. Bakat ku capè. Reup wèh kasarèan. Duka sabaraha jam tibra naker.
“Pa...! Gugah Pa! Bilih kawengian!”, kadèngè sora anu
ngahudangkeun. Nyah, panon beunta. Katingali
tukang nyadap karèt cingogo gigireun kuring. “Astagfirullah!”, kuring
ngorejat! “Tabuh sabaraha ieu mang?”,
ceuk kuring kanu ngahudangkeun. “Tabuh tiluan sonten Pa! Hapunten digugahkeun
ku abdi, bilih kumaonam. Hariwang, bilih kawengian!”, ceuk tukang nyadap. “Aduuuh,
hatur nuhun pisan Mang! Abdi digugahkeun kapulesan abdi tèh!”, ceuk kuring
nganuhunkeun bari ngajak sasalaman. Aya atoh,aya kaèraan pèdah ngadon tibra di
leuweung. “Muhun, sami-sami Pa! Mangga, dikantun atuh.
Abdi mulih tipayun! Kade bilih kawengian seueur keneh bagong di lebah
dieu mah!”, ceuk tukang nyadap deui ngabèjaan. “Muhun Pa! Hatur Nuhun pisan tos
ngagugahkeun!”, waler kuring deui.
Lulungu kènèh. Leungeun kukucek kana panon anu keukereuceuman. Maklum di
leuweung najan karak jam 3 ogè, geus simpè. Ceudeum, hieum ku tatangkalan. Sepi
jempling matak keueung. Gancang muru
kana sapedah, niat rèk langsung turun nurugtug mulang ka jalur anu tadi nanjak.
Biasana mah pan muter, narabas leuweung karèt jeung leuweung pinus. Bakat ku resep pedah jalan nurugtug mudun. Palebah
jalan anu nyagak, bet kalah hayang mengkol ka lebah katuhu anu brasna ka
Cikadu. Ah, kagok da pernah sakali ngaliwat ka jalan
ieu mah. Engke ogè tepung geulang jeung jalan nu tadi, ceuk kuring dina hatè. Ngan bari nurugtug mudun, hatè bet
tagiwur. Naha jalan bet asa
panjang-panjang teuing. Da basa èta mah paling ogè dua puluh menit geus nepi ka
Cikadu. Ari ieu mah aya satengah jamna
can nepi-nepi! Hate jeung pikiran tagiwur kumaha nya lampah. Balik deui ka tonggoh hoream ku netekna.
Diteruskeun inggis kapeutingan di leuweung.
Keur tagiwur hate, sapedah mah teu eureun we nurugtug lalaunan. Sieun ti
tutug da geus taram-taram jalan tèh. Di
hareup katinggali aya jelema limaan, keur
darariuk alistirahat jigana. Katingali di sagigireun maranehna, pacul,
garpu jeung arit. Dina cangkeng maranehna bedog nyalolegrèng. Reg, kuring eureun. ”Punten! Bade tumaros Pa! Dupi jalan ka
Cikadu leres kadieu?”, tanya kuring. “Beuh, kadieu mah muter atuh tebih
teuing. Bapa lepat jalan. Tapi tiasa waè engkè sateuacan lembur anu
dipayun Bapa mengkol anu ka kenca. Mung jalanna bakal nanjak deui di payun.
Sareng kadè aya pudunan anu anu nikung. Sing atos-atos wè!?”. Ceuk salah
saurang anu make topi cetok, ngajawab panjang lèbar jeung nunjukeun jalan anu
kudu dipilampah. Ngan, kuring barang nengetkeun beungeut èta anu limaan tèh.
Asa aya anu anèh, maranèhna bet parèsèk, dina handapeun irungna bet katingali lebah
dina biwir luhur bet sarua kabeh jiga nu saruing!
Puringkak, bulu punduk bet muringkak. Ngan, kuring neger-negerkeun manèh
bari babacaan. “Oh, Muhun. Hatur Nuhun
Pa! Mangga!”, ceuk kuring bari satengah rurusuhan. Clak. deui kana sadel.
Belesur deui jeung Si Spezy nurugtug ngaliwatan jalan satapak taneuh bereum anu
rada leueur. Jalan pungkal-pèngkol. Ningali kana erloji dina pigeulang, geus
jam satengah genep can nepi! Sanggeus
sababaraha lila, katingali aya suhunan imah cul cel, sababaraha hiji. Ngan saacan lembur, enya wè aya jalan cagak
ka kenca sakumaha anu diterangkeun ku Si Bapa tadi tèa. Jalan geus ampir teu katingali da poèk,
kuring masang senter dina setang Si Spezy. Keur ukay-ukey masang sènter, da
geus teu katingali nanaon di jalan tèh. “Bèrès masang sènter tèh?”, kadèngè
sora nu nanya. Gebeg, hatè meni ngagebeg.
