Sanggeus amitan ka Bunda Mien jeung tante Ani
Rohaeni. Belenyeng ka arah perkebunan entéh Santosa. “Nanjak kénéh wae jalan
téh eung!” Ceuk Mang Juli. “Nya wajar wé atuh. Papandayan ngaranna ogé gunung,
nya wajar ari nanjak mah" Mang Yudi mairan.
Bari guntreng ngobrol sajeroning nanjak. Ngan
aya nu unik, dina sajeroning ngaboseh. Loba motor mani pasuliwer. Nu naékna
barudak kolot.
Budak awewe, budak lalaki. Kitu deui di sisi
jalan, meni aruplek ngarobrol aya nu paduduaan awewe lalaki, budak ngora mah
angot. Teu eleh ku budak ngora aya oge bapak ema paduduan keur murak timbel
handapeun tangkal.
Enya, teu bakal kitu kumaha.
Endahna kaayaan kebon teh, hejo ngemploh jiga
karpet. Upluk-aplak, satungtung deuleu kebon teh. Katambah ku langit anu
bengras. Bulao, dipulas ipis haseup bodas. Angin ngagiliwir. Nyecep tiis, tapi
teu matak tiris. Gunung wayang, ngajega bangun nu ngabageakeun sakur nu arulin
didinya. Ampir sarua jalma anu ngadon areureun, ngadon popotoan teu aya
kawareg. Jadi inget kanu keur di Cisanti anu can pernah ka kebon teh Santosa.
Mana teuing bakal pating kalecrek, bari maca tasbeh. Boa maranehna mah ti
Cisanti teh kadon langsung mulang langsung ka Bandung. Teu arulin heula ka
syurga dunia Santosa.
Leuwih kurang satengah jam ngaboseh. Bras ka
pabrik the Kertasarie. Lamun geus nepi dieu. Kuring sok langsung ras ka Raisa
anu Terjebak Nostalgia. Teu kitu kumaha di pabrik teh Kertasarie kabeh wangunan
masih asli, titinggal Walanda. Aya hiji dua anu kentengna anu diganti ku seng.
Tapi 95% masih asli wangunan baheula. Jadi inget kana foto-foto Garut zaman
Walanda. Asa balik ka alam tukang. Nostalgia, kabayang baheula noni-noni jeung
tuan afdeling keur ngontrol nu keur maretik enteh.
Nepi ka pertiluan Pabrik enteh, bedeng, jeung
jalan ka sedepkeun. Popotoan deyi wae. Da asa lebar mun teu diabadikeun. Iraha
teuing bakal kadieu deui. Da ari make mobil. Sangeuk ku barabena. Nya macet,
nya banjir. Ari make motor sanggeuk di Puncak Caena, jalan jiga paranti ibak
bagong. Ari make sapedah deui paling tilu taun sakali. Eta ge can tangtu.
Teu karasa cape najan jalan nanjak oge ari
bari dihibur ku alam anu sakitu geulisna mah. Teu karasa. Geus ampir sajam,
kira wanci tengah poe. Nepi ka Pertigaan Sedep – Bandung-Pangalengan. Geus teu
barireuk deui jiga nu dikomando. Sup arasup ka warung sangu. Langganan tiap
ngaboseh kadinya. Tukang warungna geus teu bireuk deuih. Sagala diasongkeun
kadaharan kampung mah salian ti jajanan nu aya di warung. Bari teu eureun,
ngadongeng naon bae. “Tah nu kieu disebut kearifan lokal teh. Cirining urang
Sunda asli. Darehdeh someah ka sasama!” harewos kuring ka babaturan.
Rengse ngawadang. Gebret hujan. Geua kaluar ti
warung oge. Kapaksa ngariuhan deui. Nungguan raat. Bari silih eledan. Di warung
teh aya ceungceuman, wanoja geulis canperenik. Beungeutna jeung kulitna jiga
Indo. Maklum di perkebunan tea. Sok seueur nyai-nyai, anu ditikah ku tuan
afdeling. Menir tea! Kulitna bodaa semu bule. Irung mancungna, bulu matana
lentik, halisna hideung meles jiga halis Andi Mariem tea ning. Ah, pokona mah…
SEMPURNA, ceuk si Demian tukang sulap mah. Ngaaaaan, hanjakal ceuk indungna eta
wanoja tos orokan ayeuna mah!
Santosa
12 Maret 2017
Dess
No comments:
Post a Comment