Geus ampir 4 bulan tugas ngajar di pasisian
Banten beulah kidul. Sakabèh warga kampung èta geus loma ka kuring. Kitu deui
kuring geus warawuh ampir ka kabèh warga èta kampung. Ti ngaran Ka Tarsidi
tokoh pangdikaajrihna ku èta kampung nepi Ka Waslan marebot masjid.
Ngontrak di hiji imah, anu leuwih pantes
disebut saung. Ukur bilik butut pipidingna jeung rambang hayam keur hahalang
jandela. Pantona tina triplèk anu geus bobo. Handapna ukur taneuh, kasebut
ngupuk. Ari pangsarèan keur reureuh sarè peuting ukur dipan tina palupuh.
Euweuh ruang tamu. Kamar mandi ukur dihalangan ku bilik carang satengah awak.
Ngahiji jeung dapur anu make hawu. Bakna tina semen ukuran1x0,5×0,5 m keur
nampung cai ari mandi. Ari caina ngèrèlèk tina selang leutik meunang nyolok
tina bak masjid. Sabulan mayar 5 rèbu pèrak.
Kaayaan pacapabaan masyarakat di kampung èta
rèrèana mah tatanèn, dagang makè aisan jualan sayuran jeung tèmpè katut lauk
layur atawa pindang deles. Aya èta ogè nu muka toko, Ka Ahdi ngayaan kabutuhan
warga kayaning kolontongan, sembako, kabutuhan ATK ngahiji jeung bau asin
campur bau minyak tanah. Toko ka Ahdi ngarèndèng jeung tukang baso hiji-hijina
di èta kampung.
Ari guru, koramil, camat jeung pagawean formal
mah èstuning kabèh urang wètan. Nyaèta Cianjur, Tasik, Garut, Cimahi, Bandungn
jstè.
Ari agama nu diagem mah 100 persen Islam.
Masjidna ngajegir lumayan badag keur ukuran kampung sacangjewok anu ngan aya
120 umpi mah. SMP aya hiji. SD aya hiji. TK aya hiji. Kabeneran kuring tugas di
SMP harita tèh.
"Kade ulah hèran Pa didieu mah. Lamun
murid kelas hiji aya kana 20 urang paling anu nepi ka lulus mah 12 urang. Lamun
usum panèn kitu deui kelas tèh kosong molongpong. Barudakna resep kènèh gacong
batan sakola" Ceuk Pa Nandang guru senior anu geus 7 taun didinya,
ngabèjaan bari mèsem. Harita tèh ngobrol di ruang guru. Anu kursi sofana geus
rabèt barolong. Kitu deui para kantor geus barolong katimpa cai hujan da
kentèngna balocor.
"Naha tiasa kitu èta anu lulus mung
wewelasan Pa?" Ceuk kuring.
"Didieu mah kelas 1 SMP tèh geus
dijodo-jodokeun ku kolotna. Kelas 2 tèh geus dikarawinkeun nikah agama. Jadi
mun kelas tilu tèh jarang anu marilu ujian. Da ngalalahirkeun. Meunang èta ogè
ijazah mah ngan ti KUA" ceuk Pa Nandang bari mesem deui.
"Kahadè ulah nganjang sosoranganan ka
randa ngora atawa ukur ulin ka budak awéwé. Sok jadi ibur salembur majar kitu
kieu. Lamun nganjang disuguhan sangu ketan jeung kopi sing tarapti wèh. Lain
sakali dua kali salaki teu balik deui ka pamajikanana. Alatan pamèlelét sangu
ketan jeung kopi. Lamun rek nginum kopi anclomkeun curuk urang bari basmalah.
Insya Allah aya pangraksa ti Pangeran. Komo apanan Pa Deny mah tebih ti
kulawarga. Hawatos abdi mah!" Pa Nandang mapatahan panjang lebar.
