Saminggu
deui kana waktu nu ditangtukeun rek Muludan, duit urunan ti jamaah teu cukup
jang meuli daging. Ukur cukup meuli beas, kentang jeung bumbu dapur. Muludan
taun ieu mah dipastikeun moal aya dagingan. Dasar Ajengan, legok tapak genteng
kadek. Jero elmu, jero pangalamannana. Celengkeung Ajengan naros ka lurah
santri:”Sur, ari bedug geus diganti kulitna?”
“Teu acan Kang, da teu acan aya gentosna!”,
waler Lurah Santri anu katelah Mang Isyur. Santri nyarebut ka Ajengan teh nga-Akang-keun.
“Laan we, Sur! Keun wae teu kudu nakol bedug
salila can aya gantina mah!”, saur Ajengan ka Mang Isur.
“Muhun, mangga Kang!”, waler Mang Isur, teu
talangke muru ka gigireun masjid rek muka kulit bedug. Weweg pisan bedug teh, nempelkeun
kulitna dipaseuk sakuriling bungking, dibeusi behelan, ngarah kulitna panteng
jeung jadi sorana harus. Ukay-ukey,
henteu we luat-leet kesang beunang oge kulit bedug teh. Bubuhan bedug nahun, kulit
bedug geus rabet palebah tengahna. Bati
digenjer unggal asup sholat 5 waktu, jeung dipake ngadulag ari maleman taraweh
apanan.
“Kang,
ieu kulit bedug tea bade dikamanakeun?”, ceuk Mang Isur
“Sabaraha taun nya euy, eta kulit ti mimiti diterapkeun kana bedug teh?”, taros Ajengan
“Sami, sareng waktos abdi sumping ka dieu Kang.
Janten kirang langkung 8 taunan!”, waler Mang Isur.
“Hehehe.... kaitung awet ningan kulit bedug
teh!”, Ajengan ngahehe.
“Sumuhun, Kang nya rabet, nya heuras, nya teuas
kabayang liat pisan! Teras bade dikumahakeun ieu kulit bedug teh?”, saur Mang
Isur deui.
“Bawa ka tungku!”, saur Ajengan deui. Sanggeus
Mang Isur ngaleos ka tungku.
“Manehna kadieu, geus meunang tuh daging jang
Muludan teh!”, saur Ajengan nyalukan Ibu Ajengan.
“Mana Apa, kadieu urang godog!”, saur Istri Ajengan meni haripeut.
“Tuh, di tungku! Teang geura!”, saur Ajengan.
Istri Ajengan satengah lumpat, bakat ku atoh muru ka tungku. Ana jol ka tungku ukur aya Lurah Santri keur nanangkeup kulit
bedug anu ledrek, jeung geus rabet tengahna!
Beg, Istri Ajengan meni hareugeueun, geuningan
teu aya daging sacewir-cewir acan.
“Apa naha daging teh teu aya? Da Mang Isur mah
ukur nanggeuy kulit bedug butut!” saur istri Ajengan, maido ka carogena.
“Hehehe... enya eta we pasak jang Muludan!”,
Ajengan ngaheheh, bari nitah ka bojona.
“Ah, sok aya-aya wae Apa mah. Dipasak kumaha???
Apan eta kulit bedug teh tos naun. Saliwatan oge katingali nya liat,
nya teuas jaba heuras. Engke rasana kumaha?!” Istri Ajengan rada ngahereng ka
Ajengan asa diheureuyan. Nya kesel, tadi asa dibobodo majar aya daging di
tungku.
“Ih, sok nyanyahoanan... ulah waka samutut kitu!
Keueuman eta kulit bedug teh kana kulak. Keueuman ti ayeuna. Engke sapoe deui
isukan rek hajat. Angkat tina kulak! Tingali hasilna bakal jiga kumah geura!
Kadituna mah kop mikir nyalira. Percuma jadi istri Ajengan teu bisa masak nu
kitu-kitu acan mah!”
Dikitukeun teh, bari jeung satengah dijejeleh
ku carogena. Istri Ajengan eleh deet, nurut ahirna mah. Muru ka tungku,
nepungan Mang Isur anu ngalengo nyepengan kulit bedug rabet.
