Poẻ Minggu kamari mah,indit sasapẻdahan tẻh
sorangan waẻ . Rinẻh. Teu saged jiga
biasana. Ukur makẻ sendal gunung, pakẻan saayana. Teu makẻ jẻrsẻ y anu biasa sok dipakẻ sasapẻdahan. Nepi ka jalan persimpangan hiji komplẻks.
Katinggali aya duaan nu ngabosẻh karak
kaluar ti komplẻk perumahan. Kuring ngajak
seuri, bari ngahalow. Anu duaan ukur mẻsem. Teu malirẻ, jongjon neruskeun ngabosẻh ka
arah Bayongbongkeun.
Reg, kuring eureun
heula. Ngadon menerkeun jok, da karasa
luhur teuing. Nu duaan geus nyemprung aya
kana 500an mẻtẻr. Sanggeus menerkeun.
Jok, buru pedal dibosẻh deui. Hayang
nyusul kanu duaan. Teu lila, anu duaan
kasusul. Bosẻh suku dilaunan. Alon-alon nuturkeun ditukangeun maranẻhannana. Dina palebah pertigaan Munjul, anu ka arah
Ngamplang. Anu duaan tẻh bet marẻngkol
ka kẻnca. Ka Arah Ngamplang. Tadina mah, niat ti imah rẻk ka Batu Tumpang,
Cikajang. Duka kunaon, si setang kalah
nurutan milu nuturkeun mẻngkol ka kẻnca.
Dina palebah pengkolan
anu rẻk ka Bebedahan anu duaan marengkol.
Tadina mah, kuring rẻk ka Ngamplang wẻ.
Da awak leuseuh kẻnẻh, rariged bati poẻ Saptu kamari kacegat macẻt di
Rancaẻkẻk aya kana tilu jamna. Kacegat
banjir di hareupeun Kahatẻx. “Pa, hayu
ngiring wẻ ka dieu!”, ceuk nu saurang ngajakan.
Bari semu ngoa. Kareret ku juru panon silih kiceupan jeung baturna. Beg, hatẻ mentegeg. “Moal nanaon kitu, abdi mah da ẻnggalan
ngabosẻhna ogẻ. Nanjak henteu jalan ka
palih dinya?” Kuring ngajawab, papaẻhan.
Sapedah anu geus lempeng ka arah Ngamplang tẻh dierẻm. Diputerkeun nuturkeun nuduaan. Geus cop wẻ dina hatẻ. Ieu nu dua rek ngabully. Jorojoy hatẻ bet mẻrẻan, hayang
ngigelan. Nepi kamana rẻk ngabully-na. Atuh lamun enya, ripuh mah nya balik deui ka
imah!
Jalan beuki nanjak. Katinggali anu duaan ngos-ngosan. Bari patingjorowok: “Huuuh! Haaah!” Mariceun
nafas jigana. Kuring angger nuturkeun di
tukang, teu nyuara nanaon. Bari teu kuat
hayang seuri. Can ngẻsang-ngẻsang acan. Boro-boro ka hah hẻh hoh, saenyana. “Dupi ieu jalan terasna kamana?” Kuring nanya
pura-pura belegug. “Ieu, aya dua jalan
anu ka kenca engke brasna ka Ngamplang.
Mapay-mapay irigasi. Anu ka katuhu ka Penembong tiasa teras ka Genteng,
Cilawu oge. Anu duaan nerangkeun, bari
ngos-ngosan nafasna. Silih haminan. “Raos
jalan kadieu mah. Rata, aya tanjakan ieu
sakedik!” Cenah. “Oh, kitu? Kiat moal
nya abdi? Upami kinten-kinten tebih, sareng nanjak teras mah badẻ uih deui!” Kuring beuki papaẻhan.
Tanjakan beuki netek.
Borobot-borobot... sora gear (gigi) tukang dioperkeun kunu duaan. Tina cara ngoperkeun gigi, anu boborobotan
tos kabaca kamampuan maranẻhna. Da anu geus biasa mah, moal nepi ka boborobotan
lamun ngoper gigi. Dina palebah tanjakan
anu netek pisan anu mangrupa taneuh leutak.
Sorodot, anu hiji. Banna nyorodot.
Ampir labuh. Untung sempet ngagajleng.
Katinggali geus teu kontrol, antara suku jeung leungeun. Beungeut beureum. Napasna hiji-hiji. Sapẻdahna satengah dibeubeutkeun, digolẻrkeun.
“Pa lirẻn heula didieu. Urang ngaroko heula!” Ceuk nu saurang. Kuring nurut.
Reg eureun. Nyarandekeun sapedah
lalaunan. Dina hatẻ mah protẻs. Da karak ogẻ rek ngẻsang. Kalah eureun.
“Mangga, ngiringan waẻ!” Ceuk kuring.
“Nepangkeun, abdi
Deny!”, ceuk kuring ngasongkeun leungeun.
Nu duaan, nampanan bari nyebutkeun ngaranna masing-masing. Nu hiji ngaranna Muhidin. Nu hiji deui Jana. Mareujeuhna buta tulang buta daging duanana ogẻ. Paling 25 taunan. Bẻda saeutik jeung kuring ngan pẻdah tibalik
angkana!