Hiji mangsa ibur salembur si Acih budakna Ka
Sartam anu karak 1 SMEA di Rangkasbitung kasurupan ku Mbah Jambrong anu
ngageugeuh di Pasir Mencek. Ear beja pabeja majar Si Acih geus teu boga kaera
sok ngacacang. Seuseurian sorangan, bari ngariab-riab buukna. Majar jiga kunti,
kawas anu geus naringali dina jirimna kunti. Sakapeung nyakaran beungeut bari
jejeritan tur ceurik gagauran. Ceuk cenah mah, geus tilu poe imah Ka Sartam
pinuh-pinuh wae kunu ngadon ngalongok, ari rereana mah ngadon narongton.
Kusabab dijero imah pinuh, jalma teh raronghok naroong tina jandela.
Dina buruan saung butut kuring, barudak leutik
anu keur maen kaleci mah komo meni pating kecewis, bari pating polotot ongkoh
sieun tapi panasaran hayang ningali. Aralewoh majar jurig teh keur asup kana
awak si Acih, bari sroooot ngingsreuk, atuh apolo 11 teh anu elok-elokan teh
asup sapada harita. KUring ukur mesem da teu kabawakeun jiga batur, Lain teu
hayang ngalongok da sok rada haroream pagelek-gelek, pasesedek ngadon ningali
wungkul mah.
Dukun, paraji katut kiai ti suklakna ti
siklukna geus digarero keur ngubaran parawan anu kasurupan. Si Acih malah
ditambakeun langsung ku hiji dukun dibawa ka Pasir Mencek majar menta hampura
bisi pernah ngaganggu kanu ngageuheuh alias Embah Jambrong tea. Pernah oge
dimandian di walungan da majar katumpangan ku jurig jarian eta mah. Ku kiai
dibacakeun surat yasin jeung ayat kursi. Lapur, kabeh oge euweuh nu nganggap
mulia. Si Acih kalah beuki maceuh, malah sok bari ngarangsadan baju sagala
cenah, nepi ka rubat-rabet sararoeh.
Harita teh poe Kemis, kabeneran keur euweuh
jam. Ngadon maca buku jeung ngaderes Quran. "Assalamu'alaikum!",
kadenge aya nu uluk salam bari keketrok kana panto. "Pa Guru! Pa Guru!
Assalamualaikum!", jiga nu teu sabar tamu teh.
Kuring ka luar ti enggon, katinggali tina ram
kawat jandela Ka Yaya ngajanteng di luar.
"Waalaikum Salam! Eh, Ka Yaya...mangga
kalebet Ka!" ceuk kuring ka tatangga sabeulaheun saung kuring anu geus
ngajanteng di hareupeun panton.
"Hatur nuhun Pa Guru, ieu katitipan
amanat ku Ka Sartam wiren Pa Guru dihaturanan di bumina ayeuna pisan!"
ceuk ka Yaya.
"Aya naon kitu Ka?" Ceuk kuring
nanya.
"Duka, da abdi mah kaamanatan wungkul
nyauran Pa Guru wungkul! Mangga atuh sareng abdi!" ceuk Ka Yaya deui.
"Muhun sakedap bade gentos heula!' ceuk
kuring asup ka enggon, ganti baju bari mawa Quran leutik anu biasa dideres tea.
Imah Ka Sartam teh jarakna aya kana 700
meteran ti saung teh, Jadi teu lila geus anjog ka imahna. Kasampak, enya we
lain beja. Imah Ka Sartam teh pinuh ku tatangga anu cenah ngaralongok anu
kasurupan! Malah jiga nu edan dan jejeritan bari nyakaran jeung ngarangsadan
baju sagala. Sakapeung nyakakak, sakapeung deui nyikikik! Les kapaehan. Kitu
jeung we kitu we cenah.
Jol kuring datang teh, duka ku naha jelema anu
pagelek=gelek teh nyalingray. Mere jalan bari arungeuk, jeung mesem. Bus kuring
asup ka tempat anu majar kasurupan. Kasampak Si Acih keur direjengan, pada
nyekelan. Awakna jejengkengan bari sakapeung, ceurik, terus nyakakak,
ditungtungan ku nyikikik tea.
Ka Sartam anu keur nyekelan leungeun Si Acih
teh nangtung, terus ngadeukeutan kuring.