“Mang Isur, alungkeun we kana kulak!”, saur
Istri Ajengan miwarangan.
“Hah??? Dialungkeun kana kulak Teh?”, ceuk Mang Isur satengah teu percaya! Tapi teu loba
carita. Lung, weh kulit bedug nu titatadi dinangna nengne, ditangkeup teh
dialungkeun kana kulak. Kerelep, kulit
bedug teh ngerelep.
Sapoe deui kana Muludan kabeh paciweuh kunu
balanja itu ieu, santri katut ibu-ibu panitia Muludan cakah-cikih di dapur. Anu
ngisikan beas, anu nyiksik sayuran, anu marud, anu ngelapan daun cau jrrd. Hiji
anu keur ngahuleng teh, Istri Ajengan. Baluweng mikiran daging jang hajat
isukan can aya wae. Nya tungtungna mah,
ngageroan Mang Isur, lurah santri tea.
“Cing punten panghanjatkeun kulit bedug anu
dina kulak tea!”, saur Istri Ajengan ka Mang Isur.
“Mangga Teh!”, teu loba omong. Jrut turun kana
kulak. Lumayan jerona eta kulak teh keur pangawakan Mang Isur anu leutik pendek
mah. Cangkeng mang Isur laput! Sanggeus disasar ku dampat suku. Karasa
ngajedug. Lep, leungeun Mang Isur dilelepkeun kana jero kulak. Sanggeus
karampa! Leungeunna dikejetkeun, da geuningan asa geunyal. Beda pisan jeung
harita basa dialungkeun. Teu geunyal kumaha, dikeueum dina kulak ampir
saminggu. Enya we, barang dihanjatkeun, karasa beurat naker. Mang Isur meni
tibeberegeg ngangkat eta kulit bedug buhun anu geus beukah tea. Salian jadi
kandel teh aya kana 10 sentian, kulit bedugna jadi ngalebaran!
“Mang Isur, kumbah nepi ka beresih pisan nya! Keureutan
ngarah gancang hipu digodogna!”, saur Istri Ajengan ka Mang Isur.
Brus-brus daging, eh kulit bedug nu meunang
ngeureutan baradag teh diasupkeun kana citel (panci katel)badag anu caina geus
ngagolak. Seuneu ngagedur, ngabebela, diparaban suluh garing. Citel anu geus ampir garing caina, hantem dicaian
deui, dicaian deui da keukeuh eta sakadang “daging” teu hipu-hipu.
“Allhamdulillaaaahhh!!! Akhirnyaaaahhh!!! Hipu
oge siah ah!”, ceuk Mang Isur semu atoh ka baturna anu sarua ngalelengkur ti
isuk ngadon ngagodog “daging”. Ampir 12 jam digodogna kulit bedug buhun teh
bisa hipu! Beretek, Mang Isur bebeja ka
Istri Ajengan yen kulit geus hipu.
“Candak
ka dapur we, urang keureutan!”, saur Istri Ajengan ka Mang Isur.
Ku ibu-ibu pangajian nu marasak di dapur kulit
teh dikeureutan laleutik, dipasak dibumbu semur. Diitung-itung teh sanggeus dikeureutan
laleutik eta kulit jadi 200-an leuwih keureutan laleutik! Cukup jang 200
urangeun!
Kacaritakeun isukna, Alhamdulillah, kabeh
jamaah anu marilu muludan. kabagi rata hancengan teu aya nu kaliwat. Terus balakecrakan murak tumpeng, sareng semur
“daging” tina kulit buhun tea. Meni jol ieu, jol ieu nyarita: “Raos pisan semur
daging teh meni hipu! Sareng gurih! Tiasaan Teteh mah masakna!”. Ngadenge nu
nyararios kitu Ajengan mah ukur nyenghel!
Salian ti Ajengan, Istri Ajengan, Mang Isur
jeung baturna, katut nu masak ngolah semur daging di dapur. Teu aya nu apaleun
saurang oge eta anu ditaruang teh saenyana mah kulit bedug buhun!