Ter, ngageter. Puringkak, bulu
dina punduk kukurayeun deui jiga tadi ningali beungeut anu limaan. Pangacian
ampir-ampiran kabur. Bujur bet ngadadak kokompodan. Nu leuwih ahèng, naha eta
nu nanya bet apaleun kuring keur masang lampu senter!
“Euh... euh, muhun parantos. Kaleresan
ieu tèh abdi kawengian. Manawi terang, leres ieu jalan anu ka kiwa tèh ka
Cikadu?”, waler kuring bari arap ap eureup eup.
Sing horèng anu nanya tèh hiji jalma anu katingali pangawakannana pendèk
busekel make pangsi sarwa hideung. Bèkè. Kumisna katingali meni baplang,
halisna ngajedig hideung, panon meni seukeut jiga panon heulang, ngan ieu mah
jiga moncorong! Lenyap, hate ngalenyap deui wae. Ningali panon anu muncorong.
Mun teu kuat iman mah jigana bakal ngarempeyek. Kapupul banyu atawa wèe-wèran
kiih. “Heueuh, Kami gè apal dia
disasarkeun. Menggeus ulah loba carita! Hayu dijajap ka jalan badag. Bral Dia
tiheula, tungtun baè sapèdahna. Poèk! Bisi labuh ti gebrus ka jurang...!”, ceuk
èta jalma. Ngomongna jiga urang Banten.
Alhamdulillah, Nuhun Gusti parantos maparinan pitulung ka abdi. Aya
jalmi bade nuduhkeun jalan. Teu loba carita, kuring nungtun sapedah. Leumpang
ti heula. Èta jalma nuturkeun di satukangeun kuring. Kadènge sora lèngkah
sukuna bet jiga nu leumpang duaan.
(Kuring ngetik eureun heula, geus aya kana lima kalina di luhur para anu
ngageblug sora nu ragrag kana lalangit. Nitah si Cikal (26 taun), nyokot tarajè
cenah ditingali aya naon di para. Si Cikal tèh nurut, teu talangkè nyokot tarajè lipet jeung si Bungsu manehna
naèk ka para. “Teu aya nanaon Yah!”,
ceuk Si Cikal. Kuring ukur mèsem, da
pasti moal aya nanaon! Geus apal èta
sora ngageblug ukur ngabèjaan ka kuring yèn karuhun ngalongok).
Sapanjang jalan, bari leumpang èta jalma mapatahan ka kuring;” Kudu awas
Dia, engkè deui ulah kabawa sakaba-kaba. Kudu caringcing pageuh kancing. Kudu
boga pikir rangkepan. Lamun ka leuweung ieu ulah sosoranganan, najan enya
nafsi-nafsi jinis jin, siluman, jurig jarian sok jail kaniaya ka manusa. Jadi,
tetep ari dina waktu apes mah bakal aya waè lalampahan alatan dijailan laku
lampah ti maranèhna. Anu matak nyilakakeun diri Dia Ceng. Untung kapanggih ku Mamang”. Salila di tengah
perjalanan, anu nulungan kuring nyarita jeung mapagahan kuring ukur, muhun
muhun. Da teu wani ningali ka tukang. Dina hatè mah hantem teu babacaan
sabisa-bisa.
Jam salapan peuting, jol nepi ka sisi jalan raya Garut-Tasik, anu pernahna
peuntaseun rumah makan Megawati, Cilawu, Garut.
“Alhamdulillahi robbil alamiiin...”, kuring ngucap muji syukur. Teu
ngucap syukur Alhamdulillah kumaha ampir 6 jam kuring asruk-asrukan sorangan,
kalunta-lunta di leuweung, salamet bisa nepi ka sisi jalan raya Garut-Tasik di
Cilawu tèh alatan dijajapkeun ku jalma karak panggih. Anu sasat sanajan
beungeutna pikagimireun, tapi someah, tur mapagahan sagala salila ngajajapkeun
kuring ka sisi jalan raya Garut-Tasikmalaya.
Kuring malik ka tukang, rek
nganuhunkeun kanu geus nulungan ngajajapkeun, jadi pituduh jalan.
Gebeg. Hatè ngagebeg deui
wae. Reuwas teu kira-kira. Barang kuring
rek nganuhunkeun ka jalma nu ngajajapkeun, anu tadi aya di satukangeun kuring. Sing
horeng jalmi tèh bet teu aya... Ukur kadèngè ngageremna sora maung jiga
ngaharewos kana ceuli....
(Geblug! Kadenge deui anu ngageblug di para. Sakali deui kuring ukur
mesem bari ngalenyap. Reuwas. Jadi inget
ka Almarhum Bapa, anu ngabejakeun Mamang anu di Banten basa maot, jasadna
ngaleungit. Ngajirim jadi maung...)
Garut, 4 Juli 2016
No comments:
Post a Comment