“Group abdi mah upami
ngagowes tẻh jiga kieu tah Pa! Resep kanu nanjak! Ka gunung, kukurusukan. Malah bari mamanggul sapẻdah, upami kaleresan
jalan buntu teh! Sagarut mah, tos kapapay sadayana!” Muhidin nerangkeun. “Uluh? Sok aruih tabuh sabaraha atuh?” Tanya kuring, pura-pura olohok. “Nya kadang tabuh
opat sonten. Malah dugi tabuh lima ogẻ
pernah!” Jana, ngajawab. Bangun nu reueus
pisan.
“Beuh... meni lami-lami teuing nya.
Jigana tarebih pisan unggal
ngabosẻhna!” Waler kuring. “Puguh kitu Pa.
Kantos group abdi mah ti Cirorẻk teh
diteraskeun ka Gunung Satria kaluar-kaluar ti Citengẻk! Kusabab uihna mah
nanjak ka Garutkeun mah. Dugi ka nyegat
treuk. Diloding wẻ sapẻdah dugi ka Garut!”
Ceuk Muhidin deui. “Walah,
kabayang capẻna nya?!” ceuk kuring deui beuki dẻdepẻan. Padahal, dina hatẻ mah hayang seuri. “Dupi Bapa, sok ngabosẻh kamana waẻ?!” Jana
nanya. “Ah, abdi mah paling tebih ogẻ ka Situ Bagendit. Kantos ka Situ Cangkuang tapi teu dugi. Teu kiat!”
Jawab kuring. Dina hatẻ mah bari
seuri. “Taaah, group abdi mah. Kantos ka Lẻlẻs. Dikurilingkeun ka Sarkanjut. Teras ditembuskeun ka Bagendit. Kirang langkung 40 kilometer. Da kaleresan Pa Budi rẻrẻncangan mah, nganggo
sepidometer sapẻdahna!” Jana ngadongẻng
bari beuki agul. “Ih, uyuhan meni tebih kitu nya! Abdi mah mending uih deui wẻ ari kitu teuing
mah. Moal kiat jigana!” ceuk kuring beuki nanggap!
Bẻrẻs istirahat
tanjakan, anu asalna taneuh. Robah jadi
beton disambung ku jalan batu anu
tarahal. Beuki nanjak, beuki sepi. Kebon awi anu kaliliwatan, diganti ku kebon
palawija sabangsaning cabẻ, wortel, kentang, jeung bako. “Tebih kẻnẻh ieu tẻh nanjakna?” Meni teu sẻẻp-sẻẻp nya tanjakan tẻh!” Kuring nanya deui, bari alon ngabosẻh. “Ke
dipayun langkung netek Pa! Hẻmat tanaga wẻ!” Ceuk Jana bari napasna ngos-ngosan. Teu ngajawab deui. Duanana ngungkug. Tanjakan beuki gurawil. Ngan nu duaan katinggali ngabosehna beuki
laun. Beuki ugil-ugilan Akhirna kusabab beak tanaga. Reg areureun. Jrut turun tina sapẻdahna. Tarungkul, bari leuseuh kacida jigana. Jiga badami, duana sarua leungeun kẻnca
nyekelan setang. Anu katuhu nyekelan sadẻl.
Awakna semu nonggeng. Sirahna tarungkul sajajar jeung sadel. Ngararasakeun kacapẻ anu nataku pisan. Cai dina bidon (botol) nu maranẻhna geus bẻak.
“Mangga tipayun Pa!” Duanana mẻrẻan
jalan. “Ah, mangga wẻ. Teu terang jalan abdi mah!” Kuring nolak.
Srog-srog, nu duaan sukuna dilengkahkeun hiji-hiji. Satengah digusur. Bari ngadodorong sapẻdah dina tanjakan.
Nepi ka desa Pasir
Kiang. Jalan beuki muncugug. Jaba batuna leupas, tarahal pisan. Anu duaan, geus ripuh pisan. Sapedahna
didarorong jiga nu baralap. Meus-meus
eureun. Bari mencrong ka tukang, ningali ka kuring anu anger ngabosẻh lalaunan. Teu ditungtun jiga maranehna. Kusabab kesel jeung kagok tanaga katahan.
Lila teuing, nunutur anu ngaggusur sapedahna.
Katompẻrnakeun. Belenyeng wẻh,
nu duaan tẻh disusul. Bari pupuntenan, badẻ nyobian tanjakan manawi lulus, cẻkeẻg
tẻh. Nepi kana jalan anu rada
datar. Reg eureun, bari istirahat. Da nyaan lain lumayan tanjakan tẻh. Ninggali
ka tukang. Nu duaan teu katinggali
jirim-jirimna acan. Aya kana 20 menitna,
kakarak jul jol. Bari rarumahuh. Raripuh pisan. Bru! Muhidin malah meni ngagoler.
Ngabeubeutkeun awakna sorangan. Ngajoprak, nangkarak handapeun tangkal
Eucaliptus. “Lirẻn heula didieu Pa!
Istirahat! Hoyong sabatang heula!”, ceuk Jana.
Kuring teu kuat nahan piseurieun.
Teu ngajawab. Beretek lumpat muru
ka nu suni. Key... ngahkey. Seuri
sorangan!
Cikuray, 19 Maret 2017
Dess