"Pa Guru hatur nuhun tos sumping. Punten
atuh ieu pun anak pangminagsarayakeun. Pangubarankeun. Mamanawian. Da tos
dicandak kaditu-kadieu, malah nyumpinkeun jalmi palinter tapi Si Acih tos ampir
saminggu teh kieu wae!" Ceuk Ka Sartam ngumaha ka kuring bari nyekelan
leungeun. Indung Si Acih, ukur neuteup ka salakina bari carinakdak.
Kuring jadi ngahuleng, naha bet ka kuring.
Melong heula ka Si Acih anu keur ngagoler bari panonna nutup. Kapaehan jigana
mah. Kuring menta ka Allah sing dipasihan ilham. Alhamdulillah, aya ilapat ti
pun Bapa kedah kumaha. Da apanan kuring mah ukur guru. Kabisa ukur ngajar
Biologi. Maenya kudu ngubaran anu kasurupan, malah mandar jadi edan atuh! Tapi
kusabab geus dipenta tulung, teu wasa nolakna. Kuring nyanggupan. Syaratna
jelema anu ayara didinya kudu balik kabeh. Nu meunang aya didinya ukur
kulawarga Ka Sartam katut RT jeung RW.
Tapi da ku barandel, anger we jelema anu
narongton teh arembung balik. Akhirna, kuring ngelehan, menta Ka Sartam jeung
dulur-dulurna sangkat mawa Si Acih ka kamer.
Sangeus aya di kamer kuring menta ukur aya Ka
Sartam jeung indungna nu aya didinya. Salian ti eta kudu kaluar.
Maca alfatihah, ayat kursi, terus sholawat
jeung hadiah ka almarhum pun Bapa terus ditiupkeun kana cai herang dina gelas.
Kuring menta eta cai diinumkeun ka Si Acih ku Ka Sartam.
Mata Si Acih anu peureum nyah beunta. Tapi teu
bolotot jiga tadi. Segruk eta budak teh kalah nyegruk.
"Acih, menggeus ulah gegeloan jiga
kasurupan sagala. Bapa oge nyaho sabenerna maneh teh teu kunanaon. Ngan boga
kakeuheul jeung kasieun nya?" ceuk kuring ka Si Acih,
"Sok dongengkeun, naha aya naon Dia bet
jiga nu edan, ngarah katingali kasurupan jadi tongtongan balarea! Tah, Bapa
jeung Indung Dia geura dongengkeun, geura nyarita naon nu jadi masalah!"
ceuk kuring deui.
Si Acih, kalah nyegruk ceurik. Ka Sartam
ngusapan rambutna.
"Sok geura ngadongeng, da Bapa Dia oge
moal kukumaha!" ceuk kuring deui ngahatean. Si Acih nurut. Jep ceurikna
eureun.
"Pa Guru, kami teh isin nataku pisan. Tos
ampir 3 sasih abdi teu kareseban!" ceuk si Acih
"Heueuh, sok teruskeun. Naha bet teu
kareseban Dia?" ceuk kuring deui.
"Enya, kami teh ti saprak sakola di
Rangkas dianteur jemput kana Elepna Ka Sanip. Hiji poe pasosore keur hujan, ari
panumpangna ukur kami sorangan. Ka Sanip ngeureunkeun mobilna di tengah jalan
anu jauh kaditu kadieu. Kuring dibawa ku Ka Sanip ka saung kebon. Nya, kuring
jeung Ka Sanip sapatemon di eta saung!" segruk deui si Acih nyegruk. Ka
Sartam jeung pamajikanana ukur bisa papelong-papelong.
"Tah kitu geuninga Ka Sartam, jadi lain
kasurupan Si Acih teh. Mangga wae saterasna mah badamikeun jeung kulawarga
kumaha saena!" kuring nyarita ka Ka Sartam.
Ka Sartam teuing ngadenge teui henteu, da
kuring teu dipalire. Reuwas jeung bingung jigana mah, akhirna mah Ka Sartam,
paungku-ungku jeung pamajikanana bari nangkeup Si Acih.